SOAL UJIAN AKHIR (UAS)
KELAS IX TAHUN 2012
Pilih
jawaban nu pangbenerna ku cara nyakra (X) aksara a, b, c, atawa d!
A. Wacana
1 (pikeun soal no. 1 – 5)
Urang
sering miceunan waktu, dipaké ngobrol teu puguh, teu dieusian ku élmu. Kumaha
bisana urang rék meunang kamajuan. Umat Islam baheula, maju lantaran
soson-soson néangan élmu. Saperti Imam Syafi’i, Imam Ghozali, Ibnu Shina, jeung
réa-réa deui. Urang bakal mundur lamun males néangan élmu. Nabi Muhammad
SAW tos wasiat ka urang sadaya anu
unggelna : “Aranjeun kedah diajar élmu, sabab upama tambah élmu, maka bakal
tambah sieun ku Alloh swt. Sarta bakal jauh tina ma’siat-ma’siat. Jeungna deui
ari tolab élmu téh kaasup ibadah.”
1.
Pangna
manusa loba nu teu maju téh
lantaran ...
a.
getol
diajar b. getol nyiar harta c. kedul nyiar élmu d. resep diajar
2.
Ciri
jalma nu loba élmuna
nyaéta...
a.
loba
sobatna b. tambah sieun ku Alloh c. babari nyiar gawé d.
pada mikaresep
3.
Akibat
tina males néangan
élmu nyaéta...
a.
luhur
pangkat b. loba baraya c. hirup moal aya hargana d. teu boga wibawa
4.
Dina
bacaan aya sababaraha kecap serepan tina basaArab. Ieu di handap, pilih kecap
nu lain serepan tina basa Arab!
a.
maju b. ibadah c. wasiat d. ma’siat
5.
Sakur
pagawéan nu
dilaksanakeun sarta luyu jeung paréntah
Alloh disebut...
a.
maju b. ibadah c. wasiat d. ma’siat
B. Wacana
2 (pikeun soal no. 6 – 10)
Sanajan urang
kampung tur jalma miskin, tapi Si Sabar mah hadé ahlakna. Ka Indung tara
ngalawan, tara nyusahkeun. Kitu deui ka sasaha teu weléh hormat. Tong boro ka
saluhureun, diheureuyan ku nu sahandapeun ogé tara ngalawan. Mun aya nu ménta
tulung teu pernah ménta buruh. Malah boro-boro dipénta sanajan teu dipénta ogé
mun aya nu butuh ku tanagana, si Sabar mah teu hararésé. Atuh saréréa ogé
resepeun ka manéhna téh. Komo indungna mah.
Pagawean
sapopoéna éta indung jeung anak téh ngasruk ka tengah leuweung, maksudna ngala
daun jati atawa suluh pikeun jualeun ka pasar. Kituna gé ka pasarna téh teu
unggal poé da puguh jauh sarta kagok ari jualeunana saeutik mah. Nya ka pasarna
téh tilu poé sakali atawa saminggu sakali.
6.
Ahlak
nu saluyu jeung ngaran palaku (Si Sabar)
dina sempalan dongeng nyaéta...
a.
hadé ahlakna b. tara
ngalawan c. teu weléh
hormat d. teu hararésé
7.
Pangna
Si Sabar dipikaresep ku papada jalma teh nyaeta...
a.
goreng ahlakna b. resep
ngalawan c. teu hormat d. teu hararésé
8.
Kecap
sasaha dina kalimah “Kitu deui ka sasaha teu weléh hormat.” Kaasup kana kecap rajekan...
a.
dwimurni b. dwipurwa c. dwimadya d. dwireka
9.
Kecap-kecap ieu di handap, mana nu kaasup kana kecap rajekan
dwimurni?
a.
boro-boro b. sapopoéna c. sasaha d. saréréa
10.
“Pagawean
sapopoéna éta indung jeung anak téh ngasruk ka tengah leuweung, maksudna ngala
daun jati atawa suluh pikeun jualeun ka pasar.” Kecap sapopoe dina kalimah bieu
kaasup kana kecap rajekan...
a.
dwimurni b. dwipurwa c. dwimadya d. dwireka
C. Wacana
3 (pikeun soal no. 11 – 15)
Momotoran
sisi jalan
Ngaliwat
ka sasak saat
Lamun
urang ngaku iman
Ulah
poho kana sholat
Ka
Jakarta meuli sénter
Meserna
caket jalan tol
Lamun
urang hayang pinter
Diajarna
kudu getol
11.
Ditilik
tina wangunna, éta
sisindiran kaasup kana wangun...
a.
wawangsalan b. paparikan c. rarakitan d.
guguritan
12.
Ditilik
tina eusina, éta
sisindiran téh
mangrupa...
a.
piwuruk b. banyol c. silih asih d. heureuy
13.
Dina
sisindiran nu kahiji, mana nu kaasup bagian cangkang?
a.
Momotoran sisi jalan; ngaliwatan sasak saat
b.
Ngaliwat ka sasak saat; lamun urang ngaku iman
c.
Lamun urang ngaku iman; ulah poho kana sholat
d.
Ulah
poho kana solah; momotoran sisi jalan
14.
Dina
Sisindiran pada kadua, mana nu kaasup bagian eusi?
a.
Ka Jakarta meuli sénter; mésérna caket jalan
tol
b.
mésérna caket jalan tol; lamun urang hayang
pinter
c.
lamun urang hayang pinter; diajarna kudu getol
d.
diajarna kudu getol; ka Jakarta meuli sénter
15.
Kecap
nu murwakanti dina sisindiran di luhur aya dina ungkara ieu di handap.
a.
Momotoran sisi jalan; lamun urang ngaku iman
b.
Ngaliwat ka sasak saat; lamun urang ngaku iman
c.
Lamun urang ngaku iman; ulah poho kana sholat
d.
Ulah
poho kana solat; momotoran sisi jalan
D.
Wacana
4 (pikeun soal no. 16 – 20)
Rebo, 15 Pebruari 2012, Wakil Bupati
Majalengka, DR.H Karna Sobahi,M.M.Pd. ngaluuhan acara Rakor Sinkronisasi
Program Kerja Taun 2012 nu dilaksanakeun di Aula Manggala Abdi Praja Kacamatan
Cingambul. Rakor diluuhan ku parainohong, paraulama, pangurus organisasi
pamuda, jeung aparatur pamarentah désa nu aya di Kacamatan
Cingambul. Tujuan éta
rakor pikeun nyukséskeun program kerja
pamaréntah Kabupaten Majalengka taun 2012.
Wakil Bupati miharep sangkan pangwangunan nu baris dilaksanakeun taun 2012
saluyu jeung kabutuh masarakat tur ayana kasinambungan jeung pangwangunan nu
dilaksanakeun taun saméméhna.
Rarancang program kerja taun 2012 utamana nyoko kana tilu hal nyaéta
program pikeun ngaronjatkeun IPM ku cara nyadiakeun tempat dagang di rest area, program pikeun ngajait
masarakat miskin, sarta program pikeun ngurangan angka pengangguran di Kabupaten Majalengka.
16.
Wacana
di luhur téh lamun
disawang tina eusina kaasup kana ...
a.
dongéng b. carita pondok c.
warta d.
laporan kagiatan
17.
Naon
tarékah pamaréntah pikeun ngaronjatkeun ékonomi rahayat?
a.
ngayakeun
rakor
b. nyieun rest area b. bedah rumah d. raskin
18.
Kalimah
nu eusina miboga tujuan pikeun méré nyaho ka nu lian ngeunaan hiji
hal disebut...
a.
pananya b. parentah c. paménta d. wawaran
19.
Pilih,
mana nu kaasup kalimah wawaran basajan!
a.
Manéhna keur ulin di buruan. c. Pun Bapa nuju maos
majalah.
b.
Bapa
Juhadi angkat ka Cirebon. d.
Poé Minggu
barudak latihan Paskibra di lapang sépakbola.
20.
Ieu
di handap, mana nu kaasup kalimah wawaran jembar!
a.
Manéhna keur ngala jambu. c. Pun Bapa nuju nuju
kulem.
b.
Bu
Mimin angkat ka Cirebon . d.
Barudak keur latihan degung.
E.
Wacana
5 (pikeun soal no. 21 – 25)
Lobana
Kecap/mnt
21. Tina data nu aya dina
tabel/grafik di luhur, sabaraha urang nu
pangalusna dina maca?
a.
3 b. 15 c. 8 d. 5
22. Sabaraha urang nu kamanpuh macana
handap?
a.
2 b. 3 c. 5 d. 8
23. Kalimah anu caritaanana diwangun
ku kecap bilangan disebut...
a.
kalimah
wawaran c.
kalimah paréntah
b.
kalimah
pananya d.
kalimah bilangan
24. Mana kalimah bilangan nu
nuduhkeun tahapan!
a.
Néng wulan putra kahiji tina lima
sadulur.
b.
Jang
Mansur nuju ngala buah kénging
tilu siki.
c.
Buku
kuring 50 lambar.
d.
Sakola
abdi dua tingkat.
25. Pilih ku hidep, mana nu kaasup
kalimah bilangan nu nuduhkeun jumlah!
a.
Sakola
abdi dua tingkat. c.
Semester kamari abdi kahiji di kelas téh.
b.
Neng
Asri putra panengah tina lima sadulur. d.
Dinten Senén téh tujuhna pun Paman.
F.
Wacana
6 (pikeun soal no. 26 – 30)
Kumaha kamekaran seni Sunda kiwari ?
Pasualan éta geus remen jadi bahan padungdengan.
Pangna kitu téh lantaran kahirupan urang Sunda kiwari geus loba kapangaruhan ku
adat jeung kabiasaan nu jolna di deungeun. Eta hal téh gedé pangaruhna kana
hirup huripna Seni Sunda. Karasa pisan, seni Sunda anu sakitu euyeubna téh
nungtutan laleungitan. Sok sanajan kitu, henteu kabéh matak pikasalempangeun,
sabab aya kénéh seni Sunda anu hirup, mekar, sarta tetep dipikaresep.
Kasenian Sunda nyampak tur mekar di unggal
wewengkon, upamana baé wayang golék, calung, kendang penca, jeung degung. Ari anu hirup sarta mekar di hiji atawa
sawatara wewengkon nyaéta sampyong di Kabupaten Majalengka jeung
sabudeureunana, Sisingaan di Kabupaten Subang, Kuda Rénggong di Kabupaten
Sumedang, Tarling di Kabupaten Indramayu, Bénjang di Kabupaten Bandung, Surak
Ibra jeung Dodombaan di Kabupaten Garut.
26. Pangna seni Sunda loba nu ampir
leungit lantaran...
a.
Loba
nu teu resepeun c.
kapangaruhan ku adat jeung kabiasaan nu
jolna di deungeun
b.
Mekarna
seni dangdut d.
ayana televisi nu mintonkeun seni anyar
27. Seni Sunda nu tetep hirup sarta
dipikaresep nyaéta....
a.
wayang
golék b. pantun c.
sampyong d. surak
ibra
28. Salah sahiji tarekah sangkan seni
Sunda henteu leungit nyaéta...
a.
diajarkeun
di sakola c.
tong dipiara
b.
diantep d.
tong ditanggap
29. Seni Sunda khas Kabupaten
Majalengka nyaéta...
a.
sisingaan b. kuda renggong c. sintren d. sampyong
30. Palaku seni nu nepikeun carita
wayang disebut...
a.
alok b. dalang c. sinden d. nayaga
G.
Wacana
7 (pikeun soal no. 31 – 35)
Heug
regepkeun barudak pek turut Indung
jeung Bapa
Pepeling
ti paraguru Laksanakeun
parentahna
Nu
baris ngeusian pikir Ulah sok
diajar melid
Nu
bakal nyaangan rasa Anggur masing rapekan
Mun
ku hidep digarugu Ngarah kolot
henteu ngungun
31. Pangna urang kudu ngaregepkeun
piwuruk guru nyaéta...
a.
Sangkan
jadi jalma nu soleh c.
Sangkan jadi jalma nu caang rasa
b.
Sangkat
jadi jalma nu taat d.
sangkan jadi jalma nu jujur
32. Dina eusi sajak pada kadua, kudu
kumaha sangkan kolot urang ngarasa bungah?
a.
kudu
bageur b. kudu pinter c. kudu taat d. kudu bener
33. Sipat nu nyababkeun kolot urang
ngungun nyaeta...
a. bageur b.
melid c.
taat d.
bener
34. Kecap nu ngandung harti konotatif
aya dina dina kalimah...
a.
Nurut
kana piwuruk guru bakal nyaangan rasa.
c. Ambéh
caang mah ganti atuh lampuna!
b.
Saha
nu kamari nyaangkeun lampu? d.
Abdi kamari hudang téh
tos caang.
35. Pilih kalimah nu ngandung harti dénotatif!
a.
Nurut
kana piwuruk guru bakal nyaangan rasa. c.
Si Samsa mah gedé
huluna.
b.
Mun
urang amis budi mah tangtu padamikaresep.
d. Maman mah najan beunghar, tara
nepak dada.
H.
Wacana
8 (pikeun soal no. 36 – 40)
“
Abdi kamari waktos icalan mendak ieu
dompet !” ceuk Oman bari ngasongkeun dompet.
“
Alhamdulillahirobbil’alamin. Aduh ...hatur nuhun pisan Kasep. Leres
ieu teh dompet Bapa !” ceuk nu boga imah bungaheun pisan.
Geus
puguh kitu mah Oman jeung Bapana amitan. Nu boga dompet nganuhunkeun bari
ngeupeulan duit ka Oman. Sanajan kekepehan oge ahirna mah ditarima da nu boga dompet teh maksa. Oman jeung Bapana marulang bari hate
bungah lantaran geus bisa mikeun dompet ka nu bogana.
36. Palaku utama dina sempalan carita pondok di luhur nyaéta......
a.
Bapana
Oman b. Nu boga dompet c. Oman d. Mamahna Oman
37. Amanat nu hayang ditepikeun ku
pangarang éta carita
pondok nyaéta saperti ieu di handap,
iwal....
a.
Urang
kudu getol usaha c.
Jadi jalma kudu jujur
b.
Kudu
ikhlas dina migawé
hiji perkara d. Kudu daék nganuhunkeun kana kahadéan batur
38. Kumaha sikap nu boga dompét sanggeus narima dompét nu dianteurkeun ku Oman?
a.
ngambek
ka Oman b. teu méré budi ka Oman c. nganuhunkeun ka Oman d. teu nuhun-nuhun acan
39. “Nu
boga dompet nganuhunkeun bari ngeupeulan duit ka Oman.” Nu kaasup kecap rundayan tina kalimah bieu nyaéta...
a.
boga b. dompet c. nganuhunkeun d. duit
40. Oman
jeung Bapana marulang bari hate bungah lantaran geus bisa mikeun dompet ka nu
bogana. Rarangken
tukang –na dina kecap bogana ngandung harti...
a.
milik b. barang c. pagawean d. kaayaan
I.
Wacana
9 (pikeun soal no. 41 – 45)
Qur’an firman Pangeran
Dilungsurkeun sasih Ramadan
Eusina pituduh jeung pangajaran
Pikeun ngajak kana kaimanan jeung
kasabaran
41. Sempalan sajak di luhur eusina nétélakeun...
a.
Cara
maca Qur’an
b.
Sasih
Ramadan sasih nu mulya
c.
Qur’an
mangrupa pituduh kana kaimanan
d.
Kudu
resep maca Qur’an
42. Kalimah anu kecapna murwakanti
dina sajak di luhur nyaéta...
a.
Qur’an
firman Pangeran c.
Dilungsurkeun sasih Ramadan
b.
Eusina
pituduh jeung pangajaran d. Pikeun ngajak
kana kaimanan jeung kasabaran
43. “Bapa kuring rék indit ka sakola.” Mun dirobah
kana basa lemes bakal saperti ieu di handap.
a.
Bapa
abdi badé indit ka
sakola. c. Bapa
kuring badé mios ka
sakola.
b.
Pun
Bapa badé mios ka
sakola. d. Pun Bapa
badé angkat ka
sakola.
44. Mana kalimah nu luyu merenah
sarta jeung tatakrama?
a.
Manéhna keur kulem mani pules pisan. c. Anjeunna keur saré mani pules.
b.
Manéhna nuju mondok mani pules. d. Anjeunna nuju kulem mani
pules.
45. Pilih kalimah nu luyu jeung
tatakrama!
a.
Imah
kuring mah sisi jalan raya. c.
Rorompok kuring sisi jalan raya.
b.
Bumi
abdi sisi jalan raya. d.
Bumi kuring sisi jalan raya.
J.
Wacana
10 (pikeun soal no. 46 – 50)
Regepkeun
ku parasiswa
Nu
nuju nyuprih pangarti
Nyiar
luang pangabisa
Pek
ulik masing kaharti
Ulah
rék bosen ati
Pon
kitu ngarasa ngangluh
Ulah
kendat tumanya
Pami
hidep tacan ngarti
Sangkan
élmu tumerap salalawasna
46. Patokan (guru lagu jeung guru
wilangan) rumpaka pupuh di luhur nyaéta...
a.
8-a,
8-i, 7-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
b.
8-a,
8-i, 8-a, 7-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
c.
8-a,
8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
d.
8-a,
8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 7-i, 12-a
47. Dumasar kana eusi pupuh di luhur,
kudu kumaha sangkan élmu
tumerap salalawasna?
a.
Kudu
diulik masing kaharti c.
Kudu daék tumanya
ka guru
b.
Ulah
ngarasa ngangluh d.
Ulah bosen nyiar élmu
48. Sanggeus hidep nalaah eusi éta pupuh, kumaha watekna?
a.
Ngébréhkeun kabungah c. Ngébréhkeun kasedih
b.
Mangrupa
piwuruk d.
Ngagambarkeun kabingung
49. Aksara Sunda pikeun kalimah “Abdi
nuju ujian nasional” nyaéta...
a.
Abdi
nuju Ujian; nsiOnl; c. Ab;di nuju Ujian; nsiOnl;
b.
Ab;di
nj Ujian; nsiOnl; d.
Ab;di
nuju Ujian nsiOnl
50. Aksara laten pikeun ungkara
kalimah “ {l;mu
tuNtut; duJ siAQ “ nyaéta...
a.
élmu
kudu ditungtut c.
dunya kudu disiar
b.
élmu
tuntut dunya siar d.
élmu kudu
disiar
Tidak ada komentar:
Posting Komentar