Halaman

Kamis, 28 Februari 2013

SOAL LATIHAN ULANGAN BASA SUNDA



Pilih jawaban nu pangbenerna ku cara nyakra (X) aksara  a, b, c, atawa d!
A.       Wacana 1 (pikeun soal no. 1 – 5)
Urang sering miceunan waktu, dipaké ngobrol teu puguh, teu dieusian ku élmu. Kumaha bisana urang rék meunang kamajuan. Umat Islam baheula, maju lantaran soson-soson néangan élmu. Saperti Imam Syafi’i, Imam Ghozali, Ibnu Shina, jeung réa-réa deui. Urang bakal mundur lamun males néangan élmu. Nabi Muhammad SAW  tos wasiat ka urang sadaya anu unggelna : “Aranjeun kedah diajar élmu, sabab upama tambah élmu, maka bakal tambah sieun ku Alloh swt. Sarta bakal jauh tina ma’siat-ma’siat. Jeungna deui ari tolab élmu téh kaasup ibadah.”
1.      Pangna manusa loba nu teu maju téh lantaran ...
a.       getol diajar           b. kedul nyiar harta            c. kedul nyiar élmu               d. diajar baé
2.      Ciri jalma nu loba élmuna nyaéta...
a.       loba bukuna         b. tambah sieun ku Alloh   c. babari nyiar gawé              d. pada mikaresep
3.      Akibat tina males néangan élmu nyaéta...
a.       Hésé digawé         b. moal loba baraya            c. hirup moal aya hargana     d. teu boga wibawa
4.      Dina bacaan aya sababaraha kecap serepan tina basaArab. Ieu di handap, pilih kecap nu lain serepan tina basa Arab!
a.       rapat                     b. jakat                               c. wasiat                                d. ma’siat
5.      Sakur pagawéan nu dilaksanakeun sarta luyu jeung paréntah Alloh disebut...
a.       dolalah                 b. ibadah                            c. wasilah                              d. bid’ah
B.       Wacana 2 (pikeun soal no. 6 – 10)
Sanajan urang kampung tur jalma miskin, tapi Si Sabar mah hadé ahlakna. Ka Indung tara ngalawan, tara nyusahkeun. Kitu deui ka sasaha teu weléh hormat. Tong boro ka saluhureun, diheureuyan ku nu sahandapeun ogé tara ngalawan. Mun aya nu ménta tulung teu pernah ménta buruh. Malah boro-boro dipénta sanajan teu dipénta ogé mun aya nu butuh ku tanagana, si Sabar mah teu hararésé. Atuh saréréa ogé resepeun ka manéhna téh. Komo indungna mah.
Pagawéan sapopoéna éta indung jeung anak téh ngasruk ka tengah leuweung, maksudna ngala daun jati atawa suluh pikeun jualeun ka pasar. Kituna gé ka pasarna téh teu unggal poé da puguh jauh sarta kagok ari jualeunana saeutik mah. Nya ka pasarna téh tilu poé sakali atawa saminggu sakali.
6.      Ahlak nu saluyu jeung ngaran palaku (Si Sabar)  dina sempalan dongéng nyaéta...
a.       hadé ahlakna         b. tara ngalawan                 c. teu weléh hormat              d. teu hararésé
7.      Pangna Si Sabar dipikaresep ku papada jalma téh nyaéta...
a.         goréng ahlakna     b. resep ngalawan               c. teu hormat                         d. teu hararésé
8.      Kecap sasaha dina kalimah “Kitu deui ka sasaha teu weléh hormat.” Kaasup kana kecap rajékan...
a.       dwimurni               b. dwipurwa                       c. dwimadya                         d. dwiréka
9.      Kecap-kecap ieu di handap, mana nu kaasup kana kecap rajékan dwimurni?
a.       boro-boro              b. sapopoéna                      c. sasaha                               d. saréréa
10.    Pagawéan sapopoéna éta indung jeung anak téh ngasruk ka tengah leuweung, maksudna ngala daun jati atawa suluh pikeun jualeun ka pasar.” Kecap sapopoé dina kalimah bieu kaasup kana kecap rajékan...
a.       dwimurni             b. dwipurwa                       c. dwimadya                         d. dwireka
C.       Wacana 3 (pikeun soal no. 11 – 15)
Momotoran sisi jalan
Ngaliwat ka sasak saat
Lamun urang ngaku iman
Ulah poho kana sholat
Ka Jakarta meuli sénter
Meserna caket jalan tol
Lamun urang hayang pinter
Diajarna kudu getol
11.       Ditilik tina wangunna, éta sisindiran  kaasup kana wangun...
a.       wawangsalan      b. paparikan                       c. rarakitan                         d. guguritan
12.       Ditilik tina eusina, éta sisindiran téh mangrupa...
a.       piwuruk              b. banyol                            c. silih asih                         d. heureuy

13.       Dina sisindiran nu kahiji, mana nu kaasup bagian cangkang?
a.       Momotoran sisi jalan; ngaliwatan sasak saat
b.      Ngaliwat ka sasak saat; lamun urang ngaku iman
c.       Lamun urang ngaku iman; ulah poho kana sholat
d.      Ulah poho kana solat; momotoran sisi jalan
14.       Dina Sisindiran pada kadua, mana nu kaasup bagian eusi?
a.       Ka Jakarta meuli sénter; mésérna caket jalan tol
b.      mésérna caket jalan tol; lamun urang hayang pinter
c.       lamun urang hayang pinter; diajarna kudu getol
d.      diajarna kudu getol; ka Jakarta meuli sénter
15.       Kecap nu murwakanti dina sisindiran di luhur aya dina ungkara ieu di handap.
a.       Momotoran sisi jalan; lamun urang ngaku iman
b.      Ngaliwat ka sasak saat; lamun urang ngaku iman
c.       Lamun urang ngaku iman; ulah poho kana sholat
d.      Ulah poho kana solat; momotoran sisi jalan
D.       Wacana 4 (pikeun soal no. 16 – 20)
Rebo, 5 Pebruari 2013, Wakil Bupati Majalengka, DR.H Karna Sobahi,M.M.Pd. ngadongdon ka Desa Wangkelang Kacamatan Cingambul pikeun masrahkeun kadeudeuh ka paraguru madrasah nu aya di Kacamatan Cingambul. Eta kagiatan diluuhan ku paraguru madrasah, parakepala madrasah, ku parainohong, paraulama, pangurus organisasi pamuda, jeung aparatur pamarentah désa nu aya di Kacamatan Cingambul. Tujuan  éta kagiatan nyaéta pikeun méré motivasi ka paraguru madrasah nu gedé jasana enggoning ngaronjatkeun ajén atikan widang agama. Wakil Bupati miharep sangkan paraguru madrasah terus icikibung kalawan pinuh ku kaihlasan enggoning ngatik barudak dina widang agama sanajan taya upahna. Harepan ku ngaronjatna sumanget paraguru madrasah, ajén atikan agama di Kabupaten Majalengka ngaronjat sarta bisa ngawujudkeun generasi nu religius.
16.     Wacana di luhur téh lamun disawang tina eusina kaasup kana ...
a.       dongéng              b. carita pondok                 c. warta                              d. laporan  kagiatan
17.     Naon tarékah pamaréntah Kabupaten Majalengka pikeun ngawujudkeun generasi nu religius?
a.       ngayakeun rakor                                            c. nyieun madrasah           
b.    ngagajih guru madrasah                                d. ngaronjatkeun ajén atikan agama
18.     Kalimah nu eusina miboga tujuan pikeun méré nyaho ka nu lian ngeunaan hiji hal disebut...
a.       pananya              b. paréntah                         c. paménta                          d. wawaran
19.     Pilih, mana nu kaasup kalimah wawaran basajan!
a.       Manéhna keur ulin di buruan.              c. Pun Bapa nuju maos majalah.
b.      Bapa Juhadi angkat ka Cirebon.           d. Poé Minggu barudak latihan Paskibra di lapang sépakbola.
20.     Ieu di handap, mana nu kaasup kalimah wawaran jembar!
a.       Manéhna keur ngala jambu.                         c. Pun Bapa nuju nuju kulem.
b.      Bu Mimin angkat ka Cirebon .                     d. Barudak keur latihan degung
21.  Kalimah anu caritaanana diwangun ku kecap bilangan disebut...
a.       kalimah wawaran                                                                                     c. kalimah paréntah
b.      kalimah pananya                                                                                     d. kalimah bilangan
22.  Mana kalimah bilangan nu nuduhkeun tahapan!
a.       wulan putra katilu tina lima sadulur.             c. Buku kuring 50 lambar.
b.      Mansur nuju ngala buah kénging tilu siki.     d. Sakola abdi dua tingkat.
23.  Pilih ku hidep, mana nu kaasup kalimah bilangan nu nuduhkeun jumlah!
a.       Sakola abdi dua tingkat.                                c. Semester kamari abdi kahiji di kelas téh.
b.      Neng Asri putra panengah tina tilu sadulur.   d. Dinten Senén téh tujuhna pun Paman.
24.  Pangna seni Sunda loba nu ampir leungit lantaran...
a.       Loba nu teu resepeun       c. kapangaruhan ku adat jeung kabiasaan nu jolna di deungeun
b.      Mekarna seni dangdut                          d. ayana televisi nu mintonkeun seni anyar
25.  Seni Sunda nu tetep hirup sarta dipikaresep nyaéta....
a.       wayang golék      b. pantun                            c. sampyong                       d. surak ibra







1 komentar: