Halaman

Senin, 28 Januari 2013

BAHAN KULTUM (DUIT SAJUTA)



BAHAN KULTUM
DUIT SAJUTA
(DU’A, USAHA, IMAN, TAQWA, SABAR, JUJUR, TAWAKAL)
Ibu rumah tangga bakal ngaraos tenang lamun ngadaduhan duit sajuta. Resiko dapur moal kurat karet. Rencang sangu sabulaneun mah sigana bakal kagaleuh, moal kudu nganjuk ngahutang.
Pon kitu, Manah/hate bakal ngarasa tengtrem, ayem, tumaninah lamun dina diri urang ngagaduhan tabeat, sipat, kadaek nu mangrupa duit sajuta.
DUIT SAJUTA teh akronim atawa pondokna tina du’a, usaha, iman, taqwa, sabar, jujur, tawakal.
D – Du’a :     mangrupa usaha batiniah. Urang diparentah pikeun menta ka Alloh margi mantenna maha beunghar, maha ngadangu, maha uninga kana kaperyogian urang. (Ud’uunii astajiblakum), prak menta ka kami, kami nu bakal ngaijabahna . oamt ulah menta ka salian ti Alloh, margi kalebet pagawean syirik, nu pasti bakal nyilakakeun dunya aherat.
U – Usaha :   mangrupa usaha lahiriah. Manusa diwajibkeun ihtiar pikeun nyumponan sagala nu dipikabutuhna. Boh kabutuh urusan dunya boh kabutuh urusan aherat (ibadah) kudu ditarekahan ku cara usaha anu soson-soson. Ulah leleda, ulah mumul, tur puraga tamba kadenda.
I – Iman :    nyaeta kayakinan nu nyangkaruk dina qolbu yen sagala terekah nu dibarengan ku du’a bakal disubadanan ku Alloh SWT. Margi manten-Na pisan nu maha welas maha asih. Yakin mung Alloh nu wajib disembah sareng mung ka Alloh nyuhunkeun pitulung.
T – Taqwa : darajat nu pangmulyana disagedengeun Alloh. Jalmi nu kaancikan sipat mutaqin bakal ati-ati dina lumampah sabab aya kasieun bisi sagala rengkak polahna mengpar tina jalan Alloh. Jalma nu taqwa bakal ikhlas, tumampi, tur ngalaksanakeun sagala parentah nu Maha Kawasa. Sami’na wa atho’na, ngadangu sarta taat.
Sa- Sabar :    bisa nahan diri tina rupaning hal nu tumiba. Jalmi sabar bakal tenang dina mayunan sagala kajadian sabab pinuh ku kayakinan yen sagala perkara eta ti Alloh SWT. Jalmi sabar henteu cicing, tapi bakal tetep narekahan pikeun ngungkulan hiji masalah. Sabar enggoning ibadah, sabar pami mayunan musibah, sabab mayunan kahirupan dunya, sabar tina maksiat, nahan diri sangkan teu tigebrus kana maksiat.
Ju – Jujur :    teu miboga sipat curaling. Dina kaayaan kumaha bae panceg kana pamadegan anu bener. Ngadek sacekna, nilas saplasna, teu ponteng ka nu koneng, teu cueut ka nu hideung. Mun beureum disebutkeun beureum. Manah, letah jeung lampah saluyu (Qoulan sadiidan, nyarita anu bener). Mun salah ditepikeun yen eta teh salah, mun bener teu ragu-ragu ditepikeun benerna.
Ta – Tawakal : pasrah sumerah kana katangtuan Gusti. Hasil usaha jeung du’a sadayana disanggakeun ka Gusti. Manusa mung darma usaha. Katangtuan aya di Manten-Na (Alloh SWT.). jalmi nu tawakal bakal ayem tengtrem, teu galideur, moal pegat pangharepan. Lamun hasil usahana anjeunna bakal syukuran, mun can hasil bakal terus ngusahakeun dibarengan ku kasabaran.
  


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar