Kalimah Langsung Jeung Kalimah Teu Langsung
Ditilik tina cara ngébréhkeunana (nyaritakeunana), kalimah téh bisa dibagi dua, nyaéta kalimah langsung jeung kalimah teu langsung.
Kalimah Langsung
Anu dimaksud kalimah langsung
nyaéta kalimah anu langsung diucapkeun ku panyaturna.
Dina basa tulisan, omongan si panyatur téh ditempatkeun dina jero tanda
kekenteng atawa tanda petik ( “....” ). Ilikan contona di handap!
Conto I
- “Sareng saha badé angkat ka Majaléngka téh?” Bibi naros.
- Dodo gancang ngagorowok, “Dagoan heula atuh, euy!”
- “Pun lanceuk mah nembé mulih ti Kadipatén,”ceuk Utin.
- “Mah, widian atuh abdi ngiring kémping, nya?” Vina ngarenghik ka indungna
- “Mending gé miluan latihan Pramuka téh!” ceuk Suparman ka batur sabangkuna.
Dina karangan, boh carita
pondok boh novel, kalimah langsung téh mindeng kapanggih. Malah aya
nu geus teu maké katerangan deui, tapi urang
ngarti saha-sahana anu nyarita. Geura baca
ieu cutatan carita di handap.
Conto 2
“Uha, Uha. Ka dieu....!” ceuk
indungna ti pawon.
Suhadi nyampeurkeun ti pipir,
nyekel péso raut jeung raraga langlayangan can anggeus.
“Aya naon, Ema?” cenah.
“Geura anteuran bapa manéh, tah dina jingjingan!”.
“Jeung bagian kuring ieu éh, Ema?”.
“Hih, ulah sok ngaréwong ka kolot! Kop waé di dieu rék dahar mah”
“Di mana Bapa téh digawéna?”.
“Di ditu di kebon Pa Unang.”
“Aah milu, Ka Uha! “ ceuk si
Aah, adina.
“Entong! Di dieu waé jeung Ema. Kaka mah rék tuluy ngarit”.
“Milu waé atuh ké dibantuan ku Aah!”
“Hih, entong, sok aya badak!” ceuk Uha bari ngarongkong arit tina bilik.
Ceg jingjingan, ceg karanjang jukut, léos indit. Si Aah merengut, dicombo
seupan taleus ku indungna.
Sanajan teu
disebutkeun ku pangarang, nu maca nyaho yén palaku dina paguneman di luhur téh
nyaéta Ema, Uha, jeung Aah.
Kalimah Teu Langsung
Kalimah teu langsung nyaéta
kalimah anu diucapkeun henteu langsung ku panyaturna, sipatna naratif (nyaritakeun).
Ilikan conto di handap!
- Imas nyarita ka indungna yén manehna rék latihan kasenian di sakola.
- Kang Adé bébéja ka Pa RT, poé ieu moal bisa gotong royong nyieun sasak.
- Dudung amanat ka sobatna yén lamun geus tepi ka Ckijing peupeujeuh kudu nyuratan.
- Bu Tati nerangkeun ka parasiswa yén maca téh penting pisan pikeun nambahan pangaweruh.
- Pa Kuwu nandeskeun yén sakumna warga kudu miara kabersihan lingkungan masing-masing.
Kalimah langsung bisa dirobah jadi kalimah teu langsung, di antarana ku cara nempatkeun
jejer ( subjek ) di awal kalimah.
Conto :
Kalimah Langsung
1.
“Jat, iraha rék aya pintonan sampyong téh?” Kang Deni nanya.
2.
“Engké malem Ahad,
Kang” témbal Jajat.
Kalimah Teu Langsung
1.
Kang Déni nanyakeun ka Jajat ngeunaan iraha-irahana
rék aya pintonan sampyong.
2.
Jajat ngajawab yén pintonan sampyong téh dina malem Ahad.
Kalimah
langsung anu aya di handap, pék ku hidep robah jadi kalimah teu langsung.
1.
“Saha anu ayeuna teu sakola?” saur Bu Nina ka siswa
kelas tilu.
2.
“Buru atuh rék milu mah, bisi ditinggalkeun
ku batur!” ceuk Anang ka adina.
3.
“Tadi mah di dieu majalah téh disimpenna, gigireun mesin tik.” Ceuk Néngsih ka lanceukna.
4.
Pa Wawan nyauran supirna, “Mang, ka dieu heula, bari
sakalian candak kantong dina jero jok pengker!”
5.
“Mending ka Leuwi Sééng nguseup téh, ngarah laukna
galedé”, ceuk Sarman ka Dodong.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar