Halaman

Jumat, 15 Februari 2013

DONGENG SASAKALA



RAJA TALAGA PALASTRA
(SASAKALA TALAGA MANGGUNG)

Kacarioskeun, di kalereun Gunung Ciremay nu kahalang ku Gunung gegerhalang paeunteung-eunteung jeung Gunung Cakrabuana, aya hiji lengkob nu kacida endahna. Dipapaes ku pasir nu ngajungkiring, padataran nu ngemploh hejo. Walungan Cileuweung jeung Cisampora katingal ti mumunggang pasir, luar-leor arula arileu mapay-mapay padataran.
Ieu teh teu aya lian, hulu dayeuh Karajaan Talaga, nu karatonna meneran dina lengkob Gunung Lima anu nelah Leuweung Sanghyang. Nya karatonna oge nelah Karaton Sanghyangmanik. Najan teu pati agreng, tapi bakal hese neangan tempat anu bisa mapakan kaendahanana.
Nu ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara taya sanes nyaeta Raden Talagamanggung nu nampi kapercantenan ti ingkang raka Raden garasiang putra Cikal Prabu Darmasuci nu ngadeg rajana mung kirang ti sataun margi anjeunna kataji ku kahirupan ramana, Bagawan Darmasuci nu ngabagawan di Padepokan Gunung Bitung tonggoheun Garasida Desa Wangkelang Kacamatan Cingambul.

Hiji mangsa, sarengsena papasrahan makuta karajaan ti Bagawan garasiang ka Raden Talagamanggung, puseur dayeuh ngadadak haneuteun. Rahayat meh kabeh tumplek ka Barujaksi. Sabab di alun-alun rek diayakeun saembara jurit marebutkeun Nyi Putri Simbar Kancana. Para satria daratang ti mana-mana kayaning ti Rajagaluh, Tirtayasa, Sindangkasih, Indraprasta, Sing Apura, malah nu jauhna pisan ti karajaan Keling oge aya.
Nu ditandingkeun taya lian adu jurit ngadu kasakten jeung katapisan manah bari tumpak kuda nu keur mengpengan lumpat. Harita parasatria ti Tanah Sunda teu aya nu bisa ngimbangan kasakten hiji satria tedak karajaan Indrapura ti nagara sabrang lautan nu nelah Sakawirya. Anjeunna putra Mantri Lautan ti Karajaan Pugung. Ku urang karajaan Talaga sok disebut Raden Palembanggunung. Ngan Sakrawirya nu bisa nembongkeun kagagahanana.
“Sakawirya unggul…! Sakawira unggul…! Rahayat surak ambal-ambalan.
“Hey, Palembanggunung meunang..!
“Enya kuring ge nyaho. Hebat, nya?”
Sanggeus unggul jurit ngadu katapisan, luyu jeung perjangjian, Sakawirya ditikahkeun ka Putri Simbarkancana. Teu bisa dicaritakeun ramena pesta pernikahanana.
Ngan teu ku hanteu. Sanggeus jadi mantu raja, Sakawirya jadi unggah adat. Jadi mindeng pesta ngawur-ngawur duit nagara bari jeung teu puguh tujuanana. Gawena nginum tuak jeung ngadu koprok nu jadi cegahan urang Sunda. Akibatna rea Pandita jeung Puruhita nu diusir ti nagara sabab kumawani mepelingan Ki Senapati.
Lantaran sadar yen kas nagara geus suda, Sakawirya mimiti ngararanacang niat mergasa mitohana.
“Cilaka, aduh..! Kumaha akalna yeuh? Kas nagara beak. Mun kanyahoan ku mitoha, beu.. bahaya. Tangtu raja bakal ambek.” Ceuk pikirna.
“Aing teu suka mun narima hukuman ti raja, sanajan akibat tina laku aing sorangan! Ayeuna mah kudu paheula-heula. Taya deui jalan iwal raja kudu dianggeuskeun ngarah teu ngahalangan kana pamolah aing.”
Sanggeus mikir panjang, ngimeutan untung rugina. Gilig niatna rek dienyakeun. Sakawirya ngangkir Tumenggung Citrasinga.
“Paman Citrasinga, ditalungtik ku kaula, beuki dieu karajaan teh beuki alum. Rahayat loba nu ngalawan kana parentah. Kana pajeg teu nyumponan. Kabutuh nagara hese nutupanana.”
“Leres pisan, pangersa. Naon ieu teh marga lantaranana?” 
“Sanggeus ku kula ditalaah, nu jadi sabab nyaeta kurangna wibawa raja. Rahayat loba nu dibere omber, antukna ngalawan kana parentah.”
“Pangemut salira, kumaha atuh pikeun ngungkulanana?”
“Taya lian, ieu karajaan kudu dipingpin ku jalma linuhung anu gagah sakti. Satria perceka. Kaula boga niat hayang ngabela nagara, ngajait ieu nagri sangkan mulang deui kana kajayaanana. Cindekna ieu nagara rek dirajaan ku kaula.”
“Dawuh timbalan. Kumaha carana? Pan tuang rama mertua nuju nyaba ka luar nagara.”
“Sanggup teu Paman nelasan Prabu Talagamanggung? Mun sanggup, Paman bakal diangkat jadi Senapati!”
“Paralun ma’lum kasuhun, Paman teu sanggem. Margi sadayana pada uninga, raja teh teureuh Galuh nu kawentar kasaktianana. Bororaah ku pangkat Paman saukur Tumenggung, dalah raja satatar Jawa pan sakitu ajrihna ku pamor raja sepuh.”
“Cing aya cara sejen teu?”
“Permati raja sepuh taya lian ti ku pusakana ku anjeun, keris sakti Ki Sanggabuana.”
Kumaha carana nelasan raja, pan kerisna ge tara lesot tina angkengna?”
Duanana uleng neangan akal pikeun ngungkulan eta pasualan. Teu lila…
“Teu aya deui cara, paman kudu bisa ngolo abdi kinasih raja nyaeta Centangbarang nu ka mana bae teu weleh satia sangkan daek maling keris Sanggabuana. Kumaha, sanggup?”
“Teu ngalalangkunganan!”
“Ha…ha…ha… Sukur, Paman mun sanggup mah. Muga hasil nu dimaksud!”
Ti poe ka poe, Sakawirya mangaruhan ka sakabeh pangeusi Sanghyangmanik. Pangurus nagara diwowoy ku harta banda sangkan maranehna boga pikir yen Sakawirya jalma hade sarta balabah.
Sakawirya beuki gede hate sabab geus bisa mangaruhan pangeusi karaton. Hiji deui nu kudu dipangaruhan nyaeta Centangbarang.
Hiji poe Centangbarang dihiras ku Sakawirya. Basa Centangbarang datang, Sakawirya keur paduduaan ngobrol di pamengkang jeung nu geulis Nyai Putri Simbarkancana. Nyi putri katingal kaget sabab peuting-peuting kudu nyaring maturan salaki nu cenah keur aya urusan penting.
“Sampurasun, Nun. Tuang kuring cunduk seja sumujud!” Centangbarang nu kakara mancat kana punden pamengkang harempoy ngesod, cedok nyembah nawiskeun ajrih. Kesang tiis morolok dina tonggongna.. Kampret poleng nu hapeuk bakat ku carang dipake wuwuh jibrug.
“Rampes! Bagea sumping Mamang Centangbarang, yap ka dieu rada deukeut!” Sakawirya budina marahmay beda cara sasari. Make mapagkeun ka lalawangan sagala.
Gerentes hate Centangbarang, “La kadalah aya naon yeuh, rada aneh Ki Patih teh. Make marahmay ngajak seuri sagala. Pan sasari mah haok polotot.”
“Salse we Mamang. Kop tah nginum heula cai lahang cai mawar dina cangkir perak paragi kula!” Sakawirya enyaan peuting eta mah leungit jurigna.
“Sumuhun darma nganuhunkeun kana panyaur, nampi timbalan gusti panutan.”
“Sukur ati turut keneh ka kami mah. Tanda dia teh abdi satia nagara. Saenyana kieu Mamang. Peuting ieu teh aya nu ngaganggu ka nagara. Ayeuna keur dioyak-oyak ku para prajurit nagara katut parajawara. Jadi poe ieu pisan mamang kudu milu mapagkeun Rama Prabu ka Kutawali. Jigana Ama the geus sono liwat saking ka Mamang nu sasat jadi abdi kinasih Ama. Kumaha daek nampa parentah kula, mamang?”
“Teu maksad ngalalangkungan. Suku sambung laku, biwir sambung lemek, darma rokrak dinyawaan. Ngiringan sapaneja.”
“Heueuh sukur ari kaharti mah. Tah ieu bekel di jalan, duit sapundi emas, keur bekel dahar, moal hade marak maneh. Bisi gering jadi pikir. Kula era ku pesen Ama Prabu, nitip Mamang panguruskeun.”
“Sapundi emas? Ambu-ambu, atuh bisa hirup sapuluh usumeun bari sila ipis, teu mikir nyeblok teu mikir tandur.” Gerentes Centangbarang. Kacuriga hatena mimiti pupul lantaran kabeuli ku kaheman Gusti Arya. Geus poho kana wiwitan, yen Ki Arya jadi robah pamulu. Ceuk pikir pondokna, “Ki Patih teh geus sadar meureun, dumeh nagara aya nu narajang.”
Centangbarang cedok nyembah, ngesod mungkur. Geus tepi ka lalawangan cong deui nyembah. Muntirkeun badan bari mageuhan beubeur, dipurekan sangkan teu kagok ngalengkah.
Kakara ge lima lengkah mungkur ti pamengkang, Sakawirya ngageroan deui.
“Aeh Mamang! Mamang ke heula ketah. Bet aya carita nu can anggeus. Kula teh poho. Yap ka dieu deui. Gage heula ka dieu Mamang! Aya nu can kabadamikeun.”
Centang barang ngarenggog, ampir titeundeut dina jalan lumutan. Kawantu harita poek bulan. Tincakeun teu kaciri. Jaba pikiran kumalayang kasered ku lamunan endah kumaha jeung ka mana ngabalanjakeun duit emas nu sapundi.
“Yap Mamang, gek diuk deui.” Sakawirya ngagupay Centangbarang sangkan diuk deui dina urutna.
“Lain Mamang, Kami teh bet kapikiran. Kumaha peta urang nyanghareupan karaman nu ngaranjah nagara?”
“Teu maksad ngalalangkungan. Bok bisi teu tepi piker. Rumaos kuring mah pikirna nya heureut nya rupek.”
“Ha…ha…ha…heu...heu…heu…!” Sakawirya seuri ngeunah naker.
“Lain kitu mamang.  Ayeuna urang pikiran babarengan sangkan nagara salamet. Sugan Mamang apal, naon atuh nu jadi tanjeuran nagara. Sabab saban dikantunkeun ku Rama Prabu ka nagara aya bae karaman. Kumaha Mamang apal?”
Centangbarang bati pias. Karasa bujur kokompodan. “Duh.. boa-boa, emas sapundi teh lapur!”
“Eumh..teu apal nya? Ke..ke..ke… Ari keris Sanggabuana, naon tah hasiatna?”
Bray lelembutan Centangbarang kumpul deui. “Paralun, Gusti. Sanggabuana teh pusaka sakti nu kantos jadi ageman Raden Pamanahrasa nalika masih ngalalana keneh di Amparanjati. Nu nyangking eta pusaka tiasa ngahijikeun deui Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda.”
“Duh..hanjakal. eta pusaka aya di Kanjeng Rama Prabu. Tah dina kieuna urang teu bisa kumaha.”
“Hatur punten Nun. Sanggabuana mah ukur tumbal kadigjayaan nagara nu teu tiasa dihayang-hayang. Teu tiasa dipiboga ku sing saha nu mikahayangna.”
“Enya kitu pisan Mamang. Ngan mun aya Kanjeng Rama Prabu mah moal hariwang sabab kagungan ajian Batukarang. Salirana teu terak digurinda, atawa gagaman tapak panday. Aeh enya mun kula boga eta ajian, moal asa-asa karaman bakal diawut-awut, Mang. Lah hayang teuing boga eta elmu!”
“Teu sagawayah Gusti Patih. Nu bisa ngawasa eta elmu mah ngan nu taya udelan jiga Gusti Prabu.”
Centangbarang kajiret ku pitapak Sakawirya.
“Kumaha kitu?”
“Nya saupami teu keuna kana permatina. Coba upama keuna kana pingping kiwana. Bororaah ku pakarang seukeut atawa matih. Dalah ukur kakoet ge pan langsung tiwas. Eta teh permati ajian Batukarang.”
 “Ah ari kira-kirana eleh kadar kakoet mah mending kasaktian biasa bae atuh ari kitu mah!” Ceuk Sakawirya ngahaja megatkeun caritaanana kitu ambeh pikiran Centangbarang teu nyangka goreng.
Sanggeus bisa ngajiret Centangbarang, Sakawirya ngajurungkeun Centangbarang sina nepungan Cintrasinga nu geus lila ngadagoan, seja mapagkeun Prabu Talagamanggung.
Pondok lalakon. Citrasinga jeung Centangbarang dugi ka tempat anu dijugjug. Citrasing hasil mangruhan Prabu Talagamanggung ku beja nu dijieun-jieun.
Waktu parasenapati bubaran. Centangbarang masih sila mendeko nyorangan.
“Mamang Centangbarang. Diuk keneh di dinya. Sugan aya perelu ka kaula. Pok nyarita, bisi aya nu dipenta?” Saur Prabu Talagamanggung.
Centangbarang cong nyembah.
“Sampurasun Nun. Tuang kuring darma rokrak dinyawaan teu werat gaduh kahoyong.”
“Tong asa-asa Mang. Pok kanda ka kami.”
“Gusti nu dipuja ku ku tuang kuring. Tuang kuring tehe rumasa teu apal kana naon nu keur kajadian di nagara. Ngan sakaterang, nagara diranjah ku karaman. Ceuk beja mah euwah-euwah ti Barujaksi.”
“Eta geuning Mamang ge nyaho?”
“Soal kaamanan nagara katut ngurusna, Gusti tos mercantenkeun ka Gusti Sakawirya.”
“Enya kitu pisan. Na kumaha kitu kalakuan Sakawirya teh?”
“Robih pisan Nun.”
“Ke..ke...ke... robah kumaha?”
“Anjeunna tehe janten kacida bageurna. Parasenapati padamuji. Ku ponggawa padamuja. Malah rayat leutik model kuring ge asa kataji kapati-pati ku kabageuranana. Robah sipat Gusti Patih tehe sanes bae dina hal balabahna, tapi sipat barangasanana urang peuntasna ge bet sirna.”
“Baruk, Sakawirya robah adat!” Prabu Talagamanggung unggek-unggekan bari tarangna kerung. “Sukur atuh ari kitu mah. Kula bungah boga minantu hade lampahna.”
Cong Centangbarang nyembah deui. “Tuang kuring gaduh emutan, mun nagara keur teu aman, kudu aya panglima anu perceka tur binekas, sayaga tur tohaga bisa ngajaga nagara. Jalma kapercayaan Gusti sagemblengna.”
“Enya geus kapikir ku kula ge. Nu matak sadatangna ka Talaga, kula rek amanat ka Sakawirya pikeun sagemblengna ngatur nagara.”
“Nanging, Gusti. Pan Gusti mah ditangtayungan ku kadigjayaan wesi kuning.”
“Kula bakal percaya sagemblengna ka Sakawirya. Kaasup nitipkeun wesi kuning Sanggabuana putih ka manehna.”
Langit Talaga dipayungan ku bulan paro caang tanggal 12. Tapi teu weleh angkeub jeung poek. Nu ngalayung luhureun dayeuh ayang-ayangan ukur mega hideung. Teu isuh teu sore, hujan teu weleh ngagurujug pacampur jeung seahna angin puyuh. Hareupeun karaton Sanghyangmanik teu weleh banjir cileucang. Prabu Talagamanggung parantos aya di bale panarukan, nuju ngawangkong sareng ingkang garwa oge uwa kabayan.
“Uwa, kula boga angen-angen hayang geuwat ngabagawan. Nya pigantieun kula taya lian Nyai Simbarkancana. Ku kituna kula hayang nyaho heula pamanggih puruhita jeung pararesi katut rayat sanagara. Jig geura kumpulkeun!”
“Kersa dalem tinimbala. Amit mungkur tuang kuring rek sumaur!”
Singhoreng, di unggal pongpok karaton mata-mata Sakawirya nyampak. Citrasinga geus waspada. “Bahaya..! bahaya..! mun tepi ka nyaur parapuruhita, pararesi jeung sakabeh rahayat. Sakabeh ceda jeung culikana bakal katohyan.”
Citrasinga gagancangan nepungan Sakawirya.
“Bahaya Raden. Gusti Prabu bakal ngumpulkeun puruhita, pararesi jeung rahayat, samemeh ngabagawan.”
“Kumaha atuh peta?”
“Teu aya jalan iwal kudu ditaragal, urang bongohan bae.”
Prabu Talagamanggung nu nuju ngantos datangna kabayan, harita kapaksa lebet ka pajuaran. Teu tahan ku hawa tiis. Anjeunna curiga tur dangdak-dengdek negeskeun sora nu trang-treng-trong sada pakakas perang. Satuluyna bari pinuh ku rasa panasaran, raja kaluar.
Ngan lengkahna kadeg sabab raja ningal kalangkang jalma sumujud payuneunana. Barang disidik-sidik sihoreng Centangbarang, abdi kinasihna nu nyuuh bari sumegruk.
“Aya naon Mamang?”
“Gusti tuang kuring menta dihukum tilas adegan, menta dipupus umur dipegatkeun naywa. Teu kuat nananggung dosa!” Sorana pegat-pegat tur haroshos.
“Aya naon Mamang?”
“Si Sakawirya Gusti!” Bareng jeung Centangbarang ngucapkeun ngaran mantu raja. Ngan sakilat aya nu ngolebat. Goak Prabu Talagamanggung ngagorowok. Badan Prabu Talagamanggung meh-mehan ambruk. Pingping kencana katiruk ku tumbak nu neggel kana dagingna. Centangbarang bati  olohok bengong teu ngarti kana kajadian nu ngan sakiceupan waktu.
Centangbarang nu can sadar kana eta kajadian hareupeunana, rek nubruk badan raja nu ngarumpuyuk. Ngan barang rek gabrug pisan newak badan raja, aya nu ngagorowok.
“Centangbarang mateni raja. Tewak euy..! tewak..!” jleng aya nu luncat. Sihoreng Sakawirya nu dianteur ku puluhan prajurit nu biluk ka manehna sarta ngepung Centangbarang bari ngagorowok nuduh mateni raja. Centangbarang jadi paneumbleuhan laku Sakawirya.
Ahirna belecet Centangbarang mabur mubus dina belegbegna peuting nu poek mongkleng. Kabeh pasukan balamati nu biluk ka Sakawirya dihijikeun pikeun ngudag Centangbarang nu lumpat ka leuweung larangan.
Titis tulis ti ajali. Prabu Talagamanggung palastra ditelasan ku angkaramurka. Jasadna geus padangaropea. Diceungceurikan prameswari katut parapangasuhna.
Sakawirya gegejret siga nu bener-bener ambek ka Centangbarang.
“Teu ngarti, kula heran. Kapan ama teh digjaya ingrana diaping ku pusaka linuhung. Ku naon bet apes-apes teuing make teurak ku tumbak Si Centangbarang nu lain pusaka, kapan ukur pisuluheun!” kitu pokna basa aya puruhita ngaliwat bari mulung popotongan tumbak nu potong disabet ku pusaka Prabu Talagamanggung.
Puruhita neuteup anteb. Bari  imut nampanan congo tumbak.
“Nyawa mah kagungan Hyang Seda, Gusti. Nanging ieu teh kila-kila goreng. Yen nu lebur teh lain ngan ukur raja, tapi bisa jadi jeung karajaanana. Kitu Nun sapertos katerangan ti Rajaguru, Mahayana Bagawan Darmasuci kapungkur.”
Ceuk ujaring carita. Sabada palastrana Prabu Talagamanggung, Karajaan Sanghyangmanik ilang tanpa karana, robah jadi situ nu katelah Situ Sanghyang nu pernahna di Kacamatan Talaga Kabupaten Majalengka.













Tidak ada komentar:

Posting Komentar