ATIKAN ISLAM DINA BABASAN JEUNG PARIBASA
1. MUNJUNG ULAH KA GUNUNG MUJA ULAH KA SAGARA, MUNJUNG MAH KUDU
KA NU AGUNG MUJA MAH KUDU KA NU MAHA KAWASA
Ungkara bieu
ngandung ajén
atikan anu kacida luhungna, nyaéta ngawangun hiji kayakinan anu buleud
teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan. Ngatik urang sunda sangkan mibanda
karakter anu pengkuh yen hiji-hijina pamuntangan mung gusti nu Maha Agung. Mung
Alloh anu wajib dipunjung, manten-Na pisan pujaeun sakumna manusa nu iman tur
takwa. Sagala bangbaluh jeung kabutuh mung manten-Na nu tiasa dipundut
pitulung. Umat Islam sawadina mibanda ieu karakter sangkan hirupna aya dina
kasinugrahan rohmat jeung pitulung Alloh SWT.
Islam ngatik
sangkan umatna teu midua haté enggoning mangéran. Tauhidna ajeg panceg, mung
Alloh sahiji nu disembah, mung Alloh sahiji pamuntangan. Tegesna teu ngancik
ati musrik, teu nyangkaruk qolbu nu giruk, éstu ati wening beresih caang
bulan opat welas ihlas manah mung ka Gusti nya sumembah.
Sing saha nu
suméndér
mung ka Alloh, moal kuciwa. Sing saha nu munajat ka manten-Na, moal sulaya.
Sawangsulna sing saha nu midua haté “musrik” tinangtu baris tunggara sanés
waé
di dunya malah di ahérat moal pinanggih bagja.
Sing saha nu
munjung ka gunung moal jucung, da gunung mah sok rajeun urug. Sing saha nu muja
ka sagara moal lana, da sagara mah bisa saat.
Pidawuh
manten-Na dina Al-Quran: “Saéstuna Alloh moal ngahampura sing
saha anu musrik ka manten-Na sarta baris ngahampura dosa salian ti éta”.
Pidawuh sanésna:
“Ulah rék nyarékatkeun Alloh jeung naon waé
ogé,
saéstuna
musrik téh
dosa nu kacida gedééna”.
2. INDUNG TUNGGUL RAHAYU BAPA TANGKAL DARAJAT
Salaku anak
nu mibanda rasa jeung rumasa, baris bisa nyawang alam katukang. Kumaha hésé bélékéna
indung jeung bapa enggoning ngatik, ngadidik, ngamumulé, ngaping jeung ngajaring anak
sangkan anak aya dina kayaan waluya, jatnika, tur bagja hirupna. Salapan bulan
indung ngakandung. Teu katara aral subaha, najan beurat tetep ihlas. Dalah dina
kaayaan tunggara, indung leuwih ngutamakeun kasalametan utun inji sangkan bisa
gubrag ka alam dunya aya dina kaayaan waluya.
Poéan
jabang bayi medal, indung nandonkeun nyawa. Nyeri peurih teu dirasa dapon anak
bisa ka luar tina guha garba kalawan salamet. Manah bungah bungangang, leungit
rasa kanyeri, ilang katunggara mangsa babaran. Kaubaran ku medalna buah ati
kembang soca. Orok beureum nu anyar medal ku indung dinangna-néngné
lir nanggeuy endog beubeureumna.
Dua taun
campleng anak nyeuseup getih “cisusu” indung. Diaais ti leuleutk, diaakod ti
jaman bolon, diongkled-ongkled ti lemét kénéh. Peuting teu tibra saré,
beurang teu kaur dahar. Nu diurus ukur anak. Jasa indung moal kagambar ku
carita.
Mun nalaah
jasa bapa, hese rek nyarita da puguh moal bisa kaukur ku catur. Bapa luut leet
kesang nyiar kipayah. Indit isuk mulang sore neangan napakah pikeun ngabayuan
anak jeung pamajikan. Beurang peuting teu weleh mikir sangkan kabutuh tetep
kasuwuk, sandang pangan kacumponan.
Satékah
polah dipilampah, tihothat ngatik ngadidik anak sangkan bisa hirup bagja,
luhung ku élmu
jembar panalar. Anak Hirup jeung huripna.
Ungkara
paribasa di luhur sanajan pondok tapi ngandung ajen atikan nu kacida munelna
pikeun urang Sunda hususna. Ieu hal teh
saluyu jeung atikan Islam. Islam ngagambarkeun kumaha tahapan diciptakeunana
manusa, kaayaan dina jero beuteung indung, kawajiban indung pikeun nyusuan
anak, sarta kumaha kuduna ngatik ngadidik anak sangkan jadi anak nu soléh.
Islam ogé
ngatik sangkan manusa mibanda karakter nu bisa mulang tarima ka nu gedé
jasana nyaéta
indung jeung bapa. Ngatik sangkan anak hormat tilawat ka indung jeung bapa,
kudu hadé
sikep jeung paripolah, kudu handap asor dina cumarita, ulah ungpang kana paréntahna
salila éta
paréntah
saluyu jeung aturan Alloh katut rosulna.
Sing saha nu
diikarido ku indung jeung bapa baris meunang karidoan ti gustina. Sedengkeun
anu dibendu ku indung jeung bapana, Alloh oge bendu.
Pidawuh
manten-Na : ”Pék syukuran ka kami jeung ka indung bapa anjeun”.
Rosululloh ogé ngadugikeun: “rido Alloh téh aya dina karidoan indung
jeung bapa, bebendon Alloh aya dina bebendon indung jeung bapa”.
HADE GOGOG HADE TAGOG
Salasahiji pakeman urang Sunda nu bisa ngaraketkeun tali mimitran nyaeta sikep enggoning ngagunakeun basa dina campur gaul sapopoe. Satemenna sacara hukumulloh, singsaha nu migawe hade ka nu lian pinasti bakal meunang pangwales kahadean ti nu lian. pon kitu dina cumarita. Lamun urang miharep pangwales ku basa nu hade tinangtu urangna oge kudu cumarita ka nu lian ku basa nu hade.
Mun nalungtik pituah kolot, sok aya basa kieu : "Ujang mangkade hidep teh sing hade gogog hade tagog ngarah dipikaresep tur dipikanyaah ku batur!"
Hade sarua jeung alus, ari gogog eta anjing atawa asu. Eta pakeman teh mangrupa hiji pitutur ka sakumna manusa lain wungkul ka urang Sunda, da basa mah unggal bangsa jeung selerna pada miboga.
Lamun diluyukeun jeung katerangan (ajaran Islam) eta pakeman teh kacida saluyuna boh pidawuh Alloh boh Rosulna sapagodos pisan.
Dina Al-Quran seueur ayat nu marentah sangkan urang nyarita kalawan hade. Diantarana wae : WaQuulu qoulan ma'ruufa, waquuluu linnasi husna jeung rea-rea deui. atuh dina hadis didugikeun, "Falyaqul khoiron au liyasmut (Pok nyarita kalawan hade atawa jempe}.
Cindekna yu urang jadi jalma nu hade tata hade basa, sangkan bisa hirup sauyunan paheuyeuk-heuyeuk leungeun, silih asah silih asih silih asuh.
(lajengkeuneun)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar