Halaman

Selasa, 29 Januari 2013

NASKAH MACA WARTA BASA SUNDA



 Assalamu’alaikum war.wab.
Sampurasun!

Wilujeng tepang sareng... dina warta siang.
Warta-warta penting nu seja didugikeun diantawisna:
1.      Kagiatan Milangkala Kabupaten Majalengka ka- 623
2.      Kagiatan Milangkala PGRI ka- 67

Warta salengkepna.

Warta kahiji, Milangkala Kabupaten Majalengka ka- 623
Salasa, 17 Juni  2012, Masarakat Kabupaten Majalengka nu ngawengku sadaya lapisan masyarakat kayaning paraguru, sakumna PNS, aparatur pamarentahan desa, aparatur pamarentahan kacamatan, instansi-instansi nu aya sabudeureun Kabupaten Majalengka, parainohong, organisasi pamuda, jeung lian-lianna ngayakeun rupaning kagiatan dina raraga milangkala Kabupaten Majalengka nu ka 623. Kagiatan utama nu dilaksanakeun nyaeta jalan santey nu langsung diluluguan ku  Bapa H. Sutrisno salaku Bupati Majalengka.

Rupaning kagiatan nu dilaksanakeun teh mibanda tujuan pikeun ngaraketkeun rasa mibanda tur mikacinta ka dayeuh maneuh lemah cai tempat ngancikna nyaeta Kabupaten Majalengka. Lian ti eta, dina biantarana, Bupati Majalengka nandeskeun ka sakumna masyarakat Majalengka sangkan teu kendat ngaronjatkeun iman tur katakwaan ka Alloh SWT ku cara ngalaksanakeun sadaya parentahanana tur nebihan cegahanana sarta ngaronjatkeun rasa syukur ka Manten-Na nu teu kendat ngalungsurkeun ni’matna ku cara ngaraketkeun tatali asih, sabeungkeutan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, silihasah silihasih paheuyeuk-heuyeuk leungeun enggoning miara hasil pangwangunan tur ngaronjatkeun pangwangunan di Kabupaten Majalengka.
Ku cara kitu Bupati Majalengka pinuh pangharepan Majalengka REMAJA (religius, maju tur sejahtera) baris gancang kahontal.

Warta kadua, Milangkala PGRI ka- 67
Rebo, 15 Juli 2012, Wakil Bupati Majalengka, DR.H Karna Sobahi,M.M.Pd. ngaluuhan acara Milangkala PGRI ka- 67 tingkat Kacamatan Cingambul. Kasumpingan Wakil Bupati Kabupaten Majalengka pujeun muka rupaning kagiatan nu dilaksanakeun dina raraga milangkala PGRI ka-67. di Kacamatan Cingambul. Tujuan  eta kagiatan pikeun ngahudangkeun tur ngaronjatkeun rasa mibanda kana organisasi profesi (PGRI) nu meungkeut sakumna guru sa-Indonesia hususna di Kacamatan Cingambul . Wakil Bupati miharep sangkan  sakumna guru nu aya di Kacamatan Cingambul terus ngaronjatkeun rasa sabeungkeutan tur kamampuhna pikeun dikamalirkeun deui ka putra atikanana nu baris jadi gaganti enggoning miara, ngamumule, tur ngaronjatkeun pangwangun saluyu jeung kabutuh masarakat tur ayana kasinambungan jeung pangwangunan nu dilaksanakeun hususna di Kabupaten Majalengka.

Sakitu warta nu tiasa didugikeun, hatur nuhun kana perhatosanana.
Wassalamu’alaikum war. Wab.

1 komentar: