Pilih
jawaban nu pangbenerna ku cara nyakra (X) aksara a, b, c, atawa d!
A. Wacana
1 (pikeun soal no. 1 – 5)
Urang
sering miceunan waktu, dipaké ngobrol teu puguh, teu dieusian ku élmu. Kumaha
bisana urang rék meunang kamajuan. Umat Islam baheula, maju lantaran
soson-soson néangan élmu. Saperti Imam Syafi’i, Imam Ghozali, Ibnu Shina, jeung
réa-réa deui. Urang bakal mundur lamun males néangan élmu. Nabi Muhammad
SAW tos wasiat ka urang sadaya anu
unggelna : “Aranjeun kedah diajar élmu, sabab upama tambah élmu, maka bakal
tambah sieun ku Alloh swt. Sarta bakal jauh tina ma’siat-ma’siat. Jeungna deui
ari tolab élmu téh kaasup ibadah.”
1.
Pangna
manusa loba nu teu maju téh
lantaran ...
2.
Ciri
jalma nu loba élmuna
nyaéta...
a.
loba
bukuna b. tambah sieun ku Alloh c. babari nyiar gawé d.
pada mikaresep
3.
Akibat
tina males néangan
élmu nyaéta...
a.
Hésé
digawé b. moal loba baraya c. hirup moal aya hargana d. teu boga wibawa
4.
Dina
bacaan aya sababaraha kecap serepan tina basaArab. Ieu di handap, pilih kecap
nu lain serepan tina basa Arab!
a.
rapat b. jakat c. wasiat d. ma’siat
5.
Sakur
pagawéan nu
dilaksanakeun sarta luyu jeung paréntah
Alloh disebut...
a.
dolalah b. ibadah c. wasilah d. bid’ah
B. Wacana
2 (pikeun soal no. 6 – 10)
Sanajan urang
kampung tur jalma miskin, tapi Si Sabar mah hadé ahlakna. Ka Indung tara
ngalawan, tara nyusahkeun. Kitu deui ka sasaha teu weléh hormat. Tong boro ka
saluhureun, diheureuyan ku nu sahandapeun ogé tara ngalawan. Mun aya nu ménta
tulung teu pernah ménta buruh. Malah boro-boro dipénta sanajan teu dipénta ogé
mun aya nu butuh ku tanagana, si Sabar mah teu hararésé. Atuh saréréa ogé
resepeun ka manéhna téh. Komo indungna mah.
Pagawéan sapopoéna
éta indung jeung anak téh ngasruk ka tengah leuweung, maksudna ngala daun jati
atawa suluh pikeun jualeun ka pasar. Kituna gé ka pasarna téh teu unggal poé da
puguh jauh sarta kagok ari jualeunana saeutik mah. Nya ka pasarna téh tilu poé
sakali atawa saminggu sakali.
6.
Ahlak
nu saluyu jeung ngaran palaku (Si Sabar)
dina sempalan dongéng
nyaéta...
a.
hadé ahlakna b. tara
ngalawan c. teu weléh
hormat d. teu hararésé
7.
Pangna
Si Sabar dipikaresep ku papada jalma téh
nyaéta...
a.
goréng ahlakna b. resep
ngalawan c. teu hormat d. teu hararésé
8.
Kecap
sasaha dina kalimah “Kitu deui ka sasaha teu weléh hormat.” Kaasup kana kecap rajékan...
a.
dwimurni b. dwipurwa c. dwimadya d. dwiréka
9.
Kecap-kecap ieu di handap, mana nu kaasup kana kecap rajékan dwimurni?
a.
boro-boro b. sapopoéna c. sasaha d. saréréa
10.
“Pagawéan sapopoéna
éta indung jeung anak téh ngasruk ka tengah leuweung, maksudna ngala daun jati
atawa suluh pikeun jualeun ka pasar.” Kecap sapopoé dina kalimah
bieu kaasup kana kecap rajékan...
a.
dwimurni b. dwipurwa c. dwimadya d. dwireka
C. Wacana
3 (pikeun soal no. 11 – 15)
Momotoran
sisi jalan
Ngaliwat
ka sasak saat
Lamun
urang ngaku iman
Ulah
poho kana sholat
Ka
Jakarta meuli sénter
Meserna
caket jalan tol
Lamun
urang hayang pinter
Diajarna
kudu getol
11.
Ditilik
tina wangunna, éta
sisindiran kaasup kana wangun...
a.
wawangsalan b. paparikan c. rarakitan d.
guguritan
12.
Ditilik
tina eusina, éta
sisindiran téh
mangrupa...
a.
piwuruk b. banyol c. silih asih d. heureuy
13.
Dina
sisindiran nu kahiji, mana nu kaasup bagian cangkang?
a.
Momotoran sisi jalan; ngaliwatan sasak saat
b.
Ngaliwat ka sasak saat; lamun urang ngaku iman
c.
Lamun urang ngaku iman; ulah poho kana sholat
d.
Ulah
poho kana solat; momotoran sisi jalan
14.
Dina
Sisindiran pada kadua, mana nu kaasup bagian eusi?
a.
Ka Jakarta meuli sénter; mésérna caket jalan
tol
b.
mésérna caket jalan tol; lamun urang hayang
pinter
c.
lamun urang hayang pinter; diajarna kudu getol
d.
diajarna kudu getol; ka Jakarta meuli sénter
15.
Kecap
nu murwakanti dina sisindiran di luhur aya dina ungkara ieu di handap.
a.
Momotoran sisi jalan; lamun urang ngaku iman
b.
Ngaliwat ka sasak saat; lamun urang ngaku iman
c.
Lamun urang ngaku iman; ulah poho kana sholat
d.
Ulah
poho kana solat; momotoran sisi jalan
D.
Wacana
4 (pikeun soal no. 16 – 20)
Rebo, 5 Pebruari 2013, Wakil Bupati
Majalengka, DR.H Karna Sobahi,M.M.Pd. ngadongdon ka Desa Wangkelang Kacamatan
Cingambul pikeun masrahkeun kadeudeuh ka paraguru madrasah nu aya di Kacamatan
Cingambul. Eta kagiatan diluuhan ku paraguru madrasah, parakepala madrasah, ku
parainohong, paraulama, pangurus organisasi pamuda, jeung aparatur pamarentah désa
nu aya di Kacamatan Cingambul. Tujuan éta
kagiatan nyaéta pikeun méré motivasi ka paraguru madrasah
nu gedé jasana enggoning ngaronjatkeun ajén atikan widang agama.
Wakil Bupati miharep sangkan paraguru madrasah terus icikibung kalawan pinuh ku
kaihlasan enggoning ngatik barudak dina widang agama sanajan taya upahna. Harepan
ku ngaronjatna sumanget paraguru madrasah, ajén atikan agama
di Kabupaten Majalengka ngaronjat sarta bisa ngawujudkeun generasi nu religius.
16.
Wacana
di luhur téh lamun
disawang tina eusina kaasup kana ...
a.
dongéng b. carita pondok c.
warta d.
laporan kagiatan
17.
Naon
tarékah pamaréntah Kabupaten Majalengka pikeun
ngawujudkeun generasi nu religius?
a.
ngayakeun
rakor
c.
nyieun madrasah
b. ngagajih guru madrasah d. ngaronjatkeun
ajén atikan
agama
18.
Kalimah
nu eusina miboga tujuan pikeun méré nyaho ka nu lian ngeunaan hiji
hal disebut...
a.
pananya b. paréntah c. paménta d. wawaran
19.
Pilih,
mana nu kaasup kalimah wawaran basajan!
a.
Manéhna keur ulin di buruan. c. Pun Bapa nuju maos majalah.
b.
Bapa
Juhadi angkat ka Cirebon. d. Poé Minggu barudak latihan Paskibra
di lapang sépakbola.
20.
Ieu
di handap, mana nu kaasup kalimah wawaran jembar!
a.
Manéhna keur ngala jambu. c. Pun Bapa nuju nuju
kulem.
b.
Bu
Mimin angkat ka Cirebon . d.
Barudak keur latihan degung
21. Kalimah anu caritaanana diwangun
ku kecap bilangan disebut...
a.
kalimah
wawaran c.
kalimah paréntah
b.
kalimah
pananya d.
kalimah bilangan
22. Mana kalimah bilangan nu
nuduhkeun tahapan!
a.
wulan
putra katilu tina lima sadulur. c.
Buku kuring 50 lambar.
b.
Mansur
nuju ngala buah kénging
tilu siki. d. Sakola abdi dua tingkat.
23. Pilih ku hidep, mana nu kaasup
kalimah bilangan nu nuduhkeun jumlah!
a.
Sakola
abdi dua tingkat. c.
Semester kamari abdi kahiji di kelas téh.
b.
Neng
Asri putra panengah tina tilu sadulur. d.
Dinten Senén téh tujuhna pun Paman.
24. Pangna seni Sunda loba nu ampir
leungit lantaran...
a.
Loba
nu teu resepeun c.
kapangaruhan ku adat jeung kabiasaan nu
jolna di deungeun
b.
Mekarna
seni dangdut d.
ayana televisi nu mintonkeun seni anyar
25. Seni Sunda nu tetep hirup sarta
dipikaresep nyaéta....
a.
wayang
golék b. pantun c.
sampyong d. surak
ibra
Bener kah jawabannya?
BalasHapus