Halaman

Minggu, 17 Februari 2013

NGALARAPKEUN BABASAN



Ngalarapkeun Babasan

Jalma ngedul ogé ngadadak jadi hampang birit di tempat
anu keur kapapaténan mah.


Dina cutatan kalimah di luhur aya ungkara hampang birit, anu hartina daékan baranggawé lain karana miharep buruh. Éta ungkara téh disebutna babasan. Geus teu kudu diterangkaeun, naon anu di maksud babasan; hidep tangtuna geus ngalarti, lantaran pedaran ngeunaan hal éta kungsi ditepikeun dina pangajaran anu geus kaliwat. Ayeuna mah urang wincik baé papasinganana.

1.    Babasan anu ngébréhkeun pasipatan jalma, dipapandékeun kana kaayaan fisik atawa lahiriahna:
a.     Gedé hulu                  =    adigung atawa sombong.
b.    Panjang leungeun       =    resep cocokot kana barang batur.
c.     Heuras genggerong    =    teu bisa ngagenahkeun haté batur ku omongan. Lamun nyarita sok songong.
d.    Amis daging               =    gampang katerap kasakit kulit, tur hésé cageurna, atawa mun raheut saeutik ogé sok terus jadi radang.
e.     Haseum budi              =    kucem.
2.    Babasan anu ngébréhkeun pasipatan jalma, dipapandékeun kana sasatoan atawa tutuwuhan:
a.     Tuturut munding          =    nurutan kalakuan batur bari jeung teu ngarti kana maksudna.
b.    Ceuli léntaheun           =    sok sadéngé-déngéna, najan lain déngékeunana.
c.     Yuni kembang            =    jalma pikaresepeun batur lantaran hade kalakuan jeung hade rupana.
d.    Bau jaringao               =    budak kénéh pisan atawa can boga pangalaman hirup.
e.     Tinggar kalongeun      =    teu nurut kana papatah lantaran mineng teuing dicarékan.
3.    Babasan anu ngébréhkeun kayaan fisik atawa lahiriah jalma:
a.     Awak sapayan            =    potongan awak anu salawasna pantes maké baju potongn kumaha baé.
b.    Mucul eurih                 =    potongan ramo anu dianggap alus, laléncop kawas pucuk eurih
c.     Taktak korangeun       =    potongan taktak anu kawas korang, lamun maké baju sok sonday ( morosot/ngampléh) waé
d.    Héjo carulang             =    warna kulit anu dianggap alus, bodas anu aya sari-sari héjo, kawas warna pucuk carulang
e.     Ngadaun seureuh        =    potongan beungeut anu lencop, kawas daun seureuh salambar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar