Halaman

Minggu, 17 Februari 2013

NAPAKURAN LAMPAH SATO (1)

Duka iraha diciptakeunana sarta saha nu nganggitna hiji kawih anu pikeun urang Sunda mah jadi sabiwir hiji, apal pisan. sok komo barudak mah sigana kungsi dikawihkeun bari arulin di buruan.

Kieu rumpaka kawihna teh::

Cing cangkeling 
manuk cingkleung cineten
plos ka kolong
Bapa Satar buleneng 

Lamun ku urang diteges-teges, rumpaka eta kawih teh  nataan ngaran sato nu aya disabudeureun urang.
Sato nu kasebut dina eta kawih teh nyaeta: Cing = ucing; Cang = peucang; keling = manuk alap-alap/heulang; Cingkleung = manuk cangkurileung.
Eta opat sato lamun ditalungtik sipat/watekna kacida munelna pikeun dijadikeun bahan tapakuraneun urang, bisa jadi bahan atikan tur pieunteungeun.
Dina Al-Quran kakandung ayat-ayat anu netelakeun hiji misil tina sato. Tangtu wae eta teh mangrupa atikan, tungtunan ti Alloh pikeun manusa nu ngagunakeun akal pikiranana.
Geura upama ku urang disurahan kawih bieu teh ngandung ajen atikan anu jero.

1. Ucing
Ucing hiji sato nu dipikaresep ku manusa. Lindeuk, lucu, pikayungyuneun. Tapi disagigireun eta aya watek ajali nu teu bisa dipiceun nyaeta curaling, munafik. Naha geuning kitu? Geura titenan kalawan enya-enya. Ucing lamun miboga kahayang (lapar) sikepna teh mani lungguh, lunda-lende ka dununganana bari teu eureun uang eong malah teu kendat ku leletak kana suku dunungan. Sakali deui eta laku teh dipigawe sangkan dunungan nyumponan kana pamentana. Sanggeus dibere hakaneun ku dununganana eta ucing mani anteng barangdahar, teu nolih ka sisi ka gigir. Anteng sanajan ditagogan ku dununganana oge teu galideur, teu ingkah tina tempatna. Sabalikna lamun kahayangna teu dicumponan, dina mangsa dununganana teu nyampak, ucing wani nyokot dahareun sanajan diteundeun dina lomari atawa dituruban rekep naker oge, ucing aya nu bisa muka panto lomari atawa tutup dahareun tea (maok). Lamun kapanggih ku dununganana eta ucing sok tuluy nyanggereng, muncereng, ngaherengan padahal eta teh dununganana.
Pedaran bieu teh bisa dipake eunteung pikeun ngagambarkeun sipat jalma anu teu boga sikep hade. Tegesna manehna mah hayang untung tina enteng, sanajan kudu leletak kana dampal suku batur oge teu paduli nu penting cumpon kahayangna.Lamun teu dicumponan, manehna bakal malik teu suka malah tega maling barang dunungan atawa jalma lian.
Ajen atikan pikeun urang, ulah mibanda sikep saperti ucing, geuning aya paribasa NGABUDI UCING , di hareupeun siga nu enya nurut, sumuhun dawuh, pikareueuseun, ari ditukangeun ngati-ngati, nonggongan. Urang kudu miboga sikep anu jujur, tigin kana jangji, getol usaha tina jalan halal, ulang ngabudi ucing  sangkan lumungsur kabarokahan dina hirup jeung kahirupanana.
(lajengkeuneun)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar