Halaman

Minggu, 27 Januari 2013

KECAP RAJEKAN

Dina paguneman sapopoe urang sering ngedalkeun kecap-kecap saperti ieu di handap:
1. tatajong, babanda, totoker, ciciwit, gagaro, jeung sajabana
2. guru-guru, aki-aki, nini-nini, murid-murid, jeung sajabana
3. bulak-balik, tual-toel, pucak-pacok, larak-lirik, jeung sajabana
4. dar der dor, blag blig blug, jeung sajabana.
Kecap-kecap nu ditataan bieu lamun ditaliti kalawan imeut breh wae aya engang anu dibalikan deui dua kali atawa leuwih boh sabagian boh sagemblengna. Eta kecap teh dina tata basa Sunda disebut kecap rajekan.

Engang mimiti nu dibalikan deui dua kali katiten tina kecap-kecap dina conto kahiji. Kecap-kecap saperti bieu dina tata basa Sunda disebut kecap rajekan dwipurwa.
Conto kecap rajekan dwipurwa lianna upamana bae : kokoreh, bubura, cacakar, gogodeg.
Catetan, teu sakabeh kecap nu engang mimitina sarua kaasup kecap rajekan dwipurwa. Sawatara kecap sapert kukupu, papatong, cucunguk, dudukuy, jeung boboko lain kecap rajekan dwipurwa tapi mangrupa kecap asal nu mangrupa ngaran sato atawa barang.
Sakur kecap anu dibalikan deui sagemblengna bari teu robah sora vokalna, saperti dina conto nomer 2 disebut kecap rajekan dwilingga murni atawa dwimurni. Kecap nu bisa dirajek make rajekan dwimurni lolobana mangrupa kecap barang, kecap sipat, kecap kaayaan, jeung kecap bilangan.
Contona: meja-meja, pinter-pinter, geulis-geulis, buruk-buruk,  hiji-hiji, jeung rea-rea deui.
Kecap-kecap nu dibalikan deui dua kali sarta robah sora vokalna saperti dina conto nomer 3 disebut kecap rajekan dwilingga reka atawa rajekan dwireka. Kecap-kecap nu sering dirajek dwireka lolobana mangrupa kecap pagawean. Conto sejenna upamana bae: kurah-koreh, pulang-paling, budag-badug, jeung rea-rea deui.
Kecap-kecap nu bisa dibalikan deui tilu kali saperti dina conto nomer 4 disebut rajekan trilingga. Tri (tilu) lingga (sagemblengna), sarta mangrupa kecap nu diwangun ku saengang.
(Cag sakieu heula. Hurip Sunda!)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar