Halaman

Sabtu, 16 Februari 2013

UPACARA SUNGKEMAN PANGANTEN



UPACARA ADAT SUNDA

SUNGKEM

Alhamdulillah wasyukrulillah. Ijab qobul parantos lekasan. Kiwari parantos cindek, dua insan resmi jatukrami mungkas mangsa lalagasan.
Salajengna, tawis insan anu iman tur soleh, Eling kana purwa dumadi. Ti mendi nya kawit, ti mana nya asal. Cukang lantaran diyugakeun ku ibu rama.
Ku kituna sumangga ka panganten sakalih dihaturanan sungkem ka ibu sewang-sewangan.


(singkem ka ibu sewang-sewangan)


Kunasari:
Duh Ibu hapunten abdi
Tina sugri kalepatan
Rumaos abdi rumaos
Abdi sering ngaraheutan
Ibu kantos kahesean
Ngurus abdi ti kapungkur
Ngamongmong ngadama-dama (2X)

Anaking mangka emut “Ridollohi firidowalidain. Wasuhtullohi fiisuhtihima…”
Karidoan Alloh gumantung kana ridona ibu sinareng rama. Sawangsulna, bebendu Alloh gumantung kana benduna ibu sinareng rama.


(sungkem ka rama sewang-sewangan)

Duh Apa sungkemeun abdi
Nu ngayuga ngarasanan
Ngabayuan hese cape
Bela tur nyaah ka putra
Abdi mah kantun raosna
Abdi sujud neda ampun
Neda jembar hapuntenna (2X)

Duh… anaking, beubeulahan jiwa Apa. Apa rido anaking dug hulu pet nyawa, nyiar pakeun pikeun hidep. Ieu tanggel waler Apa sangkan hidep bagja waluya.



(sungkem ka ibu mertua)

Jemplang Bangkong

Nyanggakeun sungkem pangbakti
Ka salira nu miheman
Mageuhan tali kasono
Widi ibu kalih apa
Abdi tiasa laksana
Pidu’a anu kasuhun
Enggoning ngalakirabi (2X)

 Anaking jimat awaking, ibu bagja liwat saking. Hidep baris ngaping ngajaring, rumawat ka anak ibu. Masing  teteg, masing panceg. Ulah ham ham. Du’a ibu nyarengan lumampahna hidep.

(sungkem ka apa mertua)

Apa anu mikaasih
Abdi neda pidu’ana
Oge mugi Apa rido
Seja miheman ka putra
Sapapait samamanis
Sasarengan silih tuyun
Ngahontal rido pangeran (2X)

(Du’a anak sholeh)
Nun Gusti mugi Gusti ngahapunten kalepatan diri abdi, pon kitu kalepatan sepuh abdi. Sareng gusti mikanyaah mikaasih ka aranjeunna sapertos aranjenna mikanyaah ka abdi waktos alit.

32 komentar:

  1. Alhamdulillah,sampurasun dulur,kuring ngaraos bingah nu tan wates wangena,rehing geuning aya keneh nu micinta ki sunda,Alhamdulillah.

    BalasHapus
  2. Nuhun pisan, kacida ageung manpaatna

    BalasHapus
  3. ngiring bingah, rumpaka kalintang nyusun simpel tur ngeusi.
    haturnuhun pangersa.
    punten neda widi copas pangersa.

    BalasHapus
  4. Salam pangwanoh neda widi kanggo nyutat, mugia berkah.

    BalasHapus
  5. ijin mengamalkan ki sunda mugia aya dina ridona

    BalasHapus
  6. Neda Widi Bade di salin ...hatur nuhun

    BalasHapus
  7. Mohon izin untuk menyalin... terima kasih

    BalasHapus
  8. Htur nuhu Kang, ngiring copas,...

    BalasHapus