Halaman

Senin, 11 Februari 2013

SI SABAR JEUNG NU MUSAPIR



 Tema : Nyaah ka kolot
SI SABAR JEUNG NU MUSAPIR

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh!
Sampurasuuun!

Hayang ulin ka Cikarang
Mawa kendi reujeung gendul
Hadirin wilujeng tepang
Sareng abdi ti Cingambul

Kaka-kaka, teu kakantun dulur-dulur nu dipihormat.  Sim kuring gaduh dongeng, judulna teh SI SABAR JEUNG NU MUSAPIR. Kumaha dongengna? Mangga dangukeun ku sadayana! Supados langkung sumanget, mangga,  tepuk pramuka!
Hatur nuhun!
Kieu dongengna teh. Ceuk ujaring carita, di hiji lembur anu jauh ka kota, malah mah méh sisi leuweung. Aya hiji imah geus réod. Hateupna ku daun kalapa anu diéntépkeun. Teu aya deui imah da puguh jauh ka lembur. Pangeusina hiji awéwé geus rada kolot dibarengan ku anakna nu ngaran Sabar.
Si Sabar, umurna kira-kira sabelas taun. Mun sakola mah sigana kelas lima. Dedeganana rada jangkung tur teu pati lintuh. Kituna mah pantes da hirupna gé ukur ngandelkeun tina beubeunangan usaha saaya-aya.  Daharna ukur jeung asin. Rada royal téh lamun meunang manuk puyuh  atawa kelenci leuweung anu keuna ku jaring. Papakéanana taya nu alus. Ampir kabéh aya tambalan.

Sanajan urang kampung tur jalma miskin, tapi Si Sabar mah hadé ahlakna. Ka Indung tara ngalawan, tara nyusahkeun. Kitu deui ka sasaha teu weléh hormat. Tong boro ka saluhureun, diheureuyan ku nu sahandapeun ogé tara ngalawan. Mun aya nu ménta tulung teu pernah ménta buruh. Malah boro-boro dipénta sanajan teu dipénta ogé mun aya nu butuh ku tanagana, si Sabar mah teu hararésé. Atuh saréréa ogé resepeun ka manéhna téh. Komo indungna mah.
Pagawean sapopoéna éta indung jeung anak téh ngasruk ka tengah leuweung, maksudna ngala daun jati atawa suluh pikeun jualeun ka pasar. Kituna gé ka pasarna téh teu unggal poé da puguh jauh sarta kagok ari jualeunana saeutik mah. Nya ka pasarna téh tilu poé sakali atawa saminggu sakali.
Lantaran kacida nyaahna ka Si Sabar, indungna sok nyarék Si Sabar baranggawé.
Ceuk indungna    : “Ujang, tong baranggawé teuing, keun ku ema baé!”
Si Sabar               : “Wios Ma, da teu capé. Ukur ngumbah wadah sareng nyeuseuh sakieu mah.”
Indungna             : “Pan ujang téh can reureuh tas meulahan suluh jeung meungkeutan daun.”
Si Sabar               : “Ma, ujang téh karunya ka ema. Ti alit ujang diasuh ku ema nyalira baé. Ayeuna ujang tos ageung, hoyong mantuan ema.”
Indungna             : “Deudeuh teuing ujang. Sanajan teu kaasuh ku bapa, da puguh geus maot basa hidep masih orok, tapi ahlak ujang téh teu béda ti bapa. Soléh, nyaah ka sasama, sarta tumarima kana kaayaan.
Keur anteng ngobrol, teu kanyahoan aya dua jalma jarangkung gedé, pikasieuneun. Datang-datang jol sesentak bari molotot. Sihoréng manéhna téh jalma titahan juragan beunghar nu sok ngaréntenkeun. Datang rék nagih hutang anu teu daék lunas.
Ceuk nu nagih     : “Héh, ayeuna kuring geus béak kasabaran. Rék bayar moal hutang téh!”
Indung Si Sabar  : “Ampun Juragan. Ayeuna mah teu gaduh artos. Da ema téh can ka pasar. Tuh daun icaleunana ogé nembé dibérésan. ”
Nu nagih              : “Teu bisa! Ayeuna kénéh hutang kudu dibayar!” (nu nagih popolotot bari ngajongklokeun indung Si Sabar)
Ningali kajadian kitu Si Sabar ambekeun pisan. Manéhna luncat ngahalangan nu nagih bari malik nyarékan. Tapi da puguh budak kénéh. Si Sabar teu bisa ngalawan. Manéhna kalah ka dicabok. Atuh bru labuh hareupeun indungna. Nu nagih siga nu édan indung Si Sabar disiksa.
Si Sabar teu bisa kumaha. Manéhna ukur ceurik bari nanangkeup indungna.
Nu nagih              : “Héh, budak leutik. Awas lamun minggu hareup manéh teu bisa mayar, imah manéh bakal diduruk!”
Tas nyarita kitu mah éta dua jalma téh ninggalkeun Si Sabar jeung indungna nu keur ceurik bari silih rangkul.
Dulur-dulur, peutingna indung si sabar brek gering. Awakna panas tiris sarta ngadégdég. Nepi ka isuk Si Sabar teu bisa saré. Nungguan indungna bari ngomprésan mastaka indungna ku cai.
Isukna Sabar bébéja ka indungna.
Si Sabar               : “Ma, sing kiat. Abdi badé ka pasar heula ngical daun sareng mésér landong kanggo ema.”
Indungna             : “Enya ujang. Jig sing salamet. Kadé ulah sumpang simpang. Mun geus meunang duit beulikeun kana béas, obat jeung dahareun!”
Si Sabar               : “Mangga ema.
Pondok carita, si Sabar teu lila di pasarna. Geus payu daun jatina mah gancang meuli béas, obat jeung dahareun sarta  tuluy balik .
Di tengah perjalanan si Sabar panggih jeung nu musapir, awéwé. Awakna begang, matana celong, leumpangna dongko bari mawa iteuk. Rarampéolan siga rék labuh.
Nu musapir          : “Ujang, pasihan  dahareun! Nini lapar sarta hayang nginum.”
Si Sabar kacida bingungna.  Dahareun nu tadi dibeuli téh keur  indungna. Mun dibikeun kumaha, teu dibikeun karunya.
Nu musapir          : “Ujang, da soléh ujang mah. Nini teu kuat. Mun ku ujang teu dibéré nginum jeung dahareun, nini bisa maot di dieu!”
Si Sabar               : “Nini, abdi téh bingung. Dahareun ngan sakedik. Ieu téh kanggo ema nu nuju teu damang. Ngan wios mangga kanggo nini wé, kanggo ema mah da aya béas sangueun!”
Nu musapir          : “Deudeuh teuing kasep, bagja pisan indung ujang mah. Boga anak nu nyaah ka kolot jeung ka sasama.” Ceuk nu musapir bari narima dahareun ti si Sabar.
                              Tah ujang,  nini boga cau emas sasiki jeung bonténg sasiki. Ieu cau bikeun ka indung ujang nya!”
Sanggeus nyarita kitu duka ka mana léosna, les nini-nini musapir téh leungit. Si Sabar olohok bari kaget. Tapi teu lila, manéhna tuluy mulang bari mawa cau emas jeung bonténg paméré téa.
Barang datang ka imahna, indungna kadéngé keur humarurung. Atuh gancang si Sabar muru ka indungna sarta mikeun cau paméré ti nini musapir. Teu diengkékeun éta cau didahar ku indungna. Anéh bin ajaib, dulur, ngadadak indung si Sabar jagjag deui. Awak nu nyareri jadi cageur.
Indungna             : “Alhamdulillah! Ujang, ti mana éta cau? Tas ngadahar eta cau téh ema jadi cageur!”
Atuh teu hararésé deui, Sabar ngadongéngkeun lalakonna basa balik ti pasar.
Indungna             : “Cing purak tah bonténg téh, siga geus asak geuning!”
Sabar                   : “Mangga, Ma!”
Barang dibeulah, eusi bonténg téh geuning emas jeung permata nu kacida lobana. Sabar jeung indungna olohok teu ngiceup-ngiceup melong kana eusi bonténg. Gabrug duanana silih tangkeup bari ceurik pinuh ku kabungah.
Ti harita Si Sabar jeung indungna jadi jalma pangbeungharna. Tapi tetep teu robah adat, ahlakna nu hadé beuki  tambah hadé. Ka nu miskin, ka yatim, ka nu musapir teu pedit. Atuh ku saréréa pada mikaresep tur mikanyaah. Imahna gé robah jadi gedong anu pangalusna di éta tempat.

Melak bonténg sareng entéh
Jaradi sisi imahna
Tah sakitu dongéngna téh.
Pamugi  aya hikmahna.

HURIP SUNDA!
Hatur nuhun.
Assalamu’alaikum war.wab.





                 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar