Halaman

Jumat, 01 Juni 2012

soal-soal basa sunda


SOAL UAS BASA SUNDA
KELAS VII SEMESTER GANJIL 2012

WACANA 1 (PAGUNEMAN)
 
WACANA 1 (DONGENG)      
Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.
“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna. “Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya,  neger-neger manéh. “Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala.

Minggu, 20 Mei 2012

ATIKAN ISLAM DINA BABASAN JEUNG PARIBASA


ATIKAN ISLAM DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

1.   MUNJUNG ULAH KA GUNUNG MUJA ULAH KA SAGARA, MUNJUNG MAH KUDU KA NU AGUNG MUJA MAH KUDU KA NU MAHA KAWASA

Ungkara bieu ngandung ajén atikan anu kacida luhungna, nyaéta ngawangun hiji kayakinan anu buleud teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan. Ngatik urang sunda sangkan mibanda karakter anu pengkuh yen hiji-hijina pamuntangan mung gusti nu Maha Agung. Mung Alloh anu wajib dipunjung, manten-Na pisan pujaeun sakumna manusa nu iman tur takwa. Sagala bangbaluh jeung kabutuh mung manten-Na nu tiasa dipundut pitulung. Umat Islam sawadina mibanda ieu karakter sangkan hirupna aya dina kasinugrahan rohmat jeung pitulung Alloh SWT.
Islam ngatik sangkan umatna teu midua haté enggoning mangéran. Tauhidna ajeg panceg, mung Alloh sahiji nu disembah, mung Alloh sahiji pamuntangan. Tegesna teu ngancik ati musrik, teu nyangkaruk qolbu nu giruk, éstu ati wening beresih caang bulan opat welas ihlas manah mung ka Gusti nya sumembah.