RAJA
TALAGA PALASTRA
(SASAKALA
TALAGA MANGGUNG)
Kacarioskeun, di kalereun Gunung Ciremay
nu kahalang ku Gunung gegerhalang paeunteung-eunteung jeung Gunung Cakrabuana,
aya hiji lengkob nu kacida endahna. Dipapaes ku pasir nu ngajungkiring,
padataran nu ngemploh hejo. Walungan Cileuweung jeung Cisampora katingal ti
mumunggang pasir, luar-leor arula arileu mapay-mapay padataran.
Ieu teh teu aya lian, hulu dayeuh
Karajaan Talaga, nu karatonna meneran dina lengkob Gunung Lima anu nelah Leuweung
Sanghyang. Nya karatonna oge nelah Karaton Sanghyangmanik. Najan teu pati
agreng, tapi bakal hese neangan tempat anu bisa mapakan kaendahanana.
Nu ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara taya
sanes nyaeta Raden Talagamanggung nu nampi kapercantenan ti ingkang raka Raden
garasiang putra Cikal Prabu Darmasuci nu ngadeg rajana mung kirang ti sataun
margi anjeunna kataji ku kahirupan ramana, Bagawan Darmasuci nu ngabagawan di
Padepokan Gunung Bitung tonggoheun Garasida Desa Wangkelang Kacamatan
Cingambul.
Hiji mangsa, sarengsena papasrahan
makuta karajaan ti Bagawan garasiang ka Raden Talagamanggung, puseur dayeuh
ngadadak haneuteun. Rahayat meh kabeh tumplek ka Barujaksi. Sabab di alun-alun
rek diayakeun saembara jurit marebutkeun Nyi Putri Simbar Kancana. Para satria
daratang ti mana-mana kayaning ti Rajagaluh, Tirtayasa, Sindangkasih,
Indraprasta, Sing Apura, malah nu jauhna pisan ti karajaan Keling oge aya.
Nu ditandingkeun taya lian adu jurit
ngadu kasakten jeung katapisan manah bari tumpak kuda nu keur mengpengan lumpat.
Harita parasatria ti Tanah Sunda teu aya nu bisa ngimbangan kasakten hiji
satria tedak karajaan Indrapura ti nagara sabrang lautan nu nelah Sakawirya.
Anjeunna putra Mantri Lautan ti Karajaan Pugung. Ku urang karajaan Talaga sok
disebut Raden Palembanggunung. Ngan Sakrawirya nu bisa nembongkeun
kagagahanana.
“Sakawirya unggul…! Sakawira unggul…!
Rahayat surak ambal-ambalan.
“Hey, Palembanggunung meunang..!
“Enya kuring ge nyaho. Hebat, nya?”
Sanggeus unggul jurit ngadu katapisan,
luyu jeung perjangjian, Sakawirya ditikahkeun ka Putri Simbarkancana. Teu bisa
dicaritakeun ramena pesta pernikahanana.
Ngan teu ku hanteu. Sanggeus jadi mantu
raja, Sakawirya jadi unggah adat. Jadi mindeng pesta ngawur-ngawur duit nagara
bari jeung teu puguh tujuanana. Gawena nginum tuak jeung ngadu koprok nu jadi
cegahan urang Sunda. Akibatna rea Pandita jeung Puruhita nu diusir ti nagara
sabab kumawani mepelingan Ki Senapati.
Lantaran sadar yen kas nagara geus suda,
Sakawirya mimiti ngararanacang niat mergasa mitohana.
“Cilaka, aduh..! Kumaha akalna yeuh? Kas
nagara beak. Mun kanyahoan ku mitoha, beu.. bahaya. Tangtu raja bakal ambek.”
Ceuk pikirna.
“Aing teu suka mun narima hukuman ti
raja, sanajan akibat tina laku aing sorangan! Ayeuna mah kudu paheula-heula.
Taya deui jalan iwal raja kudu dianggeuskeun ngarah teu ngahalangan kana
pamolah aing.”
Sanggeus mikir panjang, ngimeutan untung
rugina. Gilig niatna rek dienyakeun. Sakawirya ngangkir Tumenggung Citrasinga.
“Paman Citrasinga, ditalungtik ku kaula,
beuki dieu karajaan teh beuki alum. Rahayat loba nu ngalawan kana parentah.
Kana pajeg teu nyumponan. Kabutuh nagara hese nutupanana.”
“Leres pisan, pangersa. Naon ieu teh
marga lantaranana?”
“Sanggeus ku kula ditalaah, nu jadi
sabab nyaeta kurangna wibawa raja. Rahayat loba nu dibere omber, antukna
ngalawan kana parentah.”
“Pangemut salira, kumaha atuh pikeun
ngungkulanana?”
“Taya lian, ieu karajaan kudu dipingpin
ku jalma linuhung anu gagah sakti. Satria perceka. Kaula boga niat hayang
ngabela nagara, ngajait ieu nagri sangkan mulang deui kana kajayaanana.
Cindekna ieu nagara rek dirajaan ku kaula.”
“Dawuh timbalan. Kumaha carana? Pan
tuang rama mertua nuju nyaba ka luar nagara.”
“Sanggup teu Paman nelasan Prabu
Talagamanggung? Mun sanggup, Paman bakal diangkat jadi Senapati!”
“Paralun ma’lum kasuhun, Paman teu
sanggem. Margi sadayana pada uninga, raja teh teureuh Galuh nu kawentar
kasaktianana. Bororaah ku pangkat Paman saukur Tumenggung, dalah raja satatar
Jawa pan sakitu ajrihna ku pamor raja sepuh.”
“Cing aya cara sejen teu?”
“Permati raja sepuh taya lian ti ku
pusakana ku anjeun, keris sakti Ki Sanggabuana.”
Kumaha carana nelasan raja, pan kerisna
ge tara lesot tina angkengna?”
Duanana uleng neangan akal pikeun
ngungkulan eta pasualan. Teu lila…
“Teu aya deui cara, paman kudu bisa
ngolo abdi kinasih raja nyaeta Centangbarang nu ka mana bae teu weleh satia
sangkan daek maling keris Sanggabuana. Kumaha, sanggup?”
“Teu ngalalangkunganan!”
“Ha…ha…ha… Sukur, Paman mun sanggup mah.
Muga hasil nu dimaksud!”
Ti poe ka poe, Sakawirya mangaruhan ka
sakabeh pangeusi Sanghyangmanik. Pangurus nagara diwowoy ku harta banda sangkan
maranehna boga pikir yen Sakawirya jalma hade sarta balabah.
Sakawirya beuki gede hate sabab geus
bisa mangaruhan pangeusi karaton. Hiji deui nu kudu dipangaruhan nyaeta
Centangbarang.
Hiji poe Centangbarang dihiras ku
Sakawirya. Basa Centangbarang datang, Sakawirya keur paduduaan ngobrol di
pamengkang jeung nu geulis Nyai Putri Simbarkancana. Nyi putri katingal kaget
sabab peuting-peuting kudu nyaring maturan salaki nu cenah keur aya urusan
penting.
“Sampurasun, Nun. Tuang kuring cunduk
seja sumujud!” Centangbarang nu kakara mancat kana punden pamengkang harempoy
ngesod, cedok nyembah nawiskeun ajrih. Kesang tiis morolok dina tonggongna..
Kampret poleng nu hapeuk bakat ku carang dipake wuwuh jibrug.
“Rampes! Bagea sumping Mamang
Centangbarang, yap ka dieu rada deukeut!” Sakawirya budina marahmay beda cara
sasari. Make mapagkeun ka lalawangan sagala.
Gerentes hate Centangbarang, “La kadalah
aya naon yeuh, rada aneh Ki Patih teh. Make marahmay ngajak seuri sagala. Pan
sasari mah haok polotot.”
“Salse we Mamang. Kop tah nginum heula
cai lahang cai mawar dina cangkir perak paragi kula!” Sakawirya enyaan peuting
eta mah leungit jurigna.
“Sumuhun darma nganuhunkeun kana
panyaur, nampi timbalan gusti panutan.”
“Sukur ati turut keneh ka kami mah.
Tanda dia teh abdi satia nagara. Saenyana kieu Mamang. Peuting ieu teh aya nu
ngaganggu ka nagara. Ayeuna keur dioyak-oyak ku para prajurit nagara katut
parajawara. Jadi poe ieu pisan mamang kudu milu mapagkeun Rama Prabu ka
Kutawali. Jigana Ama the geus sono liwat saking ka Mamang nu sasat jadi abdi
kinasih Ama. Kumaha daek nampa parentah kula, mamang?”
“Teu maksad ngalalangkungan. Suku
sambung laku, biwir sambung lemek, darma rokrak dinyawaan. Ngiringan sapaneja.”
“Heueuh sukur ari kaharti mah. Tah ieu
bekel di jalan, duit sapundi emas, keur bekel dahar, moal hade marak maneh.
Bisi gering jadi pikir. Kula era ku pesen Ama Prabu, nitip Mamang
panguruskeun.”
“Sapundi emas? Ambu-ambu, atuh bisa
hirup sapuluh usumeun bari sila ipis, teu mikir nyeblok teu mikir tandur.”
Gerentes Centangbarang. Kacuriga hatena mimiti pupul lantaran kabeuli ku
kaheman Gusti Arya. Geus poho kana wiwitan, yen Ki Arya jadi robah pamulu. Ceuk
pikir pondokna, “Ki Patih teh geus sadar meureun, dumeh nagara aya nu
narajang.”
Centangbarang cedok nyembah, ngesod
mungkur. Geus tepi ka lalawangan cong deui nyembah. Muntirkeun badan bari
mageuhan beubeur, dipurekan sangkan teu kagok ngalengkah.
Kakara ge lima lengkah mungkur ti
pamengkang, Sakawirya ngageroan deui.
“Aeh Mamang! Mamang ke heula ketah. Bet
aya carita nu can anggeus. Kula teh poho. Yap ka dieu deui. Gage heula ka dieu
Mamang! Aya nu can kabadamikeun.”
Centang barang ngarenggog, ampir titeundeut
dina jalan lumutan. Kawantu harita poek bulan. Tincakeun teu kaciri. Jaba
pikiran kumalayang kasered ku lamunan endah kumaha jeung ka mana ngabalanjakeun
duit emas nu sapundi.
“Yap Mamang, gek diuk deui.” Sakawirya
ngagupay Centangbarang sangkan diuk deui dina urutna.
“Lain Mamang, Kami teh bet kapikiran.
Kumaha peta urang nyanghareupan karaman nu ngaranjah nagara?”
“Teu maksad ngalalangkungan. Bok bisi
teu tepi piker. Rumaos kuring mah pikirna nya heureut nya rupek.”
“Ha…ha…ha…heu...heu…heu…!” Sakawirya
seuri ngeunah naker.
“Lain kitu mamang. Ayeuna urang pikiran babarengan sangkan
nagara salamet. Sugan Mamang apal, naon atuh nu jadi tanjeuran nagara. Sabab
saban dikantunkeun ku Rama Prabu ka nagara aya bae karaman. Kumaha Mamang
apal?”
Centangbarang bati pias. Karasa bujur
kokompodan. “Duh.. boa-boa, emas sapundi teh lapur!”
“Eumh..teu apal nya? Ke..ke..ke… Ari
keris Sanggabuana, naon tah hasiatna?”
Bray lelembutan Centangbarang kumpul
deui. “Paralun, Gusti. Sanggabuana teh pusaka sakti nu kantos jadi ageman Raden
Pamanahrasa nalika masih ngalalana keneh di Amparanjati. Nu nyangking eta
pusaka tiasa ngahijikeun deui Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda.”
“Duh..hanjakal. eta pusaka aya di
Kanjeng Rama Prabu. Tah dina kieuna urang teu bisa kumaha.”
“Hatur punten Nun. Sanggabuana mah ukur
tumbal kadigjayaan nagara nu teu tiasa dihayang-hayang. Teu tiasa dipiboga ku
sing saha nu mikahayangna.”
“Enya kitu pisan Mamang. Ngan mun aya
Kanjeng Rama Prabu mah moal hariwang sabab kagungan ajian Batukarang. Salirana
teu terak digurinda, atawa gagaman tapak panday. Aeh enya mun kula boga eta
ajian, moal asa-asa karaman bakal diawut-awut, Mang. Lah hayang teuing boga eta
elmu!”
“Teu sagawayah Gusti Patih. Nu bisa
ngawasa eta elmu mah ngan nu taya udelan jiga Gusti Prabu.”
Centangbarang kajiret ku pitapak
Sakawirya.
“Kumaha kitu?”
“Nya saupami teu keuna kana permatina.
Coba upama keuna kana pingping kiwana. Bororaah ku pakarang seukeut atawa
matih. Dalah ukur kakoet ge pan langsung tiwas. Eta teh permati ajian
Batukarang.”
“Ah ari kira-kirana eleh kadar kakoet mah
mending kasaktian biasa bae atuh ari kitu mah!” Ceuk Sakawirya ngahaja
megatkeun caritaanana kitu ambeh pikiran Centangbarang teu nyangka goreng.
Sanggeus bisa ngajiret Centangbarang,
Sakawirya ngajurungkeun Centangbarang sina nepungan Cintrasinga nu geus lila
ngadagoan, seja mapagkeun Prabu Talagamanggung.
Pondok lalakon. Citrasinga jeung
Centangbarang dugi ka tempat anu dijugjug. Citrasing hasil mangruhan Prabu
Talagamanggung ku beja nu dijieun-jieun.
Waktu parasenapati bubaran.
Centangbarang masih sila mendeko nyorangan.
“Mamang Centangbarang. Diuk keneh di
dinya. Sugan aya perelu ka kaula. Pok nyarita, bisi aya nu dipenta?” Saur Prabu
Talagamanggung.
Centangbarang cong nyembah.
“Sampurasun Nun. Tuang kuring darma
rokrak dinyawaan teu werat gaduh kahoyong.”
“Tong asa-asa Mang. Pok kanda ka kami.”
“Gusti nu dipuja ku ku tuang kuring.
Tuang kuring tehe rumasa teu apal kana naon nu keur kajadian di nagara. Ngan
sakaterang, nagara diranjah ku karaman. Ceuk beja mah euwah-euwah ti
Barujaksi.”
“Eta geuning Mamang ge nyaho?”
“Soal kaamanan nagara katut ngurusna,
Gusti tos mercantenkeun ka Gusti Sakawirya.”
“Enya kitu pisan. Na kumaha kitu
kalakuan Sakawirya teh?”
“Robih pisan Nun.”
“Ke..ke...ke... robah kumaha?”
“Anjeunna tehe janten kacida bageurna.
Parasenapati padamuji. Ku ponggawa padamuja. Malah rayat leutik model kuring ge
asa kataji kapati-pati ku kabageuranana. Robah sipat Gusti Patih tehe sanes bae
dina hal balabahna, tapi sipat barangasanana urang peuntasna ge bet sirna.”
“Baruk, Sakawirya robah adat!” Prabu
Talagamanggung unggek-unggekan bari tarangna kerung. “Sukur atuh ari kitu mah.
Kula bungah boga minantu hade lampahna.”
Cong Centangbarang nyembah deui. “Tuang
kuring gaduh emutan, mun nagara keur teu aman, kudu aya panglima anu perceka
tur binekas, sayaga tur tohaga bisa ngajaga nagara. Jalma kapercayaan Gusti
sagemblengna.”
“Enya geus kapikir ku kula ge. Nu matak
sadatangna ka Talaga, kula rek amanat ka Sakawirya pikeun sagemblengna ngatur
nagara.”
“Nanging, Gusti. Pan Gusti mah
ditangtayungan ku kadigjayaan wesi kuning.”
“Kula bakal percaya sagemblengna ka
Sakawirya. Kaasup nitipkeun wesi kuning Sanggabuana putih ka manehna.”
Langit Talaga dipayungan ku bulan paro
caang tanggal 12. Tapi teu weleh angkeub jeung poek. Nu ngalayung luhureun
dayeuh ayang-ayangan ukur mega hideung. Teu isuh teu sore, hujan teu weleh
ngagurujug pacampur jeung seahna angin puyuh. Hareupeun karaton Sanghyangmanik
teu weleh banjir cileucang. Prabu Talagamanggung parantos aya di bale
panarukan, nuju ngawangkong sareng ingkang garwa oge uwa kabayan.
“Uwa, kula boga angen-angen hayang
geuwat ngabagawan. Nya pigantieun kula taya lian Nyai Simbarkancana. Ku kituna
kula hayang nyaho heula pamanggih puruhita jeung pararesi katut rayat sanagara.
Jig geura kumpulkeun!”
“Kersa dalem tinimbala. Amit mungkur
tuang kuring rek sumaur!”
Singhoreng, di unggal pongpok karaton
mata-mata Sakawirya nyampak. Citrasinga geus waspada. “Bahaya..! bahaya..! mun
tepi ka nyaur parapuruhita, pararesi jeung sakabeh rahayat. Sakabeh ceda jeung
culikana bakal katohyan.”
Citrasinga gagancangan nepungan
Sakawirya.
“Bahaya Raden. Gusti Prabu bakal
ngumpulkeun puruhita, pararesi jeung rahayat, samemeh ngabagawan.”
“Kumaha atuh peta?”
“Teu aya jalan iwal kudu ditaragal,
urang bongohan bae.”
Prabu Talagamanggung nu nuju ngantos
datangna kabayan, harita kapaksa lebet ka pajuaran. Teu tahan ku hawa tiis.
Anjeunna curiga tur dangdak-dengdek negeskeun sora nu trang-treng-trong sada
pakakas perang. Satuluyna bari pinuh ku rasa panasaran, raja kaluar.
Ngan lengkahna kadeg sabab raja ningal
kalangkang jalma sumujud payuneunana. Barang disidik-sidik sihoreng
Centangbarang, abdi kinasihna nu nyuuh bari sumegruk.
“Aya naon Mamang?”
“Gusti tuang kuring menta dihukum tilas
adegan, menta dipupus umur dipegatkeun naywa. Teu kuat nananggung dosa!” Sorana
pegat-pegat tur haroshos.
“Aya naon Mamang?”
“Si Sakawirya Gusti!” Bareng jeung
Centangbarang ngucapkeun ngaran mantu raja. Ngan sakilat aya nu ngolebat. Goak
Prabu Talagamanggung ngagorowok. Badan Prabu Talagamanggung meh-mehan ambruk.
Pingping kencana katiruk ku tumbak nu neggel kana dagingna. Centangbarang bati olohok bengong teu ngarti kana kajadian nu
ngan sakiceupan waktu.
Centangbarang nu can sadar kana eta
kajadian hareupeunana, rek nubruk badan raja nu ngarumpuyuk. Ngan barang rek
gabrug pisan newak badan raja, aya nu ngagorowok.
“Centangbarang mateni raja. Tewak euy..!
tewak..!” jleng aya nu luncat. Sihoreng Sakawirya nu dianteur ku puluhan
prajurit nu biluk ka manehna sarta ngepung Centangbarang bari ngagorowok nuduh
mateni raja. Centangbarang jadi paneumbleuhan laku Sakawirya.
Ahirna belecet Centangbarang mabur mubus
dina belegbegna peuting nu poek mongkleng. Kabeh pasukan balamati nu biluk ka
Sakawirya dihijikeun pikeun ngudag Centangbarang nu lumpat ka leuweung
larangan.
Titis tulis ti ajali. Prabu
Talagamanggung palastra ditelasan ku angkaramurka. Jasadna geus padangaropea.
Diceungceurikan prameswari katut parapangasuhna.
Sakawirya gegejret siga nu bener-bener
ambek ka Centangbarang.
“Teu ngarti, kula heran. Kapan ama teh
digjaya ingrana diaping ku pusaka linuhung. Ku naon bet apes-apes teuing make
teurak ku tumbak Si Centangbarang nu lain pusaka, kapan ukur pisuluheun!” kitu
pokna basa aya puruhita ngaliwat bari mulung popotongan tumbak nu potong
disabet ku pusaka Prabu Talagamanggung.
Puruhita neuteup anteb. Bari imut nampanan congo tumbak.
“Nyawa mah kagungan Hyang Seda, Gusti.
Nanging ieu teh kila-kila goreng. Yen nu lebur teh lain ngan ukur raja, tapi
bisa jadi jeung karajaanana. Kitu Nun sapertos katerangan ti Rajaguru, Mahayana
Bagawan Darmasuci kapungkur.”
Ceuk ujaring carita. Sabada palastrana
Prabu Talagamanggung, Karajaan Sanghyangmanik ilang tanpa karana, robah jadi
situ nu katelah Situ Sanghyang nu pernahna di Kacamatan Talaga Kabupaten
Majalengka.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar