Halaman

Sabtu, 16 Februari 2013

UPACARA SUNGKEMAN PANGANTEN



UPACARA ADAT SUNDA

SUNGKEM

Alhamdulillah wasyukrulillah. Ijab qobul parantos lekasan. Kiwari parantos cindek, dua insan resmi jatukrami mungkas mangsa lalagasan.
Salajengna, tawis insan anu iman tur soleh, Eling kana purwa dumadi. Ti mendi nya kawit, ti mana nya asal. Cukang lantaran diyugakeun ku ibu rama.
Ku kituna sumangga ka panganten sakalih dihaturanan sungkem ka ibu sewang-sewangan.

Jumat, 15 Februari 2013

DONGENG SASAKALA



RAJA TALAGA PALASTRA
(SASAKALA TALAGA MANGGUNG)

Kacarioskeun, di kalereun Gunung Ciremay nu kahalang ku Gunung gegerhalang paeunteung-eunteung jeung Gunung Cakrabuana, aya hiji lengkob nu kacida endahna. Dipapaes ku pasir nu ngajungkiring, padataran nu ngemploh hejo. Walungan Cileuweung jeung Cisampora katingal ti mumunggang pasir, luar-leor arula arileu mapay-mapay padataran.
Ieu teh teu aya lian, hulu dayeuh Karajaan Talaga, nu karatonna meneran dina lengkob Gunung Lima anu nelah Leuweung Sanghyang. Nya karatonna oge nelah Karaton Sanghyangmanik. Najan teu pati agreng, tapi bakal hese neangan tempat anu bisa mapakan kaendahanana.
Nu ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara taya sanes nyaeta Raden Talagamanggung nu nampi kapercantenan ti ingkang raka Raden garasiang putra Cikal Prabu Darmasuci nu ngadeg rajana mung kirang ti sataun margi anjeunna kataji ku kahirupan ramana, Bagawan Darmasuci nu ngabagawan di Padepokan Gunung Bitung tonggoheun Garasida Desa Wangkelang Kacamatan Cingambul.

DONGENG (NYAAH KA KOLOT)



NYAAH KA KOLOT
(Direka ku M. Yusuf S)


Sampurasuun!
Dulur-dulur nu dipihormat, Bapa kalih Ibu guru nu dipihormat.
Kumaha daramang?
Alhamdulillah upami sami aya dina kawilujengan mah, margi eta pisan nu ku urang disuhunkeun teh.

Dina ieu kasempetan sim kuring bade ngadongeng nu judulna “Nyaah ka kolot”. Panasaran? Kieu yeuh dongengna teh.

Kacarioskeun, di hiji leuweung nu kacida legana tur pinuh ku rupa-rupa tangkal nu jarangkung badag sarta rupa-rupa sato boh nu galak boh nu henteu, aya kulawarga bagong nu cicingna di hiji guha nu aya di tengah eta leuweung. Eta guha teh kacida bunina, moal gampang kapanggih ku nu ngaliwat sabab panto guhana kahalangan ku areuy jeung eurih anu jarangkung.

Senin, 11 Februari 2013

SOAL-SOAL UAS BASA SUNDA KELAS IX SMP



SOAL UJIAN AKHIR (UAS)
KELAS IX  TAHUN 2012

Pilih jawaban nu pangbenerna ku cara nyakra (X) aksara  a, b, c, atawa d!
A.       Wacana 1 (pikeun soal no. 1 – 5)
Urang sering miceunan waktu, dipaké ngobrol teu puguh, teu dieusian ku élmu. Kumaha bisana urang rék meunang kamajuan. Umat Islam baheula, maju lantaran soson-soson néangan élmu. Saperti Imam Syafi’i, Imam Ghozali, Ibnu Shina, jeung réa-réa deui. Urang bakal mundur lamun males néangan élmu. Nabi Muhammad SAW  tos wasiat ka urang sadaya anu unggelna : “Aranjeun kedah diajar élmu, sabab upama tambah élmu, maka bakal tambah sieun ku Alloh swt. Sarta bakal jauh tina ma’siat-ma’siat. Jeungna deui ari tolab élmu téh kaasup ibadah.”
1.      Pangna manusa loba nu teu maju téh lantaran ...
a.       getol diajar           b. getol nyiar harta             c. kedul nyiar élmu               d. resep diajar

DIAJAR AKSARA SUNDA


A. AKSARA HIRUP ( ak;sr hirup; )



a = A
i = I
u = U
é = {
o = O
eu = }
e = E


Contona:
a – pel  = a pel;         i – mah  = I mH            u – yah    = U yH
é - ta   = { - t          o – bat   = O bt;         eu – reun  = } - r]n;
e – nya = E J          e – mas  = E ms;          eu – keur    = } k] Q

LÉNGKAH KAHIJI
Cara praktis ngapalkeun aksara vokal

SI SABAR JEUNG NU MUSAPIR



 Tema : Nyaah ka kolot
SI SABAR JEUNG NU MUSAPIR

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh!
Sampurasuuun!

Hayang ulin ka Cikarang
Mawa kendi reujeung gendul
Hadirin wilujeng tepang
Sareng abdi ti Cingambul

Kaka-kaka, teu kakantun dulur-dulur nu dipihormat.  Sim kuring gaduh dongeng, judulna teh SI SABAR JEUNG NU MUSAPIR. Kumaha dongengna? Mangga dangukeun ku sadayana! Supados langkung sumanget, mangga,  tepuk pramuka!
Hatur nuhun!
Kieu dongengna teh. Ceuk ujaring carita, di hiji lembur anu jauh ka kota, malah mah méh sisi leuweung. Aya hiji imah geus réod. Hateupna ku daun kalapa anu diéntépkeun. Teu aya deui imah da puguh jauh ka lembur. Pangeusina hiji awéwé geus rada kolot dibarengan ku anakna nu ngaran Sabar.
Si Sabar, umurna kira-kira sabelas taun. Mun sakola mah sigana kelas lima. Dedeganana rada jangkung tur teu pati lintuh. Kituna mah pantes da hirupna gé ukur ngandelkeun tina beubeunangan usaha saaya-aya.  Daharna ukur jeung asin. Rada royal téh lamun meunang manuk puyuh  atawa kelenci leuweung anu keuna ku jaring. Papakéanana taya nu alus. Ampir kabéh aya tambalan.

Senin, 04 Februari 2013

Sajak

INDUNG

Mun nyawang mangsa ka tukang
Na ciciptan
nyangkaruk pinuh kareueus
ka indung nu bumela
ti mangsa ngakandung
salapan bulan landung
sanajan pinuh kabingung
indung mah henteu pundung