Halaman

Minggu, 11 Januari 2015

NGARUMAT BASA SUNDA (TATAKRAMA BASA )

Tatakrama Basa Sunda (1)









URANG RUMAT BASA SUNDA











Tatakrama basa Sunda nyaéta ragam basa Sunda (diksi) anu dipaké atawa dipilihna dumasar kana kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana.
Istilah tatakrama basa Sunda numutkeun hasil Kongrés Basa Sunda taun 1988 di Cipayung, Bogor, dipaké pikeun ngagantikeun istilah undak-usuk basa Sunda. Alesanana nyaéta lantaran undak-usuk basa awalna dimaksudkeun salaku panta-panta basa pikeun ngabédakeun kaayaan sosial masarakatna. Sedengkeun tatakrama basa Sunda dimaksudkeun pikeun silihormat jeung silihajénan.
Sahanteuna aya dua ragam dina tatakrama basa Sunda, nya éta basa hormat jeung basa loma. Basa hormat umumna dipaké dina suasana resmi, nyarita jeung nu dipihormat, ogé nyarita jeung nu can wanoh. Sedengkeun basa loma umumna dipaké dina suasana loma atawa jeung batur nyarita nu geus loma.
Sabenerna aya hiji deui ragam basa Sunda, nyaéta basa kasar atawa garihal. Ragam basa ieu sok dipakéna sawaktu keur ngambék, nyarékan, paséa, ngécé, atawa ka sato. Tangtuna lantaran kasar, ragam basa ieu teu kaasup kana tatakrama.
Sangkan leuwih écés tur paham enggoning ngagunakeun tatakrama basa Sunda, ngawitan pedalan ayeuna urang pedar ngeunaan larapna basa Sunda dina kalimah.
1.       Gaganti ngaran
No.
Loma (a)
Hormat ka sorangan (b)
Hormat ka batur (c)
1.
2.
...
3.
...
4.
...
anjeun, salira
5.
...
6.

Conto larapna dina kalimah
1.       a.  Akang mah rék indit poé isuk ka Palasah téh, da ayeuna mah geus burit!
b.  Akang mah badé mios dinten énjing ka Palasah téh, da ayeuna mah tos burit!
c.  Dupi Engkang badé iraha angkat ka Palasah téh?
2.       a. Kuring mah rék maksakeun milu kémping da hayang meunang pangalaman!
b. Abdi mah badé maksakeun ngiring kémping da palay kénging pangalaman!
3.       a. Kuring saréréa milu icikibung mantuan masangkeun ténda.
b. Abdi sadayana ngiring ngabantos masangkeun ténda.
4.       a.  Maneh rék  milu menjelajah moal, Man?
c.  Anjeun badé ngiring menjelajah moal, Man?
5.       a.  Tong milu ka manéhna atuh ari sok diheureuyan mah!
c.  Saur saha anjeunna sok ngalatih PBB?
6.       a.  Ku sorangan ogé teu nanaon nyieun tihang bandéra mah.
b. Ku sorangan ogé teu sawios-wios ngadamel tihang bandéra mah.
c. Nyalira waé angkat ka Bumi Perkémahan Cibodas téh Kang?
2.   Pancakaki
loma
Hormat keur sorangan
Hormat keur batur
                                                                                                                        (hanca)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar