Halaman

Selasa, 29 Januari 2013

SISINDIRAN



1.   Mésér bubur ka Cihaur
      Jalanna mapay Cigowong
      Ka batur mah nitah jujur
      Soranganna purah bohong
2.   Manuk piit jeung tikukur
      Disamberan ku japati
      Mun nu alit resep syukur
      Bakal diasih ku Gusti
            3.   Momotoran sisi jalan
                  Ngaliwat ka sasak saat
                  Lamun urang ngaku iman
                  Ulah poho kana sholat
4.   Ka Jakarta meuli sénter
      Mésérna caket jalan tol
      Lamun urang hayang pinter
      Diajarna kudu getol
            5.   Lamun rék néangan batu
                  Kudu nu warnana coklat
                  Mun  rék néangan minantu
                  Kudu kanu rajin sholat
6. Ka Ciamis meuli nangka
    Ngaliwatan Panawangan
    Neng Geulis teh nu ti mana
    Abdi mah hoyong nepangan
              7. Ti Cikijing ka Cirawa
                  Meser dukuh jeung pisitan
                  Henteu jingjing henteu bawa
                 Da puguh ti pasisian
8. Wayang mana wayang mana
    Wayang Wisnu pangsisina
    Hayang mana hayang mana
    Hayang nu ipis kumisna
               9. Panyingkiran Jatitujuh
                   Ngaliwatan Sasakbeureum
                   Pipikiran teu paruguh
                   Ngemutan nu acuk beureum
10. Asa hoyong angeun waluh
      Angeun waluh dirantangan
      Asa hoyong geura wawuh
      Geus wawuh rek dianjangan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar