Halaman

Senin, 11 Februari 2013

SOAL-SOAL UAS BASA SUNDA KELAS IX SMP



SOAL UJIAN AKHIR (UAS)
KELAS IX  TAHUN 2012

Pilih jawaban nu pangbenerna ku cara nyakra (X) aksara  a, b, c, atawa d!
A.       Wacana 1 (pikeun soal no. 1 – 5)
Urang sering miceunan waktu, dipaké ngobrol teu puguh, teu dieusian ku élmu. Kumaha bisana urang rék meunang kamajuan. Umat Islam baheula, maju lantaran soson-soson néangan élmu. Saperti Imam Syafi’i, Imam Ghozali, Ibnu Shina, jeung réa-réa deui. Urang bakal mundur lamun males néangan élmu. Nabi Muhammad SAW  tos wasiat ka urang sadaya anu unggelna : “Aranjeun kedah diajar élmu, sabab upama tambah élmu, maka bakal tambah sieun ku Alloh swt. Sarta bakal jauh tina ma’siat-ma’siat. Jeungna deui ari tolab élmu téh kaasup ibadah.”
1.      Pangna manusa loba nu teu maju téh lantaran ...
a.       getol diajar           b. getol nyiar harta             c. kedul nyiar élmu               d. resep diajar

2.      Ciri jalma nu loba élmuna nyaéta...
a.       loba sobatna         b. tambah sieun ku Alloh   c. babari nyiar gawé              d. pada mikaresep
3.      Akibat tina males néangan élmu nyaéta...
a.       luhur pangkat       b. loba baraya                    c. hirup moal aya hargana     d. teu boga wibawa
4.      Dina bacaan aya sababaraha kecap serepan tina basaArab. Ieu di handap, pilih kecap nu lain serepan tina basa Arab!
a.       maju                     b. ibadah                            c. wasiat                                d. ma’siat
5.      Sakur pagawéan nu dilaksanakeun sarta luyu jeung paréntah Alloh disebut...
a.       maju                     b. ibadah                            c. wasiat                                d. ma’siat
B.       Wacana 2 (pikeun soal no. 6 – 10)
Sanajan urang kampung tur jalma miskin, tapi Si Sabar mah hadé ahlakna. Ka Indung tara ngalawan, tara nyusahkeun. Kitu deui ka sasaha teu weléh hormat. Tong boro ka saluhureun, diheureuyan ku nu sahandapeun ogé tara ngalawan. Mun aya nu ménta tulung teu pernah ménta buruh. Malah boro-boro dipénta sanajan teu dipénta ogé mun aya nu butuh ku tanagana, si Sabar mah teu hararésé. Atuh saréréa ogé resepeun ka manéhna téh. Komo indungna mah.
Pagawean sapopoéna éta indung jeung anak téh ngasruk ka tengah leuweung, maksudna ngala daun jati atawa suluh pikeun jualeun ka pasar. Kituna gé ka pasarna téh teu unggal poé da puguh jauh sarta kagok ari jualeunana saeutik mah. Nya ka pasarna téh tilu poé sakali atawa saminggu sakali.
6.      Ahlak nu saluyu jeung ngaran palaku (Si Sabar)  dina sempalan dongeng nyaéta...
a.       hadé ahlakna         b. tara ngalawan                 c. teu weléh hormat              d. teu hararésé
7.      Pangna Si Sabar dipikaresep ku papada jalma teh nyaeta...
a.         goreng ahlakna     b. resep ngalawan               c. teu hormat                         d. teu hararésé
8.      Kecap sasaha dina kalimah “Kitu deui ka sasaha teu weléh hormat.” Kaasup kana kecap rajekan...
a.       dwimurni               b. dwipurwa                       c. dwimadya                         d. dwireka
9.      Kecap-kecap ieu di handap, mana nu kaasup kana kecap rajekan dwimurni?
a.       boro-boro              b. sapopoéna                      c. sasaha                               d. saréréa
10.    Pagawean sapopoéna éta indung jeung anak téh ngasruk ka tengah leuweung, maksudna ngala daun jati atawa suluh pikeun jualeun ka pasar.” Kecap sapopoe dina kalimah bieu kaasup kana kecap rajekan...
a.       dwimurni             b. dwipurwa                       c. dwimadya                         d. dwireka
C.       Wacana 3 (pikeun soal no. 11 – 15)
Momotoran sisi jalan
Ngaliwat ka sasak saat
Lamun urang ngaku iman
Ulah poho kana sholat
Ka Jakarta meuli sénter
Meserna caket jalan tol
Lamun urang hayang pinter
Diajarna kudu getol
11.       Ditilik tina wangunna, éta sisindiran  kaasup kana wangun...
a.       wawangsalan      b. paparikan                       c. rarakitan                         d. guguritan
12.       Ditilik tina eusina, éta sisindiran téh mangrupa...
a.       piwuruk              b. banyol                            c. silih asih                         d. heureuy

13.       Dina sisindiran nu kahiji, mana nu kaasup bagian cangkang?
a.       Momotoran sisi jalan; ngaliwatan sasak saat
b.      Ngaliwat ka sasak saat; lamun urang ngaku iman
c.       Lamun urang ngaku iman; ulah poho kana sholat
d.      Ulah poho kana solah; momotoran sisi jalan
14.       Dina Sisindiran pada kadua, mana nu kaasup bagian eusi?
a.       Ka Jakarta meuli sénter; mésérna caket jalan tol
b.      mésérna caket jalan tol; lamun urang hayang pinter
c.       lamun urang hayang pinter; diajarna kudu getol
d.      diajarna kudu getol; ka Jakarta meuli sénter
15.       Kecap nu murwakanti dina sisindiran di luhur aya dina ungkara ieu di handap.
a.       Momotoran sisi jalan; lamun urang ngaku iman
b.      Ngaliwat ka sasak saat; lamun urang ngaku iman
c.       Lamun urang ngaku iman; ulah poho kana sholat
d.      Ulah poho kana solat; momotoran sisi jalan
D.       Wacana 4 (pikeun soal no. 16 – 20)
Rebo, 15 Pebruari 2012, Wakil Bupati Majalengka, DR.H Karna Sobahi,M.M.Pd. ngaluuhan acara Rakor Sinkronisasi Program Kerja Taun 2012 nu dilaksanakeun di Aula Manggala Abdi Praja Kacamatan Cingambul. Rakor diluuhan ku parainohong, paraulama, pangurus organisasi pamuda, jeung aparatur pamarentah désa nu aya di Kacamatan Cingambul. Tujuan  éta rakor pikeun nyukséskeun program kerja pamaréntah Kabupaten Majalengka taun 2012. Wakil Bupati miharep sangkan pangwangunan nu baris dilaksanakeun taun 2012 saluyu jeung kabutuh masarakat tur ayana kasinambungan jeung pangwangunan nu dilaksanakeun taun saméméhna. Rarancang program kerja taun 2012 utamana nyoko kana tilu hal nyaéta program pikeun ngaronjatkeun IPM ku cara nyadiakeun tempat dagang di rest area, program pikeun ngajait masarakat miskin, sarta program pikeun ngurangan angka pengangguran di Kabupaten Majalengka.
16.     Wacana di luhur téh lamun disawang tina eusina kaasup kana ...
a.       dongéng              b. carita pondok                 c. warta                              d. laporan  kagiatan
17.     Naon tarékah pamaréntah pikeun ngaronjatkeun ékonomi rahayat?
a.       ngayakeun rakor   b. nyieun rest area           b. bedah rumah                  d. raskin
18.     Kalimah nu eusina miboga tujuan pikeun méré nyaho ka nu lian ngeunaan hiji hal disebut...
a.       pananya              b. parentah                         c. paménta                          d. wawaran
19.     Pilih, mana nu kaasup kalimah wawaran basajan!
a.       Manéhna keur ulin di buruan.                       c. Pun Bapa nuju maos majalah.
b.      Bapa Juhadi angkat ka Cirebon.                    d. Poé Minggu barudak latihan Paskibra di lapang sépakbola.
20.     Ieu di handap, mana nu kaasup kalimah wawaran jembar!
a.       Manéhna keur ngala jambu.                         c. Pun Bapa nuju nuju kulem.
b.      Bu Mimin angkat ka Cirebon .                     d. Barudak keur latihan degung.
E.        Wacana 5 (pikeun soal no. 21 – 25)
                                                                                                           Lobana
                                                                                                                 Kecap/mnt








21.  Tina data nu aya dina tabel/grafik di luhur, sabaraha urang  nu pangalusna dina maca?
a.       3                         b. 15                                   c. 8                                     d. 5
22.  Sabaraha urang nu kamanpuh macana handap?
a.       2                         b. 3                                     c. 5                                     d. 8
23.  Kalimah anu caritaanana diwangun ku kecap bilangan disebut...
a.       kalimah wawaran                                                                                     c. kalimah paréntah
b.      kalimah pananya                                                                                     d. kalimah bilangan
24.  Mana kalimah bilangan nu nuduhkeun tahapan!
a.       Néng wulan putra kahiji tina lima sadulur.
b.      Jang Mansur nuju ngala buah kénging tilu siki.
c.       Buku kuring 50 lambar.
d.      Sakola abdi dua tingkat.
25.  Pilih ku hidep, mana nu kaasup kalimah bilangan nu nuduhkeun jumlah!
a.       Sakola abdi dua tingkat.                                c. Semester kamari abdi kahiji di kelas téh.
b.      Neng Asri putra panengah tina lima sadulur. d. Dinten Senén téh tujuhna pun Paman.
F.        Wacana 6 (pikeun soal no. 26 – 30)
Kumaha kamekaran seni Sunda kiwari ?
Pasualan éta geus remen jadi bahan padungdengan. Pangna kitu téh lantaran kahirupan urang Sunda kiwari geus loba kapangaruhan ku adat jeung kabiasaan nu jolna di deungeun. Eta hal téh gedé pangaruhna kana hirup huripna Seni Sunda. Karasa pisan, seni Sunda anu sakitu euyeubna téh nungtutan laleungitan. Sok sanajan kitu, henteu kabéh matak pikasalempangeun, sabab aya kénéh seni Sunda anu hirup, mekar, sarta tetep dipikaresep.
Kasenian Sunda nyampak tur mekar di unggal wewengkon, upamana baé wayang golék, calung, kendang penca, jeung degung.  Ari anu hirup sarta mekar di hiji atawa sawatara wewengkon nyaéta sampyong di Kabupaten Majalengka jeung sabudeureunana, Sisingaan di Kabupaten Subang, Kuda Rénggong di Kabupaten Sumedang, Tarling di Kabupaten Indramayu, Bénjang di Kabupaten Bandung, Surak Ibra jeung Dodombaan di Kabupaten Garut.
26.  Pangna seni Sunda loba nu ampir leungit lantaran...
a.       Loba nu teu resepeun                                    c. kapangaruhan ku adat jeung kabiasaan nu jolna di deungeun
b.      Mekarna seni dangdut                                   d. ayana televisi nu mintonkeun seni anyar
27.  Seni Sunda nu tetep hirup sarta dipikaresep nyaéta....
a.       wayang golék      b. pantun                            c. sampyong                       d. surak ibra
28.  Salah sahiji tarekah sangkan seni Sunda henteu leungit nyaéta...
a.       diajarkeun di sakola                                      c. tong dipiara
b.      diantep                                                          d. tong ditanggap
29.  Seni Sunda khas Kabupaten Majalengka nyaéta...
a.       sisingaan             b. kuda renggong                c. sintren                            d. sampyong
30.  Palaku seni nu nepikeun carita wayang disebut...
a.       alok                    b. dalang                            c. sinden                             d. nayaga
G.       Wacana 7 (pikeun soal no. 31 – 35)
Heug regepkeun barudak         pek turut Indung jeung Bapa
Pepeling ti paraguru                                                                                     Laksanakeun parentahna
Nu baris ngeusian pikir             Ulah sok diajar melid
Nu bakal nyaangan rasa           Anggur  masing rapekan
Mun ku hidep digarugu            Ngarah kolot henteu  ngungun
31.  Pangna urang kudu ngaregepkeun piwuruk guru nyaéta...
a.       Sangkan jadi jalma nu soleh                            c. Sangkan jadi jalma nu caang rasa
b.      Sangkat jadi jalma nu taat                                d. sangkan jadi jalma nu jujur
32.  Dina eusi sajak pada kadua, kudu kumaha sangkan kolot urang ngarasa bungah?
a.       kudu bageur          b. kudu pinter                     c. kudu taat                        d. kudu bener
33.  Sipat nu nyababkeun kolot urang ngungun nyaeta...
a.   bageur                   b.  melid                             c.  taat                                d.  bener
34.  Kecap nu ngandung harti konotatif aya dina dina kalimah...
a.       Nurut kana piwuruk guru bakal nyaangan rasa.  c. Ambéh caang mah ganti atuh lampuna!
b.      Saha nu kamari nyaangkeun lampu?               d. Abdi kamari hudang téh tos caang.
35.  Pilih kalimah nu ngandung harti dénotatif!
a.       Nurut kana piwuruk guru bakal nyaangan rasa.                                             c.  Si Samsa mah gedé huluna.
b.      Mun urang amis budi mah tangtu padamikaresep.  d. Maman mah najan beunghar, tara  nepak dada.
H.       Wacana 8 (pikeun soal no. 36 – 40)
“ Abdi  kamari waktos icalan mendak ieu dompet !” ceuk Oman bari ngasongkeun dompet.
“ Alhamdulillahirobbil’alamin. Aduh ...hatur nuhun pisan  Kasep. Leres  ieu teh dompet Bapa !” ceuk nu boga imah bungaheun  pisan.
Geus puguh kitu mah Oman jeung Bapana amitan. Nu boga dompet nganuhunkeun bari ngeupeulan duit ka Oman. Sanajan kekepehan oge ahirna mah ditarima da nu  boga dompet teh  maksa. Oman jeung Bapana marulang bari hate bungah lantaran geus bisa mikeun dompet ka nu bogana.
36.  Palaku utama dina sempalan  carita pondok di luhur nyaéta......
a.    Bapana Oman         b. Nu boga dompet             c. Oman                             d. Mamahna Oman
37.  Amanat nu hayang ditepikeun ku pangarang éta carita pondok  nyaéta saperti ieu di handap, iwal....
a.       Urang kudu getol usaha                                    c. Jadi jalma kudu jujur
b.      Kudu ikhlas dina migawé hiji perkara               d. Kudu daék nganuhunkeun kana kahadéan batur
38.  Kumaha sikap nu boga dompét sanggeus narima dompét nu dianteurkeun ku Oman?
a.       ngambek ka Oman b. teu méré budi ka Oman c. nganuhunkeun ka Oman            d. teu nuhun-nuhun acan
39.  “Nu boga dompet nganuhunkeun bari ngeupeulan duit ka Oman.”  Nu kaasup kecap rundayan tina kalimah bieu nyaéta...
a.       boga                      b. dompet                           c. nganuhunkeun                d. duit
40.  Oman jeung Bapana marulang bari hate bungah lantaran geus bisa mikeun dompet ka nu bogana. Rarangken tukang –na dina kecap bogana ngandung harti...
a.       milik                     b. barang                            c. pagawean                       d. kaayaan
I.          Wacana 9 (pikeun soal no. 41 – 45)
Qur’an firman Pangeran
Dilungsurkeun sasih Ramadan
Eusina pituduh jeung pangajaran
Pikeun ngajak kana kaimanan jeung kasabaran
41.   Sempalan sajak di luhur eusina nétélakeun...
a.       Cara maca Qur’an
b.      Sasih Ramadan sasih nu mulya
c.       Qur’an mangrupa pituduh kana kaimanan
d.      Kudu resep maca Qur’an
42.  Kalimah anu kecapna murwakanti dina sajak di luhur nyaéta...
a.       Qur’an firman Pangeran               c. Dilungsurkeun sasih Ramadan
b.      Eusina pituduh jeung pangajaran  d. Pikeun ngajak kana kaimanan jeung kasabaran
43.  “Bapa kuring rék indit ka sakola.” Mun dirobah kana basa lemes bakal saperti ieu di handap.
a.       Bapa abdi badé indit ka sakola.                       c. Bapa kuring badé mios ka sakola.
b.      Pun Bapa badé mios ka sakola.                       d. Pun Bapa badé angkat ka sakola.
44.  Mana kalimah nu luyu merenah sarta jeung tatakrama?
a.       Manéhna keur kulem mani pules pisan.          c. Anjeunna keur saré mani pules.
b.      Manéhna nuju mondok mani pules.                d. Anjeunna nuju kulem mani pules.
45.  Pilih kalimah nu luyu jeung tatakrama!
a.       Imah kuring mah sisi jalan raya.                      c. Rorompok kuring sisi jalan raya.
b.      Bumi abdi sisi jalan raya.                                d. Bumi kuring sisi jalan raya.
J.         Wacana 10 (pikeun soal no. 46 – 50)
Regepkeun ku parasiswa
Nu nuju nyuprih pangarti
Nyiar luang pangabisa
Pek ulik masing kaharti
Ulah rék bosen ati
Pon kitu ngarasa ngangluh
Ulah kendat tumanya
Pami hidep tacan ngarti
Sangkan élmu tumerap salalawasna
46.  Patokan (guru lagu jeung guru wilangan) rumpaka pupuh di luhur nyaéta...
a.       8-a, 8-i, 7-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
b.      8-a, 8-i, 8-a, 7-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
c.       8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
d.      8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 7-i, 12-a

47.  Dumasar kana eusi pupuh di luhur, kudu kumaha sangkan élmu tumerap salalawasna?
a.       Kudu diulik masing kaharti                             c. Kudu daék tumanya ka guru
b.      Ulah ngarasa ngangluh                                    d. Ulah bosen nyiar élmu
48.  Sanggeus hidep nalaah eusi éta pupuh, kumaha watekna?
a.       Ngébréhkeun kabungah                                   c. Ngébréhkeun kasedih
b.      Mangrupa piwuruk                                          d. Ngagambarkeun kabingung
49.  Aksara Sunda pikeun kalimah “Abdi nuju ujian nasional” nyaéta...
a.       Abdi nuju Ujian; nsiOnl;                     c. Ab;di nuju Ujian; nsiOnl;     
b.      Ab;di nj Ujian; nsiOnl;                    d. Ab;di nuju Ujian nsiOnl
50.  Aksara laten pikeun ungkara kalimah “ {l;mu tuNtut; duJ siAQ “ nyaéta...
a.       élmu kudu ditungtut                                        c. dunya kudu disiar
b.      élmu tuntut dunya siar                                     d. élmu kudu disiar









































Tidak ada komentar:

Posting Komentar