Halaman

Jumat, 15 Februari 2013

DONGENG (NYAAH KA KOLOT)



NYAAH KA KOLOT
(Direka ku M. Yusuf S)


Sampurasuun!
Dulur-dulur nu dipihormat, Bapa kalih Ibu guru nu dipihormat.
Kumaha daramang?
Alhamdulillah upami sami aya dina kawilujengan mah, margi eta pisan nu ku urang disuhunkeun teh.

Dina ieu kasempetan sim kuring bade ngadongeng nu judulna “Nyaah ka kolot”. Panasaran? Kieu yeuh dongengna teh.

Kacarioskeun, di hiji leuweung nu kacida legana tur pinuh ku rupa-rupa tangkal nu jarangkung badag sarta rupa-rupa sato boh nu galak boh nu henteu, aya kulawarga bagong nu cicingna di hiji guha nu aya di tengah eta leuweung. Eta guha teh kacida bunina, moal gampang kapanggih ku nu ngaliwat sabab panto guhana kahalangan ku areuy jeung eurih anu jarangkung.

Di jero eta guha indung bagong jeung anakna keur ngalobrol.  
Anakna
Ma, ku naon disidik-sidik ku abdi, tos sababaraha dinten teh ngan ngaheruk bae sarta sapertos nu nangis. Aya naon, Ma? Cing carioskeun ka abdi?
Indungna
Ah, teu aya nanaon ujang. Geus ujang mah tong loba pikiran. Anggur mah sing jadi budak nu bageur, hade ka sasama, ulah nyieun kagorengan. Sing soleh.
Anakna
Ma, perkawis eta mah ema sing percanten. Abdi bakal ngalaksanakeun naon nu diamanatkeun ku ema.
Indungna
Syukur ari kitu mah. Ema ngarasa bungah. Teu melang lamun ninggalkeun ujang teh.
Anakna
Maksad ema teh kumaha? Bade ninggalkeun ujang, kamana atuh ema teh?
Indungna
Ujang, anak ema nu bageur. Sabenerna ieu pisan nu jadi sabab ema sok huleng jentul malah nepi ka ngucurkeun cimata.
Anakna
Pok, ma carioskeun ka abdi, tong aya nu disumputkeun.
Indung bagong tuluy nyaritakeun yen sababaraha bulan katukang, boga jangji ka sakadang maung. Lamun anakna geus gede sarta bisa neangan dahareun sorangan, indung bagong pasrah mun rek didahar ku sakadang maung oge,  asal anakna teu diganggu.
Atuh sanggeus ngadenge dongeng indungna kitu teh, anak bagong kacida sedihna sarta ambekna ka sakadang maung. Manehna kacida nyaahna ka indung nu geus melaan manehna nepi ka jangji ka sakadang maung.
Anakna
Ma, tong hariwang. Ema tos melaan abdi dugi ka bisa hirup sorangan. Ayeuna bagian abdi nu kedah melaan ema.
Indungna
Ulah, ujang! Sakadang maung lain lawaneun urang. Da puguh manehna mah raja leuweung nu telenges.
Anakna
Ma, teu aya deui nu dipikanyaah ku abdi iwal ti ema. Keun kumaha abdi bae. Piraku Pangeran teu nulungan mahlukna nu tunggara.
Indung bagong teu bisa kumaha. Manehna ngarasa bungah sabab tetela anakna teh nyaaheun pisan ka manehna.
Keur kitu, kadenge aya sora gegerem ti luar guha.
Maung
Geeer, auuum. Hey, bagong, kaluar! Geura pasrahkeun awak maneh, ayeuna geus waktuna ku kula rek di dahar.
Anak bagong kaluar ti guha bari nyarita
Hey sakadang maung, ulah ngageroan indung kuring. Ayeuna mah kuring nu rek melaan nu jadi kolot.
Maung
Geeer. Sukur lamun kitu mah. Ka dieu maneh teh anakna nya? Daging maneh moal liat, tulang maneh pasti rangu teu cara indung maneh.
Anak bagong
Tenang. Kuring moal jalir. Ngan menta tempo sapoe, kuring rek neangan heula dahareun keur indung kuring.
Maung
Heug, ku kula dibere waktu nepi ka poe isuk. Ngan awas lamun isuk jalir jangji, maneh jeung indung maneh rek didahar ku kula.
Anak bagong
Heug, kuring moal jalir.
Sanggeus sakadang maung indit, anak bagong ngaleos ninggalkeun guha. Manehna ngasruk ka tengah leuweung, maksudna rek neangan sakadang peucang nu kungsi nulungan indungna sababaraha bulan katukang. Sanajan geus cape, awak leuleus, manehna terus mapay-mapay leuweung. Manehna hayang bebela ka indungna nu gede jasana ka manehna jeung dulur-dulurna.
Teu kacaturkeun. Barang ngareret ka lebah sisi jurang, katempo aya sakadang peucang keur ngajanteng.
Anak bagong
Hey, sakadang peucang, dagoan, ieu kuring tulungan!
Peucang
Aya naon, anjeun ngageroan kuring?
Anak bagong
Cing kuring jeung indung kuring tulungan. Sakadang maung isukan boga maksud rek maehan kuring jeung indung kuring.
Peucang
Kurang ajar tah sakadang maung teh. teu aya kapokna. Kieu ayeuna mah, jung bae mulang. Keun isukan kuring ka ditu!
Pondok carita, isukna sakadang peucang geus aya di hareupeun guha sakadang bagong bari ngadagoan datangna sakadang maung. Teu lila datang sakadang maung. Manehna kaget barang nempo sakadang peucang aya di dinya.
Maung
Geeer. Auum! Hey peucang, aya naon maneh di die hah?
Peucang
Puguh ngahaja ngantosan kanjeng raja. Aya nu kedah didugikeun.
Maung rada leuleuy sabab peucang nyebutna kanjeng raja
Aya naon, siga nu penting pisan. Gancang bejakeun, kula geus teu sabar sarta lapar. Hayang geura-geura ngadahar anak bagong.
Peucang
Tenang kanjeng raja. Aya masalah nu kedah direngsekeun heula ku kanjeng raja. Upami teu enggal direngsekeun, kanjeng raja moal jongjon tuang anak bagong.
Maung
Naha? Aya naon kitu?
Sakadang peucang ngarasa bungah lantaran maung bisa kapancing ku caritaanana. Manehna tuluy mapanas sakadang maung yen aya maung sejen nu leuwih gagah sarta gede datang ka eta leuweung bari nangtang gelut ka sakadang maung.
Atuh, sakadang maung kacida ambekeunana.
Maung
Kurang ajar. Aya nu cumantaka ka kula. Di mana ayeuna?
Peucang
Sabar kanjeng raja. Ku urang kudu didatangan tapi ulah gareuwah. Engke upami kanjeng raja tos dugi ka tempatna, kanjeng raja kudu langlung ngaerem sarta molotot ngarah reuwaseun. Mu manehna molotot deui,ulah asa-asa ku kanjeng raja kedah dirontok sakaligus.
Maung
Heug. Hayu urang indit ayeuna keneh!
Duanana ngajugjug ka hiji tempat dituturkeun ku sakadang bagong jeung anakna.
Barang nepi ka sisi sumur panuduhan peucang, sakadang maung ngadepong bari ngeteyep ngadeukeutan eta biwir sumur. Sanggeus tepi langsung manehna ngagerem sarta molotot.
Katembong di jero sumur aya nu molotot sarta calangap. Anggapan maung eta teh musuhna, padahal kalangkang manehna. Atuh teu asa-asa, gajleng manehna luncat ka jero sumur.
Gejebur, lep, manehna tilelep.
Maung
Aduuh, tuluung, peucang, tulungan!
Peucang
Hey, maung jahat. Rasakeun wawales ka nu teu boga kanyaah ka papada. Modar maneh di dinya.
Dulur-dulur, ahirna sakadang maung paeh di jero sumur. Sakadang bagong jeung anakna salamet. Indung bagong nganuhunkeun ka anakna nu geus melaan manehna. Kitu deui ka sakadang peucang.
Hikmah nu tiasa dibantun tina dongeng bieu nyaeta  urang kedah salamina mikanyaah ka ibu sareng rama sok sanaos kedah nandonkeun jiwa sareng raga. Tangtos sadayana ge nyaah. Saupami sepuh tos ngantunkeun, urang kedah salamina ngadu’akeun aranjeunna.

Mupu  kadu sisi sumur
Meuli  bonteng eujeung tomat
Sakitu nu kapihatur
Kumargi dongengna tamat.

Cag. Hurip Sunda. Assalamu’alaikum war.wab.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar