Halaman

Kamis, 02 Mei 2013

LIMA KAUNTUNGAN BUKU



LIMA KAUNTUNGAN TINA BUKU

Buku bisa dijadikeun sobat dalit nu sajati. Kalimah bieu kacida wijaksanana! Hiji  buku nu hade bisa ngobah kaayaan rasa anu sepi tur mere rupaning pangaweruh anu loba kacida. Kitu deui buku bakal bisa minuhan poe-poe kalawan pinuh ku kaendahan saperti endah tur bagjana mun babarengan jeung kakasih. malah buku bisa jauh lebih hade batan kakasih . Enya kitu? Geura teuleuman sababaraha alesan nu dilansir magforwomen . 

1. Buku moal menipu atawa nganyeyeri Urang
Eusi buku moal nipu atawa nganyeyeri Urang. Beda jeung kakasih nu bisa nganyeyeri atawa ngabohong ka panutanana.
 

2. Buku bisa nuduhkeun gambaran nyata dunya
Beda jeung dunya fantasi cinta, buku bakal ngajadikeun salira  di dunya anu nyata. kakasih mungkin ngajadikeun salira milamun sababaraha mangsa patali jeung rasa cinta. Tapi buku bakal ngajadikeun salira leuwih deukeut jeung bebeneran. Buku  nu hade pinasti bisa mantuan pikeun ngusir tur ngaleungitkeun kakurangan salira sarta jadi insane nu leuwih hade.

3. Moal ngajadikeun salira ngarasa sepi (tiiseun)
Manusa nu micinta kana buku moal kungsi ngarasa tiiseun. Salira bisa ngajadikeun buku keur ngaleungitkeun rasa sepi, mangrupa hiburan unggal mangsa. Buku bisa ngahibur iraha bae, upamana ku maca buku fiksi, drama, carita nu matak kukurayeun malah asmara.
Beda deui jeung kakasih, mun lawung kudu dumasar kana jadwal. Malah kalan-kalan sok ninggalkeun sababaraha mangsa. Kumaha buku? Beda jeung kabogoh atawa kakasih, buku moal pikaboseneun malah ninggalkeun.

4. Mere pangaweruh
Ku cara maca buku, elmu pangaweruh bakal nambahan. Sabalikna, teu  sakabeh kakasih bisa mere elmu pangaweruh. Unggal jalma mibanda kaweruh nu beda. Lamun kakasih teu mibanda kaweruh anu lega, obrolan teu moal ngeusi, malah moal boa loba nu teu mangpaat.

5. Buku nu hade bisa jadi guru dina kahirupan
Hiji  buku nu hade pasti bisa ngajarkeun bedana salah jeung bener. Buku bisa mere atikan  moral anu hade tur hikmah tina kahirupan.
 

Catetan: Buku bisa jadi leuwih hade batan kakasih, tapi teu ngandung harti kudu putus jeung kakasih sarta bobogohan jeung buku. Jadikeun buku hiji sobat dalit nu saban mangsa bisa nambah kaweruh urang.



2 komentar:

  1. Punten gaduh soal UAS B. Sunda Semester 2 kelas 7 sareng 8?

    BalasHapus
  2. Aduh...hapunten lami teu muka blog. nembe kabuka ayeuna! Hapunten pisan nya!

    BalasHapus