Halaman

Minggu, 20 Mei 2012

ATIKAN ISLAM DINA BABASAN JEUNG PARIBASA


ATIKAN ISLAM DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

1.   MUNJUNG ULAH KA GUNUNG MUJA ULAH KA SAGARA, MUNJUNG MAH KUDU KA NU AGUNG MUJA MAH KUDU KA NU MAHA KAWASA

Ungkara bieu ngandung ajén atikan anu kacida luhungna, nyaéta ngawangun hiji kayakinan anu buleud teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan. Ngatik urang sunda sangkan mibanda karakter anu pengkuh yen hiji-hijina pamuntangan mung gusti nu Maha Agung. Mung Alloh anu wajib dipunjung, manten-Na pisan pujaeun sakumna manusa nu iman tur takwa. Sagala bangbaluh jeung kabutuh mung manten-Na nu tiasa dipundut pitulung. Umat Islam sawadina mibanda ieu karakter sangkan hirupna aya dina kasinugrahan rohmat jeung pitulung Alloh SWT.
Islam ngatik sangkan umatna teu midua haté enggoning mangéran. Tauhidna ajeg panceg, mung Alloh sahiji nu disembah, mung Alloh sahiji pamuntangan. Tegesna teu ngancik ati musrik, teu nyangkaruk qolbu nu giruk, éstu ati wening beresih caang bulan opat welas ihlas manah mung ka Gusti nya sumembah.