UPACARA ADAT SUNDA
SUNGKEM
Alhamdulillah
wasyukrulillah. Ijab qobul parantos lekasan. Kiwari parantos cindek, dua insan
resmi jatukrami mungkas mangsa lalagasan.
Salajengna,
tawis insan anu iman tur soleh, Eling kana purwa dumadi. Ti mendi nya kawit, ti
mana nya asal. Cukang lantaran diyugakeun ku ibu rama.
Ku kituna
sumangga ka panganten sakalih dihaturanan sungkem ka ibu sewang-sewangan.
(singkem ka
ibu sewang-sewangan)
Kunasari:
Duh Ibu hapunten abdi
Tina sugri kalepatan
Rumaos abdi rumaos
Abdi sering ngaraheutan
Ibu kantos kahesean
Ngurus abdi ti kapungkur
Ngamongmong ngadama-dama (2X)
Anaking mangka
emut “Ridollohi firidowalidain. Wasuhtullohi fiisuhtihima…”
Karidoan
Alloh gumantung kana ridona ibu sinareng rama. Sawangsulna, bebendu Alloh
gumantung kana benduna ibu sinareng rama.
(sungkem ka
rama sewang-sewangan)
Duh Apa sungkemeun abdi
Nu ngayuga ngarasanan
Ngabayuan hese cape
Bela tur nyaah ka putra
Abdi mah kantun raosna
Abdi sujud neda ampun
Neda jembar hapuntenna (2X)
Duh…
anaking, beubeulahan jiwa Apa. Apa rido anaking dug hulu pet nyawa, nyiar
pakeun pikeun hidep. Ieu tanggel waler Apa sangkan hidep bagja waluya.
(sungkem ka
ibu mertua)
Jemplang
Bangkong
Nyanggakeun sungkem pangbakti
Ka salira nu miheman
Mageuhan tali kasono
Widi ibu kalih apa
Abdi tiasa laksana
Pidu’a anu kasuhun
Enggoning ngalakirabi (2X)
Anaking jimat awaking, ibu bagja liwat saking.
Hidep baris ngaping ngajaring, rumawat ka anak ibu. Masing teteg, masing panceg. Ulah ham ham. Du’a ibu
nyarengan lumampahna hidep.
(sungkem ka
apa mertua)
Apa anu mikaasih
Abdi neda pidu’ana
Oge mugi Apa rido
Seja miheman ka putra
Sapapait samamanis
Sasarengan silih tuyun
Ngahontal rido pangeran (2X)
(Du’a anak
sholeh)
Nun Gusti
mugi Gusti ngahapunten kalepatan diri abdi, pon kitu kalepatan sepuh abdi.
Sareng gusti mikanyaah mikaasih ka aranjeunna sapertos aranjenna mikanyaah ka
abdi waktos alit.
Neda widi copas kang...
BalasHapusijin copas kang
BalasHapusIjin copas.. Moga manfaat
BalasHapusAlhamdulillah,sampurasun dulur,kuring ngaraos bingah nu tan wates wangena,rehing geuning aya keneh nu micinta ki sunda,Alhamdulillah.
BalasHapusIzin copas ya...
BalasHapusNuhun
BalasHapusWidi copas kakang π
BalasHapusWidi copas dulur π
BalasHapusWidi copas kang π
BalasHapusWidi copas kangπ
BalasHapuswidi copas kang ...
BalasHapusNuhun,kabantos kacida
BalasHapusizin copas ki sunda
BalasHapusNuhun pisan, kacida ageung manpaatna
BalasHapusIzin copas akang
BalasHapusijin copas ya
BalasHapuswidi copas kang
BalasHapusngiring bingah, rumpaka kalintang nyusun simpel tur ngeusi.
BalasHapushaturnuhun pangersa.
punten neda widi copas pangersa.
Salam pangwanoh neda widi kanggo nyutat, mugia berkah.
BalasHapuswidi copas
BalasHapusmanawi nyondong contoh videona?
BalasHapusijin mengamalkan ki sunda mugia aya dina ridona
BalasHapusNeda widi copas kang...
BalasHapusIjin copy
BalasHapusNeda Widi Bade di salin ...hatur nuhun
BalasHapusMohon izin untuk menyalin... terima kasih
BalasHapusIdzin screnshot
BalasHapusIzin Screenshoot
BalasHapusIzin copas kang jazaakalloh
BalasHapusNeda Widi abdi copas kang
BalasHapusHtur nuhu Kang, ngiring copas,...
BalasHapusIzin kopas pak
BalasHapus