Halaman

Selasa, 29 Januari 2013

Soal UTS Basa Sunda IX sem 1

SOAL ULANGAN TENGAH  SEMESTER GANJIL

                        Sekolah                 : SMPN 1 Cingambul
                                                            Mata pelajaran       :  Bahasa Sunda
                                                            Kelas                     :  IX
                                                            Waktu                   :  90 menit

      Baca sajak ieu kalawan taliti!

AL-QUR’AN

Qur’an firman Pangéran
Dilungsurkeun sasih Ramadhan
Eusina pituduh jeung pangajaran
Pikeun ngajak  kana kaimanan jeung kasabaran

Ayat nu suci tur mulya
Jadi saksi umat manusa
Di saantero alam marcapada
Nu ngagimbung pinuh ku dosa

Bukti sareng jangji Pangéran
Kaunggel dina ayat-ayat Al-Qur’an
Sanés jangji nu tacan kaciri
Tapi pakta anu tétéla nyata

Al-Qur’an salah sahiji cara
Sangkan manusa ngajauhan tina dosa
Lamun yakin kana eusina
Pinasti jadi ahli sawarga

SISINDIRAN



1.   Mésér bubur ka Cihaur
      Jalanna mapay Cigowong
      Ka batur mah nitah jujur
      Soranganna purah bohong
2.   Manuk piit jeung tikukur
      Disamberan ku japati
      Mun nu alit resep syukur
      Bakal diasih ku Gusti
            3.   Momotoran sisi jalan
                  Ngaliwat ka sasak saat
                  Lamun urang ngaku iman
                  Ulah poho kana sholat
4.   Ka Jakarta meuli sénter
      Mésérna caket jalan tol
      Lamun urang hayang pinter
      Diajarna kudu getol
            5.   Lamun rék néangan batu
                  Kudu nu warnana coklat
                  Mun  rék néangan minantu
                  Kudu kanu rajin sholat
6. Ka Ciamis meuli nangka
    Ngaliwatan Panawangan
    Neng Geulis teh nu ti mana
    Abdi mah hoyong nepangan
              7. Ti Cikijing ka Cirawa
                  Meser dukuh jeung pisitan
                  Henteu jingjing henteu bawa
                 Da puguh ti pasisian
8. Wayang mana wayang mana
    Wayang Wisnu pangsisina
    Hayang mana hayang mana
    Hayang nu ipis kumisna
               9. Panyingkiran Jatitujuh
                   Ngaliwatan Sasakbeureum
                   Pipikiran teu paruguh
                   Ngemutan nu acuk beureum
10. Asa hoyong angeun waluh
      Angeun waluh dirantangan
      Asa hoyong geura wawuh
      Geus wawuh rek dianjangan

NASKAH MACA WARTA BASA SUNDA



 Assalamu’alaikum war.wab.
Sampurasun!

Wilujeng tepang sareng... dina warta siang.
Warta-warta penting nu seja didugikeun diantawisna:
1.      Kagiatan Milangkala Kabupaten Majalengka ka- 623
2.      Kagiatan Milangkala PGRI ka- 67

Warta salengkepna.

Warta kahiji, Milangkala Kabupaten Majalengka ka- 623
Salasa, 17 Juni  2012, Masarakat Kabupaten Majalengka nu ngawengku sadaya lapisan masyarakat kayaning paraguru, sakumna PNS, aparatur pamarentahan desa, aparatur pamarentahan kacamatan, instansi-instansi nu aya sabudeureun Kabupaten Majalengka, parainohong, organisasi pamuda, jeung lian-lianna ngayakeun rupaning kagiatan dina raraga milangkala Kabupaten Majalengka nu ka 623. Kagiatan utama nu dilaksanakeun nyaeta jalan santey nu langsung diluluguan ku  Bapa H. Sutrisno salaku Bupati Majalengka.

Senin, 28 Januari 2013

Ubar Tradisional Asam Urat jeung Rematik


Asam urat jeung rematik teh salah sahiji kasakit anu sering dirasakeun ku anu asam urat dina awakna leuwih teuing. Loba obat tradisional nu sok dipake pikeun ngubaran eta kasakit. Eta hal the lantaran obat tradisional leuwih aman sarta teu nimbulkeun efek samping. ”Ubar asam urat jeung rematik biasana ngagunakeun obat modern. Tapi, teu saeutik, ubar modern justru nimbulkeun akibat mangrupa gangguan kana lambung. Ku kituna, teu salah upama urang ngagunakeun obat tradisional rematik dan asam urat,” ceuk Ning Harmanto, terapis obat tradisional.

BAHAN KULTUM (DUIT SAJUTA)



BAHAN KULTUM
DUIT SAJUTA
(DU’A, USAHA, IMAN, TAQWA, SABAR, JUJUR, TAWAKAL)
Ibu rumah tangga bakal ngaraos tenang lamun ngadaduhan duit sajuta. Resiko dapur moal kurat karet. Rencang sangu sabulaneun mah sigana bakal kagaleuh, moal kudu nganjuk ngahutang.
Pon kitu, Manah/hate bakal ngarasa tengtrem, ayem, tumaninah lamun dina diri urang ngagaduhan tabeat, sipat, kadaek nu mangrupa duit sajuta.
DUIT SAJUTA teh akronim atawa pondokna tina du’a, usaha, iman, taqwa, sabar, jujur, tawakal.
D – Du’a :     mangrupa usaha batiniah. Urang diparentah pikeun menta ka Alloh margi mantenna maha beunghar, maha ngadangu, maha uninga kana kaperyogian urang. (Ud’uunii astajiblakum), prak menta ka kami, kami nu bakal ngaijabahna . oamt ulah menta ka salian ti Alloh, margi kalebet pagawean syirik, nu pasti bakal nyilakakeun dunya aherat.

Minggu, 27 Januari 2013

KECAP RAJEKAN

Dina paguneman sapopoe urang sering ngedalkeun kecap-kecap saperti ieu di handap:
1. tatajong, babanda, totoker, ciciwit, gagaro, jeung sajabana
2. guru-guru, aki-aki, nini-nini, murid-murid, jeung sajabana
3. bulak-balik, tual-toel, pucak-pacok, larak-lirik, jeung sajabana
4. dar der dor, blag blig blug, jeung sajabana.
Kecap-kecap nu ditataan bieu lamun ditaliti kalawan imeut breh wae aya engang anu dibalikan deui dua kali atawa leuwih boh sabagian boh sagemblengna. Eta kecap teh dina tata basa Sunda disebut kecap rajekan.