Halaman

Minggu, 11 Januari 2015

NGARUMAT BASA SUNDA (TATAKRAMA BASA BAGIAN 2)




TATAKRAMA BASA (BAGIAN 2)
 
Sampurasun!
Pedaran nu tipayun parantos dieceskeun tatakrama basa nu raket patalina sareng gaganti ngaran. Malihan dijentrekeun deuih kumaha larapna dina kalimah.
Dina pedaran ayeuna, kumaha tatakrama basa nu patali sareng pancakaki, oge larapna dina kalimah?
Titenan deui tabel kecap-kecap nu patali sareng pancakaki (edisi Januari 2015)!
Dina paguneman sapopoe, seueur keneh anu kaliru keneh enggoning ngalarapkeun kecap nu patali jeung pancakaki. Upamana bae ngalarapkeun kecap pun lanceuk, pun bojo pikeun ka batur; masangkeun kecap pun jeung kecap pikeun ka batur, upamana pun rai, pun raka, pun rama.
Kumaha larapna anu saluyu jeung tatakrama basa dina paguneman? Mangga urang sami titenan paguneman ieu!

Bp. Sobarna
:
Sampurasun, Mang!
Mang Sukria
:
Rampes, Aeh geuning Bapa Sobarna! Mulih ti mana Pa?
Bp. Sobarna
:
Eta, Mang wangsul ti alun-alun. Ngajagjagkeun suku, rada rarengkeng puguh ge.
Mang Sukria
:
Geuning nyalira wae. Henteu sareng geureuha?
Bp. Sobarna
:
Ah, sorangan we. Pun Bojo keur saksak-siksik keneh di dapur. Ari Mamang keur naon aya di apotek?
Mang Sukria
:
Numawi bade meser landong kanggo pun anak.
Bp. Sobarna
:
Nya kunaon kitu tuang putra teh?
Mang Sukria
:
Saur pun lanceuk nu kaleresan mantri mah gejala flu. Rupina wireh aya parobihan cuaca Pa.
Bp. Sobarna
:
Nya muga-muga we enggal damang! Hayu atuh Mang!
Mang Sukria
:
Amin! Hatur nuhun pidu’ana, Pa!

Sabada nitenan paguneman di luhur, aya dua ragam basa nu digunakeun, nyaeta basa loma jeung basa lemes pikeun ka batur. Mang Sukria mah ngagunakeun basa lemes, sedengkeun Bapa Sobarna mah ngagunakeun basa loma.

Ieu di handap aya paguneman anu ngagunakeun basa lemes pikeun sorangan jeung basa lemes pikeun k batur. Mangga titenan kalawan gemet!

Bu Sumiati
:
Assalamu’alaikum, Bu Endah!
Bu Endah
:
Wa’alaikumsalam warohmatullohi wabarokatuh, Bu Sumiati!
Bu Sumiati
:
Bade angkat ka mana Ibu teh, katawis rurusuhan kitu?
Bu Endah
:
Nu mawi bade ka bumi pun aki.
Bu Sumiati
:
Ku naon kitu tuang eyang teh?
Bu Endah
:
Ah teu ku nanaon. Eta saurna aya pun paman ti Bandung silaturhmi.
Bu Sumiati
:
Oh, tuang rama dosen UPI tea?
Bu Endah
:
Sumuhun. Saurna bade nyakolakeun putrana di dieu, supados kaaping ku pun aki dina widang agamana. Aeh dupi Bu Sumiati bade ngersakeun ka mana?
Bu Sumiati
:

Bu Endah
:



Tidak ada komentar:

Posting Komentar