SOAL ULANGAN TENGAH SEMESTER GANJIL
Sekolah : SMPN 1 Cingambul
Mata
pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : IX
Waktu : 90 menit
Baca sajak ieu kalawan taliti!
AL-QUR’AN
Qur’an firman Pangéran
Dilungsurkeun sasih Ramadhan
Eusina pituduh jeung pangajaran
Pikeun ngajak kana kaimanan jeung kasabaran
Ayat nu suci tur mulya
Jadi saksi umat manusa
Di saantero alam marcapada
Nu ngagimbung pinuh ku dosa
Bukti sareng jangji Pangéran
Kaunggel dina ayat-ayat Al-Qur’an
Sanés jangji nu tacan kaciri
Tapi pakta anu tétéla nyata
Al-Qur’an salah sahiji cara
Sangkan manusa ngajauhan tina
dosa
Lamun yakin kana eusina
I. PILIHAN GANDA
Pilih jawaban nu pangbenerna !
1.
Dumasar kana eusi
sajak dina pada kahiji yen Al-Qur’an dilungsurkeun …
a. sasih sawal b.
sasih anu mulya c. sasih
ramadan d. sasih Muharam
2.
Eusi Al-Qur’an teh nyaéta saperti ieu di handap, iwal…
a. pituduh b.
pangajaran c. sajarah d. dongeng
3.
Dina pada (bait
kaopat), naon tujuan dilungsurkeun Al-Qur’an ?
a. manusa ngajauhan tina dosa b. manusa ménta dihampura
c. manusa asup sorga d. manusa
loba dosa
4.
Dumasar kana eusi
sajak di luhur, manusa bakal asup sorga lamun ….
a.
Daek maca Qur’an b. resep kana Qur’an c. yakin kana eusi Qur’an d.
meuli Qur’an
Salajengna, hotib wasiat hususna ka diri pribadi umumna ka
hasidin rohimakumulloh, sumangga urang ronjatkeun kataqwaan ka Alloh swt, margi
mung ku taqwa urang tiasa ngahontal kasalametan di dunya sareng aherat.
Manusa aya hargana lamun miboga élmu sanajan miskin. Kitu deui manusa jadi terhormat
lantaran boga elmu. Lamun teu boga élmu, naon
hargana hirup urang, sabab henteu aya bédana
jeung sato.
Imam Syafi’i ngadawuh : “Hirup manusa atawa hiji pamuda,
nyaéta ku élmu jeung taqwa.”
Lamun elmu jeung taqwa teu aya dina diri manusa, mangka hirupna moal aya hartina.
Kukituna hayu urang tungtut élmu. Sing getol hadir di majlis élmu.
Seueur pisan pahlana pikeun jalmi nu resep nungtut elmu.
Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Dina haditsna: “Diukna anjeun
dina majlis élmu sanajan sakeudeung,
sanajan teu nyabak kalam-kalam acan, sanajan teu nulis sahurup-hurup acan, maka
éta geus leuwih hade tibatan
ngamedikakeun sarébu budak beulian.”
Anjeunna ogé ngadawuh,
hiji jalma disebut sial upama dina éta poé teu nambahan élmuna.
“Lamun datang ka kaula hiji poé anu teu nambah élmu,
mangka kaula nganggap éta poé-poé sial, henteu
aya berekahna.”
5.
Nu kaasup rukun hutbah
nyaéta …
a. maca hadits b.
diuk c.
maca basa Arab d. wasiat taqwa
6.
Manusa bakal luhur
darajatna dina pandangan Alloh lamun …
a. loba élmu b. loba harta c. luhur pangkat d. gede kawani
7.
Akibat lamun jalma nu
teu boga élmu nyaéta…
a. hirup moal aya hartina b. miskin
harta
c. teu boga wibawa d. dihina ku
papada jalma
8.
Kudu kumaha lamun
urang hayang loba élmu ?
a. teu kudu sakola b. daék hadir ka majlis élmu
c. sering meuli Koran d. langganan
majalah
9.
Naon nu nyababkeun
ibadah Jum’ah hiji jalma teu ditarima ?
a. bajuna batik b.
ngobrol c. teu
dikopéah d.
maké calana panjang
10.
Ieu di handap mana
kecap nu asalna tina basa Arab?
a. datang b.
sholat c.
mangkat d.
istirahat
11.
Dina surat resmi nu
kaasup kana kop surat
nyaéta…
a. logo b.
pangirim surat c.
nomer jeung hal d. tembusan surat
12.
Dines henteuna hiji surat ditangtukeun ku …
a. nu ngirimkeun surat b. amplop c.
keretas surat d.
eusi surat
Nomer :
025/OSIS/U/2012
Lampiran :
-
Perkawis :
ULEMAN GEMPUNGAN
Kahatur
Pangurus OSIS SMPN 1 Sukamaju
Di Sukamaju
13.
Bagian tina surat di luhur kaasup
kana …
a. eusi surat b. hulu surat c. bubuka surat d. panutup surat
Ku
kituna sim kuring ngulem sadaya pangurus supados tiasa ngaluuhan éta gempungan.
14.
Ditilik tina eusina, éta bagian surat kaasup kana …
a. eusi surat b. hulu surat c. bubuka surat d. panutup surat
15.
Saha nu ngamimitian
ngabédakeun istilah tembang Sunda ?
a. Sacadibrata b.
Anggakusuma c. R.H. Hasan
Mustapa d. MA. Salmun
16.
Ieu di handap pupuh nu
kaasup kana sekar ageung nyaéta …
a. Balakbak b.
Ladrang c.
Maskumambang d. Sinom
17.
Mana ieu guru lagu
jeung guru wilangan di handap nu nuduhkeun patokan pupuh Kinanti ?
a. 8-a, 7-a, 8-u, 8-a, 8-I, 8-I b. 8-a, 8-a, 8-u, 8-a, 8-i, 8-i
c. 8-a, 8-i, 8-u, 8-a, 8-I, 8-I d. 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
18.
Watek Pupuh Balakbak
nyaéta …
a. gumbira b.
sedih c.
sumanget d. prihatin
Mun
nyawang ka tebéh wétan 8
– a
Gunung
Ciremai ku asri 8
– i
Ngabedega
mungguh gagah 8
– a
Matak
resep nu ningali 8
– i
Tanda
Agungna Gusti 7
– i
Alloh
anu Maha Luhung 8
– u
Murba
sadaya alam 7
– a
Bumi
langit sapangeusi 8
– i
Ka
manten-Na kedah muji sadayana 12
– a
19.
Rumpaka di luhur
ngagunakeun patokan pupuh …
a. Kinanti b.
Sinom c.
Dangdanggula d. Asmarandana
20.
Eusi rumpaka pupuh di
luhur nerangkeun ngeunaan …
a. Kaayaan Majalengka b.
Kaayaan gunung-gunung
c. Kaayaan Gunung Ciremai d.
Kakayaan Majalengka
21.
Resep ka Néng Wulan mah sanajan beunghar ogé henteu...
a. Amis
daging c.
panjang leungeun
b. Héjo
tihang d.
gédé hulu
22.
Ka jalma anu ... moal aya nu resepeun.
a. Amis
budi c.
Hampang birit
b. Gédé
hulu d.
ipis biwir
23.
Kadé mun aya si Eta ma kudu ati-ati da ... sok nyokot
barang batur.
a. Hejo
tihang c.
beurat birit
b. Hampang
leungeun d.
panjang leungeun
24. Jang
Marjan mah ... teu kaop kakeureut sok jadi borok.
a. Amis
budi c.
amis daging
b. Pait
daging d.
haseum budi
25. Jadi
jalma ulah sok ... sing boga pamadegan atuh!
a. Buntut
kasiran c.
ngabuntut bangkong
b. Tuturut
munding d.
ceuli lentaheun
26.
Kalimah ieu di handap
nu ngagunakeun gaya basa rarahulan nyaeta….
a.
Saantéro eusi jagat bakal surti.
b.
Hapunten, putra ibu téh kirang dina matematika
téh.
c.
Ah, saung abdi mah ukur saageung pelok.
d.
Pantes rék dipikangéwa oge da manéh mah gedé hulu.
27.
Mana kalimah anu
ngagunakeun gaya basa ngasor?
a.
Manéhna ngajerit maratan langit basa bapana
maot.
b.
Punten, pangnungtunkeun Pun Aki, tos kirang
titingalanana.
c.
Abdi mah ngaos téh masih diajar alip-alipan kénéh.
d.
Paingan loba kukupu, sihoreng di dieu téh aya malati
nu sumedeng mekar..
28.
Pilih kalimah nu
ngagunakeun gaya basa rautan
a.
Di kota mah
loba gedong nu jujul ka langit.
b.
Hapunten, putra ibu téh kirang dina matematika
téh.
c.
Ah, sawah abdi mah ukur satapak peucang.
d.
Pantes rék dipikangéwa oge da manéh mah panjang leungeun.
29. Kecap
ieu di handap ngagunakeun rarangken hareup ting- sarta anu ngandung harti loba
nu migawéna nyaeta…
a.
Tinggorowok b. tinggurilap c.
tingburinyay d. tingjeleger
30. Pilih
kecap rundayan anu ngandung harti loba atawa sering/tuluy tumuluy.
a.
Tinggurilap b.
patingkoceak c. tingjarerit d. tingalasruk
31. Anu
keur laleumpang ... basa nénjo aya nu katabrak téh.
a.
Tingkorejat b.
tingjarungkel c. patingaraduh d. tingjarerit
32. Saréréa
bungah, iwal nu duaan ngan... baé sabab teu lulus.
a.
Tingcakakak b.
tingharuleng c. tinggorowok d. patingcalengir
33. Bagian tina
naskah drama anu eusina mangrupa gambaran eusi sarta ditepikeun dina bubuka
disebut….
a. dialog b. epilog c. prolog d.
monolog
“ Udin! Silaing dititah nyieun ondangan ku
déwék, di mana silaing nyieun ondangan ieu ? ”
“ Di Si Ték An, Gan.. réréncangan abdi.”
34. Ungkara bieu
mangrupa bagian tina naskah drama nu disebut….
a. dialog b. épilog c. prolog d.
monolog
35. Bagian tina
naskah drama nu ditulis dina bagian panutup disebut….
a. dialog b. epilog c. prolog d. monolog
36. Eusi drama
anu pikaseurieun sarta miboga tujuan sangkan panongton ngarasa bungah kaasup
kana drama….
a. Drama
suara b. drama komédi c. drama tragédi d. dramatisasi
37. Kecap
panganteur nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah “Méh ... poé, Susan mah sok
maca di perpustakaan.” nyaéta…
a.
ogé b.
mah c. téa d. unggal
38. “...
di kampung ... di kota geus lumrah laptop mah.” Kecap panyambung papasangan anu
luyu pikeun ngalengkepan kalimah nyaéta….
a.
lain; tapi b.
boh; boh c. lain; boh d. boh; lain
39. Karangan
wangun lancaran anu caritana relatif pondok. Eusina leuwih nyoko kana kahirupan
manusa sapopoé, disebut…
a.
Novel b.
sajak c. drama d. carpon
40. Mun ditilik tina unsur-unsurna, nu kaasup kana
ciri carita pondok, nyaéta…
a.
galurna teu ngarancabang c.
palakuna loba
b.
tempat jeung waktu kajadianana loba d. eusina nyaritakeun kajadian anu
pamohalan
II. ESSAY
1.
Lengkepan tabél di handap ku kecap asal jeung kecap rundayan !
No.
|
Rarangkén
|
Kecap asal
|
Kecap Rundayan
|
1.
|
di-
|
||
2.
|
Ka-
|
||
3.
|
-eun
|
||
4.
|
-na
|
||
5.
|
-ar-
|
||
6.
|
-al-
|
||
7.
|
Pang-keun
|
||
8.
|
Sa-eun
|
||
9.
|
Nasal
– an
|
||
10.
|
Nasal
– keun
|
2.
Jieun kalimah maké kecap : a. dialungkeun; b. mangmeulikeun !
3.
Jieun 2 kalimah nu
ngagunakeun gaya
basa ngasor !
4.
Jieun 2 kalimah nu
ngagunakeun gaya
basa rautan !
5.
Jieun kalimah tina
kecap-kecap : élmu, imam, sholat, jeung ibadah!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar