Halaman

Senin, 04 Februari 2013

Sajak

INDUNG

Mun nyawang mangsa ka tukang
Na ciciptan
nyangkaruk pinuh kareueus
ka indung nu bumela
ti mangsa ngakandung
salapan bulan landung
sanajan pinuh kabingung
indung mah henteu pundung


mangsana medalkeun putra
teu ieuh ngarasula
najan kudu pegat nyawa

barang brol kalam dunya
jabangbayi utun inji
dirawu dipuji-puji
ditimang dinangna-nengne

nelengnengkung nelengnengkung
geura gede geura jangkung
geura sakola ka Bandung
ulik elmu masing jucung

salila dua taun
indung sabar darana
diseuseup getihna
sangkan putrana waluya

Gusti
mun ditata sagalana
mo kapapaya laratanna
mung ka Gusti Abdi neneda
mugia hampura Gusti
lumungsunr ka anjeunna
pon kitu kaasih Gusti
mugia ngocor salawasna
ka
INDUNG

Ciranjeng, Pebruari 2013

Tidak ada komentar:

Posting Komentar