INDUNG
Mun nyawang mangsa ka tukang
Na ciciptan
nyangkaruk pinuh kareueus
ka indung nu bumela
ti mangsa ngakandung
salapan bulan landung
sanajan pinuh kabingung
indung mah henteu pundung
Senin, 04 Februari 2013
Selasa, 29 Januari 2013
Soal UTS Basa Sunda IX sem 1
SOAL ULANGAN TENGAH SEMESTER GANJIL
Sekolah : SMPN 1 Cingambul
Mata
pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : IX
Waktu : 90 menit
Baca sajak ieu kalawan taliti!
AL-QUR’AN
Qur’an firman Pangéran
Dilungsurkeun sasih Ramadhan
Eusina pituduh jeung pangajaran
Pikeun ngajak kana kaimanan jeung kasabaran
Ayat nu suci tur mulya
Jadi saksi umat manusa
Di saantero alam marcapada
Nu ngagimbung pinuh ku dosa
Bukti sareng jangji Pangéran
Kaunggel dina ayat-ayat Al-Qur’an
Sanés jangji nu tacan kaciri
Tapi pakta anu tétéla nyata
Al-Qur’an salah sahiji cara
Sangkan manusa ngajauhan tina
dosa
Lamun yakin kana eusina
Pinasti jadi ahli sawarga
SISINDIRAN
1. Mésér bubur ka Cihaur
Jalanna mapay Cigowong
Ka batur mah nitah jujur
Soranganna purah bohong
2. Manuk piit jeung tikukur
Disamberan
ku japati
Mun nu alit resep syukur
Bakal diasih ku Gusti
3. Momotoran sisi jalan
Ngaliwat ka sasak
saat
Lamun urang ngaku
iman
Ulah poho kana
sholat
4. Ka Jakarta meuli sénter
Mésérna caket jalan tol
Lamun urang hayang pinter
Diajarna kudu getol
5. Lamun rék
néangan batu
Kudu nu warnana
coklat
Mun rék
néangan minantu
Kudu kanu rajin
sholat
6. Ka Ciamis meuli nangka
Ngaliwatan Panawangan
Neng Geulis teh nu ti mana
Abdi mah hoyong nepangan
7. Ti Cikijing ka Cirawa
Meser dukuh jeung pisitan
Henteu jingjing henteu bawa
Da puguh ti pasisian
8. Wayang mana wayang mana
Wayang Wisnu pangsisina
Hayang mana hayang mana
Hayang nu ipis kumisna
9. Panyingkiran Jatitujuh
Ngaliwatan Sasakbeureum
Pipikiran teu paruguh
Ngemutan nu acuk beureum
10. Asa hoyong angeun waluh
Angeun waluh dirantangan
Asa hoyong geura wawuh
Geus wawuh rek dianjangan
NASKAH MACA WARTA BASA SUNDA
Assalamu’alaikum
war.wab.
Sampurasun!
Wilujeng
tepang sareng... dina warta siang.
Warta-warta
penting nu seja didugikeun diantawisna:
1. Kagiatan
Milangkala Kabupaten Majalengka ka- 623
2. Kagiatan
Milangkala PGRI ka- 67
Warta salengkepna.
Warta
kahiji, Milangkala Kabupaten Majalengka ka- 623
Salasa,
17 Juni 2012, Masarakat Kabupaten
Majalengka nu ngawengku sadaya lapisan masyarakat kayaning paraguru, sakumna
PNS, aparatur pamarentahan desa, aparatur pamarentahan kacamatan, instansi-instansi
nu aya sabudeureun Kabupaten Majalengka, parainohong, organisasi pamuda, jeung
lian-lianna ngayakeun rupaning kagiatan dina raraga milangkala Kabupaten
Majalengka nu ka 623. Kagiatan utama nu dilaksanakeun nyaeta jalan santey nu
langsung diluluguan ku Bapa H.
Sutrisno salaku Bupati Majalengka.
Senin, 28 Januari 2013
Ubar Tradisional Asam Urat jeung Rematik
Asam urat jeung rematik teh salah sahiji kasakit anu sering
dirasakeun ku anu asam urat dina awakna leuwih teuing. Loba obat tradisional nu sok dipake pikeun ngubaran eta kasakit. Eta hal the
lantaran obat tradisional leuwih aman sarta teu nimbulkeun efek samping. ”Ubar asam urat
jeung rematik biasana ngagunakeun
obat modern. Tapi, teu saeutik, ubar modern justru nimbulkeun akibat mangrupa gangguan
kana lambung. Ku kituna, teu salah upama urang ngagunakeun obat tradisional
rematik dan asam urat,” ceuk Ning Harmanto, terapis obat tradisional.
BAHAN KULTUM (DUIT SAJUTA)
BAHAN KULTUM
DUIT SAJUTA
(DU’A, USAHA, IMAN, TAQWA, SABAR,
JUJUR, TAWAKAL)
Ibu rumah tangga bakal
ngaraos tenang lamun ngadaduhan duit sajuta. Resiko dapur moal kurat karet.
Rencang sangu sabulaneun mah sigana bakal kagaleuh, moal kudu nganjuk
ngahutang.
Pon kitu, Manah/hate
bakal ngarasa tengtrem, ayem, tumaninah lamun dina diri urang ngagaduhan
tabeat, sipat, kadaek nu mangrupa duit
sajuta.
DUIT SAJUTA teh akronim atawa pondokna tina du’a, usaha, iman, taqwa,
sabar, jujur, tawakal.
D – Du’a : mangrupa
usaha batiniah. Urang diparentah pikeun menta ka Alloh margi mantenna maha
beunghar, maha ngadangu, maha uninga kana kaperyogian urang. (Ud’uunii
astajiblakum), prak menta ka kami, kami nu bakal ngaijabahna . oamt ulah menta
ka salian ti Alloh, margi kalebet pagawean syirik, nu pasti bakal nyilakakeun
dunya aherat.
Minggu, 27 Januari 2013
KECAP RAJEKAN
Dina paguneman sapopoe urang sering ngedalkeun kecap-kecap saperti ieu di handap:
1. tatajong, babanda, totoker, ciciwit, gagaro, jeung sajabana
2. guru-guru, aki-aki, nini-nini, murid-murid, jeung sajabana
3. bulak-balik, tual-toel, pucak-pacok, larak-lirik, jeung sajabana
4. dar der dor, blag blig blug, jeung sajabana.
Kecap-kecap nu ditataan bieu lamun ditaliti kalawan imeut breh wae aya engang anu dibalikan deui dua kali atawa leuwih boh sabagian boh sagemblengna. Eta kecap teh dina tata basa Sunda disebut kecap rajekan.
1. tatajong, babanda, totoker, ciciwit, gagaro, jeung sajabana
2. guru-guru, aki-aki, nini-nini, murid-murid, jeung sajabana
3. bulak-balik, tual-toel, pucak-pacok, larak-lirik, jeung sajabana
4. dar der dor, blag blig blug, jeung sajabana.
Kecap-kecap nu ditataan bieu lamun ditaliti kalawan imeut breh wae aya engang anu dibalikan deui dua kali atawa leuwih boh sabagian boh sagemblengna. Eta kecap teh dina tata basa Sunda disebut kecap rajekan.
Langganan:
Postingan (Atom)