Halaman

Senin, 18 Februari 2013

NAPAKURAN LAMPAH SATO (2)

2. Cang
Cang teh pondokna tina peucang, nyaeta sato leuweung anu pangawakanana leutik sarta teu kaasup kana golongan sato galak. Mun dina basa Indonesia mah kancil. Peucang sanajan leutik tapi ku paraahli sastra (pangarang dongeng) sok digambarkeun mangrupa sato nu rea akalna dina ngungkulan hiji pasualan. tong boroning nyanghareupan sato biasa, dalah maung nu sakitu galak tur barangasan oge apan teu walakaya malah nepi ajalna.

Hanjakal, peucang teh miboga hiji sipat anu licik. Dina ngungkulan hiji pasualan teh geus tara nimbang-nimbang sangkan caina herang laukna beunang, naon bae nu dipigawe sanajan kudu ngorbankeun batur nu penting manehna jeung nu saihwanna salamet.  Ieu sipat lamun tumerap ka manusa kacida gorengna. Sanajan pinter tapi ari nyalametkeun diri bari ngorbankeun batur mah pan salah. Sipat sejenna nu ngancik dina sato peucang nyaeta resep ngabobodo ka nu sejen tegesna pikeun nyumponan pamaksudanana manehna ngobral jangji, upamana bae dina dongeng sakadang peucang jeung buhaya. Peucang nu rek meuntas ngobral jangji rek mere munding ka buhaya. Buhaya sina ngabaris beres dina beungeut cai sarta diitung bari diteke ku peucang. Sanggeus meuntas mah manehna kabur ka tengah leuweung. Ieu oge mun larap ka manusa nu resep ngobral jangji "Mun Sim Kuring kapilih jadi... mangka kuring bakal...". Dina emprona, sanggeus laksana pamaksudan,  lungguh linggih ucang angge dina korsi gading mah poho kana wiwitan, poho kana jangjina. Rahayat dipake tumbal, dilejokeun, nu tadina ka padesan teh lir jalan ka cai, geus tinekanan mah teu katingali tarang-tarangna acan. Padahal bagja temenan jalma nu bisa nohonan jangjina dimana manehna jangji, ku Alloh baris diwaris sorga Firdaus.

3. Keling
Keling kakoncara di pakampungan mah manuk heulang. Awakna seseg, pamatukna ngeluk, matana bolotot seukeut naker. Kabeukina beurit, anak hayam, atawa sato leutik sejenna. Dina newak mangsa kacida rikatna, sato naon bae nu jadi udaganana pasti beunang.
Pamatuhanana dina guha, gowok, cadas nu nyangkeredong, atawa tempat-tempat nu tara kasaba tur hese kapanggihna ku jalma. Eta tempat teh sabenerna lain meunang nyieun keling da teu bisaeun nyieun sayang cara manuk lianna. Pamatuhanana meunang ngarebut ti manuk sejen kalawan paksa. Manuk nu hese cape nyieun sayang diusir malah bisa jadi dipergasa jadi mangsa eta heulang.
Tah eta pisan lampah keling anu bisa dijadikeun eunteung pikeun urang. Dina kahirupan, remen kapanggih aya jalma anu jeneng, boga kakawasaan, atawa boga pangaruh ngamangpaatkeun kalungguhanana, kakawasaanana, hartana pikeun ngarampas lahan rahayat leutik dipake keur kapentingan pribadina atawa golonganana. Teu saeutik rahayat leutik nu kadungsang-dungsang leungiteun panganjrekanana lantaran kapaksa kudu dipasrahkeun ka gegeden kalawan ganti rugi anu teu saimbang. Malah aya anu tempatna digusur kalawan paksa, taya rasa kamanusaan. Jalma nu tabeatna saperti kitu kacida dolimna, manehna bagja ukur di dunya, bisa ngalajur napsu nganteur kahayangna.
(lajengkeuneun)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar