Sampurasuun!
Dulur-dulur
nu dipihormat, Bapa kalih Ibu guru nu dipihormat.
Kumaha
daramang?
Alhamdulillah
upami sami aya dina kawilujengan mah, margi eta pisan nu ku urang disuhunkeun
teh.
Dina
ieu kasempetan sim kuring bade ngadongeng nu judulna “Nyaah ka kolot”.
Panasaran? Kieu yeuh dongengna teh.
Kacarioskeun,
di hiji leuweung nu kacida legana tur pinuh ku rupa-rupa tangkal nu
jarangkung badag sarta rupa-rupa sato boh nu galak boh nu henteu, aya
kulawarga bagong nu cicingna di hiji guha nu aya di tengah eta leuweung. Eta
guha teh kacida bunina, moal gampang kapanggih ku nu ngaliwat sabab panto
guhana kahalangan ku areuy jeung eurih anu jarangkung.
Di
jero eta guha indung bagong jeung anakna keur ngalobrol.
|
Anakna
|
Ma,
ku naon disidik-sidik ku abdi, tos sababaraha dinten teh ngan ngaheruk bae
sarta sapertos nu nangis. Aya naon, Ma? Cing carioskeun ka abdi?
|
Indungna
|
Ah,
teu aya nanaon ujang. Geus ujang mah tong loba pikiran. Anggur mah sing jadi
budak nu bageur, hade ka sasama, ulah nyieun kagorengan. Sing soleh.
|
Anakna
|
Ma,
perkawis eta mah ema sing percanten. Abdi bakal ngalaksanakeun naon nu
diamanatkeun ku ema.
|
Indungna
|
Syukur
ari kitu mah. Ema ngarasa bungah. Teu melang lamun ninggalkeun ujang teh.
|
Anakna
|
Maksad
ema teh kumaha? Bade ninggalkeun ujang, kamana atuh ema teh?
|
Indungna
|
Ujang,
anak ema nu bageur. Sabenerna ieu pisan nu jadi sabab ema sok huleng jentul
malah nepi ka ngucurkeun cimata.
|
Anakna
|
Pok,
ma carioskeun ka abdi, tong aya nu disumputkeun.
|
Indung
bagong tuluy nyaritakeun yen sababaraha bulan katukang, boga jangji ka
sakadang maung. Lamun anakna geus gede sarta bisa neangan dahareun sorangan,
indung bagong pasrah mun rek didahar ku sakadang maung oge, asal anakna teu diganggu.
Atuh
sanggeus ngadenge dongeng indungna kitu teh, anak bagong kacida sedihna sarta
ambekna ka sakadang maung. Manehna kacida nyaahna ka indung nu geus melaan
manehna nepi ka jangji ka sakadang maung.
|
Anakna
|
Ma,
tong hariwang. Ema tos melaan abdi dugi ka bisa hirup sorangan. Ayeuna bagian
abdi nu kedah melaan ema.
|
Indungna
|
Ulah,
ujang! Sakadang maung lain lawaneun urang. Da puguh manehna mah raja leuweung
nu telenges.
|
Anakna
|
Ma,
teu aya deui nu dipikanyaah ku abdi iwal ti ema. Keun kumaha abdi bae. Piraku
Pangeran teu nulungan mahlukna nu tunggara.
|
Indung
bagong teu bisa kumaha. Manehna ngarasa bungah sabab tetela anakna teh
nyaaheun pisan ka manehna.
Keur
kitu, kadenge aya sora gegerem ti luar guha.
|
Maung
|
Geeer,
auuum. Hey, bagong, kaluar! Geura pasrahkeun awak maneh, ayeuna geus waktuna
ku kula rek di dahar.
|
Anak
bagong kaluar ti guha bari nyarita
|
Hey
sakadang maung, ulah ngageroan indung kuring. Ayeuna mah kuring nu rek melaan
nu jadi kolot.
|
Maung
|
Geeer.
Sukur lamun kitu mah. Ka dieu maneh teh anakna nya? Daging maneh moal liat, tulang
maneh pasti rangu teu cara indung maneh.
|
Anak
bagong
|
Tenang.
Kuring moal jalir. Ngan menta tempo sapoe, kuring rek neangan heula dahareun
keur indung kuring.
|
Maung
|
Heug,
ku kula dibere waktu nepi ka poe isuk. Ngan awas lamun isuk jalir jangji, maneh
jeung indung maneh rek didahar ku kula.
|
Anak
bagong
|
Heug,
kuring moal jalir.
|
Sanggeus
sakadang maung indit, anak bagong ngaleos ninggalkeun guha. Manehna ngasruk
ka tengah leuweung, maksudna rek neangan sakadang peucang nu kungsi nulungan
indungna sababaraha bulan katukang. Sanajan geus cape, awak leuleus, manehna
terus mapay-mapay leuweung. Manehna hayang bebela ka indungna nu gede jasana
ka manehna jeung dulur-dulurna.
Teu
kacaturkeun. Barang ngareret ka lebah sisi jurang, katempo aya sakadang
peucang keur ngajanteng.
|
Anak
bagong
|
Hey,
sakadang peucang, dagoan, ieu kuring tulungan!
|
Peucang
|
Aya
naon, anjeun ngageroan kuring?
|
Anak
bagong
|
Cing
kuring jeung indung kuring tulungan. Sakadang maung isukan boga maksud rek
maehan kuring jeung indung kuring.
|
Peucang
|
Kurang
ajar tah sakadang maung teh. teu aya kapokna. Kieu ayeuna mah, jung bae
mulang. Keun isukan kuring ka ditu!
|
Pondok
carita, isukna sakadang peucang geus aya di hareupeun guha sakadang bagong
bari ngadagoan datangna sakadang maung. Teu lila datang sakadang maung. Manehna
kaget barang nempo sakadang peucang aya di dinya.
|
Maung
|
Geeer.
Auum! Hey peucang, aya naon maneh di die hah?
|
Peucang
|
Puguh
ngahaja ngantosan kanjeng raja. Aya nu kedah didugikeun.
|
Maung
rada leuleuy sabab peucang nyebutna kanjeng raja
|
Aya
naon, siga nu penting pisan. Gancang bejakeun, kula geus teu sabar sarta
lapar. Hayang geura-geura ngadahar anak bagong.
|
Peucang
|
Tenang
kanjeng raja. Aya masalah nu kedah direngsekeun heula ku kanjeng raja. Upami
teu enggal direngsekeun, kanjeng raja moal jongjon tuang anak bagong.
|
Maung
|
Naha?
Aya naon kitu?
|
Sakadang
peucang ngarasa bungah lantaran maung bisa kapancing ku caritaanana. Manehna
tuluy mapanas sakadang maung yen aya maung sejen nu leuwih gagah sarta gede
datang ka eta leuweung bari nangtang gelut ka sakadang maung.
Atuh,
sakadang maung kacida ambekeunana.
|
Maung
|
Kurang
ajar. Aya nu cumantaka ka kula. Di mana ayeuna?
|
Peucang
|
Sabar
kanjeng raja. Ku urang kudu didatangan tapi ulah gareuwah. Engke upami
kanjeng raja tos dugi ka tempatna, kanjeng raja kudu langlung ngaerem sarta
molotot ngarah reuwaseun. Mu manehna molotot deui,ulah asa-asa ku kanjeng
raja kedah dirontok sakaligus.
|
Maung
|
Heug.
Hayu urang indit ayeuna keneh!
|
Duanana
ngajugjug ka hiji tempat dituturkeun ku sakadang bagong jeung anakna.
Barang
nepi ka sisi sumur panuduhan peucang, sakadang maung ngadepong bari ngeteyep
ngadeukeutan eta biwir sumur. Sanggeus tepi langsung manehna ngagerem sarta
molotot.
Katembong
di jero sumur aya nu molotot sarta calangap. Anggapan maung eta teh musuhna,
padahal kalangkang manehna. Atuh teu asa-asa, gajleng manehna luncat ka jero
sumur.
Gejebur,
lep, manehna tilelep.
|
Maung
|
Aduuh,
tuluung, peucang, tulungan!
|
Peucang
|
Hey,
maung jahat. Rasakeun wawales ka nu teu boga kanyaah ka papada. Modar maneh
di dinya.
|
Tidak ada komentar:
Posting Komentar